Lompat ke isi

BSNP

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Wancahan tina Badan Standar Nasional Pendidikan nyaéta badan mandiri jeung indepénden anu tugasna ngamekarkeun,mantau, ngawaskeun, jeung meunteun dilaksanakeunana Standar Nasional Pendidikan.[1] BSNP kalungguhanana di wilayah Nagara Républik Indonésia, tanggungjawabna ka menteri, dina ngajalankeun tugas jeung fungsina, BSNP mandiri jeung profésional.[1] Kaanggotaan BSNP jumlahna gasal, paling saeutik 11 (sabelas) urang jeung saloba-lobana 15 (lima belas) urang.[1] Anggota BSNP téh para ahli dina widang psikométri, évaluasi pendidikan, kurikulum, jeung manajemén pendidikan anu mibanda wawasan, pangalaman, jeung komitmen pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan.[1] Kaanggotaan BSNP lumangsung salila opat taun, diangkat jeung dieureunkeun ku Menteri Pendidikan Nasional.[1] BSNP dipupuhuan ku saurang pupuhu jeung saurang sekretaris anu dipilih ku jeung tina anggota dumasar pangloba-lobana sora.[1] Tugas BSNP mantuan menteri dina mekarkeun, mantau, jeung ngadalian Standar Nasional Pendidikan. Standar anu dimekarkeun ku BSNP dipaké éféktif jeung ngabeungkeut sakabéh satuan pendidikan sacara nasional sanggeus ditetepkeun ku Peraturan Menteri.[1]

Wewenang BSNP

[édit | édit sumber]
  1. Ngamekarkeun Standar Nasional Pendidikan;[1]
  2. Ngayakeun ujian nasional;[1]
  3. Méré rékoméndasi ka pamaréntah jeung pamaréntah daérah dina ngajamin jeung ngadalian kualitas atikan.[1]
  4. Ngarumuskeun kritéria kalulusan tina satuan pendidikan dina jenjang pendidikan dasar jeung menengah.[1]

Anggota BSNP periode 2009-2013

[édit | édit sumber]

BSNP périodeu 2009-2013 diangkat dumasar Keputusan Menteri Pendidikan Nasional Nomor 067/P/2009. [2]

NoNgaranInstansi
1Prof. Dr. Djemari MardapiUniversitas Negeri Yogyakarta[2]
2Prof. Dr. Edy Tri BaskoroInstitut teknologi Bandung[2]
3Prof. Dr. dr. Farid Anfasa Moeloek, SpOGUniversitas Indonesia[2]
4Prof. Dr. Ir. Moehammad Aman Wiratakusumah, M.ScInstitut Pertanian Bogor[2]
5Prof. Dr. Johannes Gunawan, SH,LLMUniversitas Parahyangan[2]
6Prof. Dr. Richardus Eko IndrajitPerbanas[2]
7Prof. Dr. rer. nat. Gunawan IndrayantoUniversitas Airlangga[2]
8Prof. Dr. Abdi A. WahabUniversitas Syahkuala[2]
9Prof. Dr. Jamaris Jamma, M.PdUniversitas Negeri Padang[2]
10Dr. Teuku Ramli Zakaria, MAUniversitas Negeri Jakarta[2]
11Prof. Dr. Zaki BaridwanUniversitas Gadjah Mada[2]
12Prof. Dr. DjaaliUniversitas Negeri Jakarta[2]
13Prof. Dr. FurqonUniversitas Pendidikan Indonesia[2]
14Prof. Dr. Mungin Eddy Wibowo, M.Pd, KonsUniversitas Negeri Semarang[2]
15Pdt. Weinata Sairin, MThPersekutuan Gereja Indonésia[2]


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 Peraturan Pemerintah Republik Indonésia Nomor 19 Tahun 2005
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 http://bsnp-indonesia.org/id/ Archived 2012-08-18 di Wayback Machine, diaksés tanggal 8 Nopémber 2011.