Lompat ke isi

Arengan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Arengan
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah edit
Missing taxonomy template (fix): Labeo
Spésiés:
Template:Taxonomy/LabeoL. chrysophekadion
Ngaran binomial
Template:Taxonomy/LabeoLabeo chrysophekadion
(Bleeker, 1850)
Sinonim
  • Chrysophekadion polyporos (Bleeker, 1853)
  • Morulius chrysophekadion (Bleeker, 1850)
  • Morulius pectoralis (Sauvage, 1878)
  • Rohita chrysophekadion Bleeker, 1850
  • Rohita cyanomelas Bleeker, 1852
  • Rohita koilogeneion Bleeker, 1857
  • Rohita pectoralis Sauvage, 1878
  • Rohita polyporos Bleeker, 1853
  • Rohita sima Sauvage, 1878

Arengan; Labeo crysophaekadion; black shark nyéta hiji lauk anu asalna tina kulawarga Cyprinidae. Loba kapanggih hirup di wewengkon Sumatera, Jawa, Jeung Bornéo. Panjangna bisa nepika 90 cm (3 ft) kalawan beurat 7 kg (15 lb).[2] Ieu lauk sakapeung kapanggih di tukang lauk hias dina akuarium, sanajan ieu lauk teu cocok dipiara dina akuarium alatan ukuranna anu bakal ngabadagan turta galak ka lauk séjén. [3]

Habitat

[édit | édit sumber]

Tempat hirup ieulauk dipiwanoh di susukan, kamalir, bendungan, jeung dataran banjir anu naneum. Sakapeung kapanggih di embung, sanajan lain dina jumlah anu loba. [4]

Mangsa mijah kawasna sarua jeung barayana, Morulius calbasu (Hamilton) ti Burma jeung anak benua India. Seperti lauk mas planktivora ogé detritivora gedé anu séjénna. [4]

Karper detritivora, mimiti mijah munggaran usum ngijih. Hujan ieu malidkeun keusik jeung lempung ti girang, ieu ngajadikeun gundukan-gundukan keusek déét di unggal léngkob susukan. [4]

Jadi tempat panundaan endogna, engkéna baris megar mangsana usum ngijih datang. Ieu endog anu geus megar jadi burayak maju ka jujukutan anu kakeueum sapanjang sisi susukan. [4]

Tuluy mapay-mapay sisi walungan mangsana cai keur banjir kénéh ka darat. Arengan anu dewasa ogé sok ngahaja pindah/bermigrasi ka daérah banjir usunan ieu, di mana maranéhna ngakan, perifiton jeung fitoplankton ogé detritus. [4] Lauk-lauk ieu mulang deui ka susukan ti mimiti bulan Oktober nepika Désémber. [4]

Sebaran

[édit | édit sumber]

Dilaporkeun Ieu lauk salah sahiji anu endemik di wahangan Citarum. [5]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Vidthayanon, C. (2012). "Labeo chrysophekadion". The IUCN Red List of Threatened Species: 2012: e.T180648A1647393. doi:10.2305/IUCN.UK.2012-1.RLTS.T180648A1647393.en.
  2. TropicalFishKeeping: Black Shark. Retrieved 20 July 2014.
  3. TropicalFishKeeping: Black Shark. Retrieved 20 July 2014.
  4. 1 2 3 4 5 6 J. Rainboth, Food and Agriculture Organization of the United Nations, Walter (1996). Fishes of the Cambodian MekongJ. Rainboth, Food and Agriculture Organization of the United Nations. Jakarta: Food and Agriculture Organization of the United Nations. hlm. 115. ISBN 9789251037430. Disungsi8 April 2023 Salah ngutip: Parameter dalam tag <ref> tidak sah;
  5. Budianta, Abram Pratama, Anny Nurbasari, dkk., Eka (2022). Bercermin di Wajah SungaikuBudianta, Abram Pratama, Anny Nurbasari, dkk. Jakarta: PT Kanisius. hlm. 10. ISBN 9789792172799. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi8 April 2023