Lompat ke isi

Baréra

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Baréra keur didedetkeun sangkan kantéh leuwih rékép

Baréra nyaéta pakakas tina kai anu dipaké mangsa keur ninun.[1] Kagunaanana pikeun nyurungkeun kantéh pakan sangkan leuwih rékép jeung kantéh lungsi.[1] Baréra wangunna dempak, panjangna kurang leuwih 1,35 méter dipakéna maju jeung mundur nyurungkeun kantéh pakan anu ngéntép dina sisir tinun.[1] Baréra ogé ngajaga sangkan kantéh lungsi salawasna kabuka (aya lolongkrang) jadi anu ninun gampil mangsa ngasupkeun kantéh pakan.[2] Dina adat ngurus orok ku paraji, baréra ogé jadi hiji pakakas anu dikaluarkeun jeung pakakas séjénna saperti kanjut kundang, kisi, jeung péso.[3] Maksudna mah sangkan éta orok ka hareupna baris jadi budak gedé milik tur séhat.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c "Tenun Baduy; Identitas Urang Kanekes, Dulu dan Sekarang". Wacana. 2014-02-08. Diaksés tanggal 2017-07-09.[tumbu nonaktif]
  2. Stisi telkom. "Kain Tenun Tradisional Baduy" (PDF). Stisitelkom. Diaksés tanggal 2017-07-09.[tumbu nonaktif]
  3. a b Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya.