Bayur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Bayur
Bayur, Pterospermum javanicum
Simeulue, NAD
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Filum: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Malvales
Kulawarga: Malvaceae (s.l.) atau Sterculiaceae
Subfamily: Dombeyoideae
Génus: Pterospermum
Spésiés: P. javanicum
Ngaran binomial
Pterospermum javanicum
Jungh.
Sinonim

Pterospermum blumeanum Korth.
Pterospermum lanceaefolium Bl.

Bayur, bayor atawa cayur (Pterospermum javanicum) nyaéta jinis tangkal nu ngahasilkeun kai nu kualitasna hadé. Ieu tangkal biasana aya di legok, dipikawanoh ogé kalayan ngaran-ngaran séjénna, kayaning bayur, cayur, wadang (id.); bayur, wayur, wadang, walang (Jw.); phenjur (Md.); jeung sajabana. Aya ogé nu nyebut bolang (Bal.); buli (Slw.); damarsala (NTT); teunggi leuyan (Kal.)[1]. Bayur sacara husus sumébar di wilayah tropis, dimimitian ti kiduleun India, Asia Tenggara, Kapuloan Nusantara, nepi ka Amérika Tengah jeung Brasil.[2]

Kai bayur ti Indonesia ngawengku sababaraha spésiés nyaéta, Pterospermum, utamana P. celebicum jeung P. diversifolium. Ieu kai miboga ngaran séjén saperti bayor, bayok, bayuk, atawa litak.[3]

Sacara botanis[édit | édit sumber]

Tumbuh di tengah kebun kelapa

Tangkal nu geus gedé jangkungna bisa nepi kana 45 m jeung gedé watangna kanyat nepi kana 1 m. Régangna mibanda bulu nu lemes. Daunna heuheuleutan, pondok watangna 3–6 mm. Wangun daunna buleud jiga endog, ukuranana bisa 4–14 x 2,5–7 cm, ti tungtung ka tungtung méncos sarta puhuna asimétris: sabeulah lonyod, jeung sabeulahna deui mah beuki méncos leutik. Sisi luhurna héjo carulang, sisi handap daunna semu coklat kalawan dina puhuna boga tilu tulang daun.[2]

Kembangna ngaranggeuy dina puhu daun. Panjang kembangna 6 cm, warnana konéng, jeung buluna lemes. Buahna pasagi silindris, 5–13 x 2–5 cm, mimitina buluna lemes beuki lila beuli gundul jeung sikina loba.[2]

Ékologi[édit | édit sumber]

Ranting dan pepagan. Sesaot, Narmada, Lombok Barat

Bayur loba kapanggih di legok jeung di leuweung nu jangkungna kira-kira 1.000 m dpl. Teu jarang ogé kapanggih di leuweung nepi ka walungan sarta leuweung nu perenahna di sisi basisir. Sikina gancang mencar ku angin, matak ieu tangkal téh sok aya nu nganggap jajadian di kebon-kebon. Bayur biasana diantepkeun jadi nepi ka gedéna keur diala kaina.

Mangpaat[édit | édit sumber]

Kai bayur téh kualitasna alus, ku kituna bayur jadi salah sahiji kai nu kawentar salian ti kai jati jeung kai jinis dipterokarpa.[2] Kai bayur biasana digunakeun pikeun bahan bangunan imah, parahu, jeung dijieun balok atawa papan. Ngan hanjakalna kai bayur téh teu pati awét, hadéna mah mun dipaké kudu di tempat nu kaihuan jeung jauh tina taneuh. Kai bayur ogé sok dimangpaatkun keur bahan mébel atawa pakakas rumah tangga.[2]

Baheula mah kulit kaina ogé didagangkeun keur gaganti kulit kai soga (Peltophorum pterocarpum) nu mahal naker. Ieu kulit kai téh di pasar mah disebutna kulit kayu Timor.[2]

Jinis sadulur[édit | édit sumber]

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Heryati, Y., A.S. Kosasih, dan R. Bogidarmanti. t.t. Bayur (Pterospermum javanicum Jungh.), selebaran Puslitbang Hutan Tanaman, Bogor
  2. a b c d e f Argent, G., A. Saridan, E.J.F. Campbell, & P. Wilkie. 1987. Manual of the Larger and More Important Non Dipterocarp Trees of Central Kalimantan, Indonesia, vol. 2:610 Forest Research Institute, Samarinda
  3. Martawijaya, A., I. Kartasujana, Y.I. Mandang, S.A. Prawira, & K. Kadir. 1989. Atlas Kayu Indonesia, jil. 2:11-15 Balitbang Kehutanan, Bogor