Cuka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cuka apel

Cuka nyaéta bahan éncér anu digolongkeun kana sanyawa asam lemah. [1] Rumus kimia pikeun cuka téh CH, COOH.[1] Cuka boga ngaran séjén tayalian asam asétat, éta mindeng digunakeun salaku bahan tambahan pikeun méré rasa haseum kana olahan kadaharan.[1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Cuka mibanda ciri saperti:

  1. Ieu cairan teu warnaan (hérang)
  2. Digolongkeun kana asam lemah
  3. Rasana haseum
  4. Gampang leyur dina cai
  5. Cuka ngagaduhan bau haseum anu teu pikaresepeun, Ulah ngangseu bau cuka langsung sabab bahaya!
  6. Babari bereaksi jeung basa kuat nu ngahasilkeun uyah basa, saperti jeung basa NaOH baris ngahasilkeun uyah Natrium Asétat .[1]

Guna jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Cuka dipaké pikeun rupa-rupa kagunaan, utamana nyampuran olahan kayaning: sayur asem , acar, soto, lauk anu diolah rasa amis haseum, manisan haseum, capcay, baso, jeung réa-réa deui. [2]

Sababaraha inuman ogé remen maké campuran ieu cuka, waktu ferméntasi anu lila ngamungkinkeun akumulasi komponén non- toksik diwangun ku sababaraha baktéri asam asetat jeung selulosa leyur, anu katelah "mother of vinegar". [2]

Sedengkeun dina métode férméntasi gancang, aya anu ditambahkeun kana "mother of vinegar" tayalian baktéri ka jero bahan anu baris di férméntasi sarta dituluykeun nambahkeun hawa pikeun ngabantu sangkan férméntasi lumangsung gancang. Dina ieu métode gancang, ngan mikabutuh 20 jam nepika 3 poé. [2]

Cuka ogé bisa dipaké pikeun ngawétkeun sayuran atawa buah sabab sipatna anu haseum, cuka bisa digunakeun pikeun ngajaga kelir buah jeung sayur tetep seger moal leumpeuh alatan ayana oksidasi . [2]

Sipat haseum cuka ogé bisa dimangpaatkeun pikeun meresihan kerak dina katél, malahan cuka bisa digunakeun dina urusan kaséhatan, kayaning ngubaran inféksi baktéri jeung supa, nyeri sirah, nyeri tikoro, bau awak, sarta gangguan padaharan, sisidueun, ngaleungitkeun totombé, diseureud éngang, malah ceuk urang Cina mah bisa hasiat sangkan panjang umur. [2][3]

Rupa-rupa Cuka[édit | édit sumber]

Dumasar kana bahan dijieunna, cuka pikeun olahan kadaharan dibédakeun kana:

  1. Cuka béas, ieu cuka asalna ti Cina ku kituna ieu cuka sok disebut Chinese vinegar. Cuka béas bisa mibanda kelir beureum, bodas atawa hideung. Cuka kawas kieu di Jepang disebutna Su. Cuka anu pang lobana dipaké téh cuka bodas, utamana mangrupa flavoring panambah rasa dina rupa-rupa sop, saos shusi (Jepang) kitu deui saos salad. Cuka béas beureum, kelirna di Cina remen maké kelir buatan/pewarna makanan. Cuka béas hideung dijieun tina béas ketan hideung ferméntasi jeung bahan séjén. Rasana teu pati haseum tibatan cuka béas nu loba dipaké dina masakan Cina, biasana dipaké dina masakan tumis atawa salaku saos cocolan pikeun asakan digoréng.
  2. Cuka apel (cider vinegar) Asalna tina apel, sarta loba dipaké dina pasakan urang kulon/Barat. Kelirna konéng semu coklat. Ilaharna dijual dina kaayaan teu disaring teu dipasteurisasi heula jadi aya kénéh dedekna/ "mother of vinegar" atawa bakteri acetobacterna. Rasana haseum pisan, matak saméméh dipaké kudu di éncér keun heula. [2]
  3. Cuka kawung asalna tina lahang kawung . Rasana haseum pisan tapi ngeunah. Kelirna bodas kiruh sarta semu konéng. Dipaké pikeun méré rasa haseum kana asinan, utamana asinan Betawi atawa acar. Saméméh dipaké kudu diéncérkeun heula.[2]
  4. Cuka limau/limo Dijieun tina jeruk Limo atawa jeruk nipis . Mibanda rasa haseum seger jeung kaangseu seungit jeruk. Dipaké pikeun nguatkeun rasa pasakan anu aya kuahna kayaning soto, baso, sop, jeung sajabana. Bisa langsung dipaké henteu kungsi di éncér keun heula. [2]
  5. Cuka anggur (beureum atawa bodas)
  6. Cuka masak , tayalian cuka kimiawi atawa sintétis mibanda rasa haseum anu kuat. Cuka ieu paling loba di jual di pasar. Loba dipaké dina sagala rupa pasakan atawa pikeun ngawétkeun dahareun. Éta kedah diéncér heuka sateuacan dianggo.

[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Cuka geus dipikawanoh ti saprak rébuan taun ka tukang.[3] Baheula jalma-jalma henteu kedah ngadamel, sabab bahan ieu sabenerna jadi ku sorangan. Dimana waé aya saeutik gula atawa alkohol, duka ti mana datangna éta cuka ujug-ujug aya.[3] Ahli kimia nyebutkeun yén cuka téh asam asetat anu leyur dina cai, mun urang boga anggapan yén éta téh alkohol anu leyur dina cai meureun sarua waé. [3]

Aya dua léngkah dina réaksi kimia dina ngahasilkeun cuka:

  1. Gula leupas ngajadi etil alkohol jeung gas karbon dioksida.
  2. Etil alkohol kaoksidasi ngawujud asam asetat.

Parobahan ka hiji disebut ferméntasi, tayalian anu ngahasilkeun anggur (wine) tina gula buah anggur (grape) kitu ogé dina rupa-rupa inuman anu aya alkoholan séjén tina rupa-rupa karbohidrat masing-masing akibat ayana énzim-énzim tina ragi atawa baktéri. Parobahan anu ka dua, baktéri anu dipikanyaho ngarana Acetobacter aceti ngagampilkeun alkohol bereaksi jeung oksigén dina hawa pikeun ngajadi asam asetat. Sanajan henteu aya Acetobacter anggur ogé Anger bisa kaoksidasi, satuluyna ngajadi asam, ngan waé prosés seperti kieu perlu waktu lila.[3]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Perubahaan Sifat Benda. Indonésia: PT Balai Pustaka (PERSERO). 2012. p. 48. ISBN 9789792264609.  Disungsi1 Peb 2022
  2. a b c d e f g h i Garjito, Murdijati (2013). Perubahaan Sifat BendaGarjito. Indonésia: Gramedia Pustaka Utama. pp. 68–69. ISBN 9789792293623.  Disungsi1 Peb 2022
  3. a b c d e Wolke, Robert L. (2005). Kalo Einstein jadi koki: sains di balik urusan dapuWolke. Indonésia: Gramedia Pustaka Utama. pp. 128–129. ISBN 9789792212839.  Disungsi1 Peb 2022