Lompat ke isi

Lahang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyadap tangkal kawung

Lahang nyaéta cai beunang nyadap tina dahan mayang tangkal kalapa atawa tangkal kawung.[1][2] Lahang bisa langsung diinum ogé diolah pikeun nyieun gula beureum atawa cuka.[3][4] Lahang dina basa Jawa disebut legen, di Pilipina disebut tuba, di Malaysia, di Sri Langka jeung India disebut toddy.[5][6]


Pedaran

[édit | édit sumber]

Cai lahang diarah ku jalan disadap tina mayang (kembang) anu diteukteuk palebah puhuna, cai lahang anu nyakclakan ditandéan maké wadah anu disebut lodong.[7]

Mayang aya dua rupa : mayang baris pibuaheun (diantep sangkan jadi buah) jeung mayang anu baris diarah lahangna (kudu disiapkeun heula saméméhna) taya lian dijieun tarajé sangkan gampil mangsa naék, dahan mayang (manggar) saméméh diteukteuk dipékprékan heula sangkan eupeur pikeun ngalancarkeun turunna cai lahang.[3]

Nyadap lahang dina sapoé dilakukeun dua kali (isuk jeung soré).[8] Dina satangkal ngahasilkeun lahang 1,75 léter, loba jeung saeutik lahang beunang nyadap téh gumantung kana usum jeung umur tina tangkal anu disadap, mangsa usum hujan bebeunangan lahang ilaharna leuwih loba kitu deui tangkal anu umurna ngora kénéh beubeunangan lahang leuwih punjul ti batan tangkal anu kolot.[8]

Dina 100 ml lahang kalapa seger mibanda sababaraha rupa kandungan kimia :

  1. Sukrosa 15,20 - 19,70
  2. Protéin 0,23 - 0,32
  3. Vitamin C 16,00 - 30,00 [5]
Cai lahang dina gelas

Mangpaat jeung kagunaan

[édit | édit sumber]

Kandungan kimia anu aya dina cai lahang ieu mibanda kagunaan pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik), ngubaran bunghak, miceun waé, jeung sariawan.[8]

Lahang taya lian bahan pikeun nyieun gula beureum, cai lahang digolakeun nepi ka kuled (kurnag leuwih 4 jam); tuluy diparinkeun kana citakan (tina awi atawa batok kalapa), diantepkeun sangkan tiis tur ngabatu (kurang leuwih dua jam).[8] Sakilo gula beureum mikabutuh cai lahang 7 léter atawa rendemen 14%.[8] Lahang beunang nyadap anu ngahaja diteundeun (henteu digodog) bakal jadi lahang bari anu mibanda alkohol, ieu dimangpaatkeun pikeun nyieun cuka ogé pikeun ngabekukeun geutah karét anu tadina éncér jadi ngagéblég.[3]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 281. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 17 April 2021. 
  2. Setyamidjaja, Djoehana; - (1999), Bertanam Kelapa, Kanisius, ISBN 979-413-391-3 Check |isbn= value (bantuan) 
  3. a b c Sitepoe, Mangku; Ariobimo Nusantara, Dini Andarnuswari (2008). Corat-coret anak desa berprofesi ganda. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. 
  4. Padjajaran, Universitas; - (2011), Identifikasi permasalahan kebudayaan Sunda: masa lalu, masa kini, dan masa yang akan datang, Kerjasama Pusat Kajian Lintas Budaya, Fakultas Sastra, Universitas Padjadjaran dengan Kementerian Kebudayaan dan Pariwisata 
  5. a b Budi Santoso, Hieronymus (1995). Pembuatan gula kelapa. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 979-497-025-5. 
  6. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  7. Herayati, Yetti; Nia Masnia, Titi Haryanti (1993). Makanan: Wujud, Variasi dan Fungsinya Serta Cara Penyajiannya Pada Orang Sunda Di Jawa Barat. Bandung: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  8. a b c d e AgroMedia, Redaksi (2008). Buku pintar tanaman obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: PT Agromedia Pustaka. ISBN 070-006-194-3 Check |isbn= value (bantuan). 

Daftar pustaka

[édit | édit sumber]