Manisan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Manisan Pala

Manisan nyaéta bungbuahan anu diawetkeun ku gula.[1] Kadar gula anu luhung dina manisan, sajaba pikeun méré rasa amis, ogé pikeun nyingkahan tumuwuhna mikroorganisme (suweng, kapang).[1] Dina prosés nyieun manisan ogé maké cai uyah jeung cai kapur pikeun mertahankeun tekstur sarta ngaleungitkeun rasa ateul dina bungbuahan.[1]
Aya dua rupa olahan manisan, nyaéta manisan baseuh sarta manisan garing.[2] Manisan baseuh nyaéta manisan hasil nuuskeun tina larutan gula, sedengkeun manisan garing nyaéta manisan baseuh anu dipurulukan gula tuluy dipoé nepi ka garing.[2] Bungbuahan anu biasa dipaké pikeun nyieun manisan baseuh nyaéta jenis bungbuahan anu teuas, kawas pala, buah, kadongdong, cangkaléng, jeung réa-réa deui.[2] Sedengkeun bungbuahan]] anu biasa dipaké pikeun nyieun manisan garing nyaéta jenis bungbuahan anu beyé kawas gedang, sirsak, jeung réa-réa deui.[2] Manisan garing leuwih awét batan manisan baseuh, sabab kandungan caina leuwih saeutik tur kandungan gulana leuwih loba.[2]
Manisan rasana seger tur bisa nyingkahan haus nalika hawa panas, sarta cocog didahar iraha waé.[3] Bahan dasar manisan nyaéta bungbuahan, bisa buah kadongdong, buah, cereme, sarta gedang.[3] Bisa ogé dijieun sajaba ti bungbuahan nyaéta jahé jeung daun gedang.[3] Manisan mangrupa salah sahiji padika dina ngawetkeun produk bungbuahan anu mimiti kapanggih, ngagunakeun gula, ku cara ngeueum sarta ngagodogkeun bungbuahan dina madu.[3]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c Manisan Buah-buahan Archived 2012-06-16 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 20 Oktober 2011)
  2. a b c d e Manisan Buah[tumbu nonaktif] (id) (Diakses ping 20 Oktober)
  3. a b c d Artikel Manisan[tumbu nonaktif] (id) (Diakses ping 20 Oktober 2011)