Sirsak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sirsak
Dahan tangkal sirsak nu ngagantung kembang jeun buahna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Order: Magnoliales
Kulawarga: Annonaceae
Génus: Annona
Spésiés: A. muricata
Ngaran binomial
Annona muricata
L.[1]

Sirsak nya éta salasahiji buah anu asalna ti Karibia, Amerika Tengah jeung Amerika Kidul. Ngaran sirsak asalna tina basa Walanda: zuurzak anu hartina kantong haseum. Sirsak didatangkeun ku pamaréntah Hindia-Walanda ka Nusantara, nyaéta dina abad ka-19, sanajan asalna lain ti Eropa.

Sirsak nu dipelak pikeun tujuan komérsial biasana nu dimangpaatkeunana téh nyaéta buahna. Jangkung tangkal sirsak bisa ngahontal kana 9 meter. Buah sirsak remen digunakeun pikeun bahan jus jeung és krim. Dina buah sirsak loba gizi anu mangpaat pikeun awak kayaning karbohidrat, (utamana fruktosa), vitamin C, vitamin B1 jeung vitamin B2. Dina siki sirsak aya racun anu bisa digunakeun minangka inséktisida alami.

Déskripsi[édit | sunting sumber]

Tangkal
Wangun tangkal sirsak mah leutik, nanjeur, bisa tumuwuh paling pendék 4 meter.[2][3]
Dahan jeung daun
Dahan-dahan anu ngarora mah baruluan.[3]
Bentuk daunna aya nu lonjong aya ogé anu buleud, panjang jaunna antara 8 cm nika 16 cm jeung lébarna 3 cm nika 7 cm. Warna daunna héjo kolot ngagenclang limit.[3]
Panjang palapah daunna kira-kira 4 miliméter nika 13 miliméter tur euweuh buluan.[3]
Kembang
Panjang palapah kembangna mah + 2 miliméter nika 5 miliméter. Bijilna kembang téh pajiin-jiin jeung daun atawa ogé jadi tambahan tina deukeut palapah daun, masing-masing régang umumna tumuwuh hiji atawa dua kembang, kadang-kadang mah tilu.[3]
Palapah kembang nu mandiri (régang) tur kuat, umumna buluan jeung panjangna gé antara 15 miliméter nika 20 milimeter jeung aya gelang leutik geukeut dadasarna anu padét tur buluan téh.[3]
Buah jeung réproduksi
Warna buahna héjo kolot, cucukan (atawa buluan) wangunna lonjong jeung panjangna bisa nika 30 cm,[3] rasana angot[4] buahna caian, haseum, warna dagingna kabodas-bodasan[4] sarta seungit kaambeuna.[3]
Sikina réa[4] beurat rata-rata tina 1.000 bibit sikina téh + 470 gram tur ngandung minyak + 24%.[5] Nalika digaringkeun salila 3 poé dina suhu 60°C + beuratna téh jadi 322 gram sarta toléran tina ékstraksi kalembapan; éta téh nandakeun yén moal masalah mun diengkeun dina jangka lila dina kondisi nu wajar.[6]

Taksonomi[édit | sunting sumber]

Sinonim[édit | sunting sumber]

Ngaran Vernakular[édit | sunting sumber]

Di unggal wewengkon buah sirsak miboga ngaran vernakular (ngaran lokal) anu béda-béda. Diantarana nyaéta[10]:

Wewengkon Ngaran Lokal
Indonésia Nangka sebrang (Jawa), Nangka landa (Jawa), Nangka walanda (Sunda), Sirsak (Sunda), Nangka buris (Madura), Srikaya jawa (Bali), Deureuyan belanda (Acéh), Durio ulondro (Nias), Durian betawi (Minangkabau), Jambu landa'' (Lampung)
Inggris Brazilian pawpaw, Prickly custard apple, Soursap (Sierra Leone), Soursapi (Sierra Leone), Soursop
Perancis Cachiman épineux, Corossol (Antilles), Corossolier, Corossol épineux, Sapotille
Jepang トゲバンレイシ / Toge banreishi
Jérman Sauersack, Stachelannone, Stachel-Annone
Kamboja Tiep banla, Tiep barang
Laos Khanthalot, Khièp thét
Malaysia Durian belanda (Malaysia), Durian makkah (Malaysia), Durian salat (Brunéi)
Perancis Cachiman épineux, Corossol (Antilles), Corossolier, Corossol épineux, Sapotille
Pilipina Guayabano, Guyabano, Yabana
Portugis Araticum, Araticum-do-grande (Brazil), Cabeça-de-negro (Brazil), Graviola (Brazil), Guanabano (Brazil), Coração-da-rainha (Brazil), Condessa (Brazil), Jaca-do-pará (Brazil), Jaca-de-pobre (Brazil), Fruta-do-conde (Brazil), Pinha, Pinha azeda
Rusia Аннона муриката / Annona murikata
Spanyol Catuche (Karibia, Meksiko, Vénézuéla), Guanaba (Guatemala), Guanábana (Cuba, Puerto Rico, Républik Dominika), Guanábano, Zapote agrio
Thailand มะทุเรียน / Ma thurian,  ทุเรียนแขก / Thurian  khaek,   ทุเรียนเทศ / Thurian thet
Tiongkok 刺果番荔枝 / Ci guo fan li zhi
Viétnam Mang cân xiem, Mang câù xiê
Walanda Zuurzak

Mangpaat Buah Sirsak[édit | sunting sumber]

Ti baheula, buah sirsak geus dimangpaatkeun minangka ubar hérbal anu mangpaatna téh ngubaran mangrupa-rupa panyakit, buah jeung daunna geus kacicda kasohor hasiatna. Bagéan sirsak anu minangpaat pikeun ubar kanker nyaéta dahan, daun, ogé buahna. Sirsak téh geus ditalungtik yén bisa ngubaran kanker usus gedé (kolon), kanker paru-paru, kanker pankréas, kanker prostat, ogé kanker pinareup.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. "Annona muricata information from NPGS/GRIN". www.ars-grin.gov. Diakses pada 14 April 2015. 
  2. EEB Greenhouse Staff, University of Connecticut. "Annona muricata L.". Ecology & Evolutionary Biology Greenhouses. Ecology & Evolutionary Biology Greenhouses. Diakses pada 14 April 2015. "crfg" 
  3. a b c d e f g h Flora of North America. "Annona muricata L.,". Flora of Pakistan 20.
  4. a b c Pacific Island Ecosystems at Risk (PIER). "Result set for: Annonaceae Annona muricata". PIER species lists. United States Geological Survey & United States Forest Service. Diarsipkan dari yang asli pada 12 Méi 2008. Diakses pada 14 April 2015. "Stone, Benjamin C. 1970. The flora of Guam. Micronesica 6:1–659" 
  5. Royal Botanic Gardens, Kew (1994) [1984]. "Seed Information Database Search Results". Seed Information Database. Board of Trustees of the Royal Botanic Gardens, Kew. Diakses pada 14 April 2015. 
  6. Royal Botanic Gardens, Kew (2005). "Seed Information Database Search Results". Seed Information Database. Board of Trustees of the Royal Botanic Gardens, Kew. Diakses pada 14 April 2015. 
  7. http://www.rain-tree.com/Graviola-Monograph.pdf
  8. Annona muricata
  9. "Annona muricata". World Checklist of Selected Plant Families. Diakses pada 14 April 2015. 
  10. Multilingual Multiscript Plant Name Database, 2015, Diakses 14 April 2015