Bengawan solo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bengawan Solo mangrupa walungan pangpanjangna anu aya di pulo Jawa jeung di Indonésia. Panjang Bengawan Solo sakitar 548,53 km nu ngocor ngaliwatan dua propinsi nya éta propinsi Jawa Tengah jeung propinsi Jawa Timur. Walungan Bengawan Solo ngocor di kurang leuwih 20 kabupatén jeung 3 kota nu mimiti ngalir ti pagunungan Séwu di palebah kulon-kidul Surakarta. Hulu walungan Bengawan Solo aya di wewengkon Wonogiri, Ponorogo, jeung Gunung Kidul DIY. Sedengkeun muara walunganna aya di Laut Jawa di wewengkon Pangkah kota Gresik. Wewengkon propinsi Daérah Istiméwa Yogyakarta nu leuwih tepatna aya di kabupatén Gunung Kidul pernah diliwatan ku walungan Bengawan Solo Purba nu baheula ngocorna ka lebah kidul.[1]

Sajarah Bengawan Solo[édit | édit sumber]

Nurutkeun Kemdikbud, ngaran Bengawan Solo téh asal kecapna tina basa Jawa klasik nya éta 'bengawan' nu hartina gedé, sedengkeun 'solo' nu dicokot tina ngaran Désa Sala di wewengkon éks Karésidénan Surakarta. Ku sabab Bengawan Solo geus aya ti jaman baheula, tangtu ieu walungan nyimpen réa sajarah, hususna tina jaman prasajarah nu kapanggih rupa-rupa fosil manusa purba, di antarana waé fosil Pithecanthorpus Erectus nu [2]kapanggih ku Eugene Dubois di Désa Trinil, hiji désa nu aya di sisi Bengawan Solo taun 1890. Salian ti éta, aya ogé fosil Homo Mojokerténsis di Mojokerto, Jawa Timur, jeung Meganthropus Paleojavanicus di Sangiran, Jawa Tengah nu kapanggih ku Koeningswald.[3]

Salanjutna dina mangsa kakawasaan karajaan Majapahit (abad ka-8 nepi abad ka-14), walungan Bengawan Solo jadi puseur jalur transportasi jeung puseur dagang boh nu ti jero pulo Jawa boh nu ti saluareun pulo Jawa. Infrastruktur walungan Bengawan Solo geus dimulai ti abad ka-18 ku pamaréntah kolonial Walanda, salasahijina ngawangun kanal Solo Vallei Werken jeung sudetan Begawan Solo ti Plangwot - Sidayu Lawas nu kahambat lantaran kawatesanan biaya. Taun 1880 diayakeun pangalihan aliran muara Bengawan Solo ti Selat Madura ka Ujung Pangkah pikeun nyingkahan sadimentas di Palabuhan Tanjung Pérak Surabaya, Jawa Timur[4]. Dina pamaréntahan kolonial Walanda ogé ngawangun Waduk Pacal taun 1935 di Kabupatén Bojonegoro jeung Waduk Prijetan (1916) di Kabupatén Lamongan pikeun kaperluan irigasi. Salian ti éta, sangkan nyingkahan banjir pamaréntah Indonésia nyieun Waduk Gajah Mungkur nu aya di Désa Sendang, Kecamatan Wonogiri, Provinsi Jawa Tengah, mimiti diwangun taun 1976 sarta diresmikeun sacara langsung ku Presiden Soeharto dina tanggal 17 Novémber 1981.

Lagu Bengawan Solo nu Kawentar[édit | édit sumber]

Gesang Martohartono nya éta salasahiji maéstro keroncong Indonésia ti Surakarta nu kawentar lantaran karya-karyana. Lagu "Bengawan Solo" mangrupa salasahiji karyana anu ngalégénda tur sumebar ka mana-mana nepi ka dijieun kana 13 basa, di antarana basa Inggris, Tionghoa, Rusia, Jepang, jeung Korea Selatan. Salian ti lagu Bengawan Solo nu kawentar, Gesang ogé dipikawanoh ku karya-karya séjénna saperti lagu "Sebelum Aku Mati", "Tirto Nadi" jeung "Jembatan Merah". Minangka bentuk ngaaprésiasi jasa Gesang dina ngamekarkeun musik keroncong di Indonésia, ku kituna diadegkeun Taman Gesang di deukeut Bengawan Solo dina taun 1983[5]. Diciptakeunna lagu Bengawan Solo lantaran Gesang kainspirasi ku walungan Bengawan Solo nu mawa sumber kahirupan ka masarakat, utamana di Kota Solo. Lagu Bengawan Solo miboga ma'na minangka cerminan tina kahirupan, utamana cai nu réa mangpaatna pikeun kahirupan sapopoé. Salian ti éta, lagi ieu ogé miboga ma'na yén kahirupan téh bakal nimukeun titik pangbalikan, nya éta ka Gusti Nu Maha Suci, Nu Kagungan Sagala Mahluk, saperti kocoran walungan Bengawan Solo nu méré kaberekahan ka warga sabudeureunana. Hal éta bisa dtiténan dina rumpaka lirik lagu Bengawan Solo di handap.

Bengawan Solo

Ini adalah ceritamu

Sejak saat itu

Perhatian manusia

Musim kemarau

Airnya tidak sebanyak Anda

Air di musim hujan

Meluap jauh

Mata airmu berasal dari Solo

Dibatasi oleh seribu gunung

Air mengalir jauh

Dan akhirnya ke laut

Itu perahu

Sejarahnya dulu

Pedagang selalu

Naik perahu

Musim kemarau

Airnya tidak sebanyak Anda

Air di musim hujan

Meluap jauh

Mata airmu berasal dari Solo

Dibatasi oleh seribu gunung

Air mengalir jauh

Dan akhirnya ke laut

Itu perahu

Sejarahnya dulu

Pedagang selalu

Naik perahu.[6]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. Mediatama, Grahanusa. "Profil Sungai Bengawan Solo, Sungai Terpanjang Di Jawa Melintasi 12 Kabupaten". www.kontan.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. [tumbu nonaktif]
  2. "BBWS BENGAWAN SOLO". bbwsbengawansolo.id. Diakses tanggal 2024-03-30. 
  3. (dalam bahasa su) Wikipedia:Palanggeran éjahan basa Sunda. 2019-07-22. https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Wikipedia:Palanggeran_%C3%A9jahan_basa_Sunda&oldid=576917. 
  4. Media, Kompas Cyber. "Bengawan Solo, Sungai Terpanjang di Pulau Jawa yang Menjadi Inspirasi Gesang Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  5. Bola.com. "Lirik Lagu Bengawan Solo - Gesang". bola.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  6. "Lirik dan Makna Lagu Bengawan Solo Ciptaan Gesang Martohartono". kids.grid.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30.