Kantéh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kantéh tina kapas

Kantéh (bola) nyaéta benang anu dijieun tina kapas.[1] Kantéh ilahar dipaké bahan pikeun ninun lawon jeung ngaput, sagigireun tina kapas kantéh bisa ogé dijieun tina bahan séjén saperti sutra, polyester, wol, jeung sajabana.[2][3][4] Kantéh anu hadé sahenteuna kudu mibanda sipat : kuat mangsa dibatek, henteu uduh atawa gampang pegat, henteu méotan atawa murengked mangsa dipaké, henteu nyerep cai tur gancang garing mangsa kacaian.[5]

Kantéh pikeun ninun téh aya dua rupa nyaéta kantéh lungsi jeung kantéh pakan.[6] Kantéh lungsi ditinun dina lawon perenahna sajajar jeung panjangna lawon, ku kituna kantéh lungsi mah leuwih liat ogé gintiranna leuwih leutik (pintalan).[6] Kantéh pakan mah perenahna sabalikna jeung kantéh lungsi.[6] Kantéh paranti ngaput mibanda kagunaan pikeun nyangreud kaputan jeung kelim, ogé ngawangun kaputan anu leuwih éfisién barang beunang ngaput henteu babari lésot atawa pegat (terdistorsi) tempona dipaké.[5]

Budaya[édit | édit sumber]

Sagigireun dijieun lawon, sababaraha daérah ngagunakeun kantéh dina upacara adat jeung kabiasaan saperti: urang Baduy kantéh ogé dimangpaatkeun pikeu nyieun geulang anu engkéna dipaké dina leungeun budak maksudna pikeun nolak bala.[7][8] Kantéh ogé jadi salah sahiji sarat dina ritual sasajén saméméh ngayakeun pintonan tradisi ubrug, sasajén diteundeun hareupeun waditra maksudna ménta kasalametan pikeun sakabéh anu aya dina éta pamintonan.[9] Dina upacara ngawinkeun aya anu disebut Nini pangeuyeuk, tayalian panganténa diuk andiprek nyanghareup kolotna anu maksudna seja ménta widi pikeun ngalumangsungkeun upacara, anu jadi perlambangna ku jalan masrahkeun tujuh lambar kantéh panjangna kurang leuwih dua jeungkal.[10] Dina acara adat ngarunghal, kantéh ogé jadi hiji perlambang pikeun pangantén anu ngarunghal jadi lanceuk, pikeun ritual ménta widi tur kaiklasan tinu jadi lanceuk ku lantaran kalengkahan (karunghal) dilaksanakeun saméméh acara huap lingkung.[10]

Bahan kantéh (substrat)[édit | édit sumber]

Kantéh anu loba kapanggih dipasaran dumasar kana bahan dijieuna bisa dibédakeun kana:

  1. Bahan alami : kantéh anu dijieun tina substrat alami geus mimiti langka dipaké dina aplikasi industri, kantéh alami anu ilahar dipaké tina bahan kapas (katun), jeung sutra.[5][6]
  2. Bahan sintétik: kantéh anu dijieun tina rambat sintétis, mibanda sipat-sipat anu dipikabutuh saperti leuwih liat, kuat kana bahan kimia, henteu suub mangsa kabaseuhan, kuat ku baktéri, teu gancang buruk, jeung sajabana.[5] Bahan kantéh sintétik ilaharna tina : logam, karét, jeung plastik.[6]

Wangun gintiran[édit | édit sumber]

Rupa-rupa gintiran kantéh dijieun dumasar kana kaperluan saperti : kantéh anu dirara (pintal) dijieun tina serat alami atawa Sintétik, kantéh anu kieu leuwih kuat ti batan kantéh tina kapas sok padahal dina ukuranna anu sarua gedéna.[5] Aya deui kantéh filamén kantéh ieu leuwih kuat deui ti batan kantéh anu di rara, kantéh anu modél kieu dibedakeun kana tilu rupa:

  • Monofilamén dijieun tina serat tunggal kalawan ukuran anu tangtu, sanajan kawilang kuat murah tur gampang, hasilna kantéh anu kieu kaasup heuras atawa henteu mibanda fléksibilitas.[5]
  • Multifilamén dijieun tina dua bahan anu béda tuluy digintir ngajadi hiji kantéh, kantéh anu kieu ngahaja dijieun sangkan mibanda kakuatan anu leuwih alus ilaharna dipaké pikeun ngaput sapatu, pakéan tina kulit, ogé barang industri séjéna.[5]
  • Filamén wujud kantéh anu kieu leuwih carang henteu kékep kawas beunang ngarara ilaharna dijieun tina poliester dimangpaatkeun pikeun kaputan anu panungtungan (panutup).[5]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Jonathan Rigg (1862). "Sunda Language". A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Universitas Harvard. p. 213. 
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Jakarta: HutaMedial Kebudayaan. ISBN 9786026475275. 
  3. A. S, Marcus; Pax Benedanto (2000), Kesastraan Melayu Tionghoa, Volume 2, Kepustakaan Populer Gramedia, ISBN 9789799023452 
  4. Malaya, Universiti; Muzium Negeri (2009), Kesinambungan tradisi dan budaya: prosiding, Jabatan Muzium Malaysia 
  5. a b c d e f g h "Semua Hal Tentang Benang Jahit". coatsindustrial. Diakses tanggal 2017-07-04. 
  6. a b c d e poespo, Goet (2005). Puspa Ragam Busana PEMILIHAN BAHAN TEKSTIL. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 9789792109429. 
  7. Eka Permana, R. Cecep (2001). Kesetaraan gender dalam adat inti jagat Baduy. Jakarta: Wedatama Widya Sastra. ISBN 9789799653048. 
  8. Sucipto, Toto (2007). Studi Tentang Religi Masyarakat Baduy di Desa Kanekes Provinsi Banten. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  9. "Ubrug". [Direktorat Jenderal Kebudayaan Republik Indonesia. 2017-07-07. Diakses tanggal 2015-05-17.  Archived 2017-04-02 di Wayback Machine
  10. a b "Susunan Acara Resepsi Pernikahan Adat Sunda". tripleaorganizer. 2007-03-28. Diakses tanggal 2017-07-08. [tumbu nonaktif]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan