Lompat ke isi

Kabupatén Bojonegoro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupatén Bojonegoro

Lambang Kabupatén Bojonegoro
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kabupatén Bojonegoro
Motto -
Propinsi Jawa Timur
Ibukota Bojonegoro
Lega Wilayah 2.384,02 km²
Kordinat -
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.213.000 (2003)
509 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
27
-
Dasar hukum -
Tanggal -
Bupati -
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0353
DAU Rp. -

Ramatloka: www.bojonegoro.go.id

Kabupatén Bojonegoro nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Timur, Indonésia. Ibukotana Bojonegoro. Ieu kabupatén wawatesan jeung Kabupaten Tuban di béh kalér, Kabupaten Lamongan di béh wétan, Kabupaten Nganjuk, Kabupaten Madiun, jeung Kabupaten Ngawi di kiduleunnana, sarta Kabupaten Blora (Jawa Tengah) di béh kulonna. Béh kuloneun Bojonegoro (wawatesan jeung Jawa Tengah) téh nyaéta bagéan tina Blok Cepu, salah sahiji sumber deposit minyak bumi panggedéna di Indonésia.

Géografi

[édit | édit sumber]

Bangawan Solo ngalir ti kidul, jadi wates alam jeung Propinsi Jawa Tengah, tuluy ngalir ka wétan, di sapanjang wewengkon kalér Kabupatén Bojonegoro. béh kalérna nyaéta Daerah Aliran Walungan Bangawan Solo nu cukup subur kalayan tatanéna nu éksténsif. Wewengkon pertanian ilaharna dipelakan paré dina usum hujan, jeung bako dina usum katiga. Béh kidulna nyaéta pagunungan kapur, bagéan tina Pagunungan Kendeng. béh kulon kalérna (wawatesan jeung Jawa Tengah) nyaéta bagéan tina Pagunungan Kapur Kalér. Kota Bojonegoro aya dina jalur Surabaya-Cepu-Semarang. Kota ieu diliwatan ogé ku jalur kareta api jalur Surabaya-Semarang-Jakarta.

Babagéan administratif

[édit | édit sumber]

kabupatén Bojonegoro ngawengku 27 kacamatan, nu dibagi deui jadi desa jeung kalurahan. Puseur pamaréntahanana aya di kacamatan Bojonegoro.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Mangsa kahirupan sajarah Indonésia Kuno ditandaan ku ayana pangaruh kabudayaan Hindu nu datang ti India saprak abad ka-1. Nepi ka abad ka-16, Bojonegoro kaasup wilayah kakawasaan Majapahit. Marengan ngadegna Kasultanan Demak dina abad ka-16, Bojonegoro jadi wilayah Karajaan Demak. Ku mekarna budaya anyar nyaéta Islam, pangaruh budaya Hindu kadéséh sarta ajén jeung tata masarakat gumésér tina Hindu ka Islam tanpa ayana gejolak. Ari pindahna kakawasaaan nu dibarengan ku paciweuh mah nalika Bojonegoro asup ka wewengkon Karajaan Pajang (1586), jeung Mataram (1587).

Tanggal 20 Oktober 1677, status Jipang nu saméméhna nyaéta kadipatén dirobah jadi kabupatén kalayan Wadana Bupati Mancanegara Wetan, Mas Tumapel nu ogé ngarangkep jadi Bupati I nu perenah di Jipang. Tanggal ieu tepi ka kiwari dipiéling minangka poé jadi Kabupatén Bojonegoro. Taun 1725, nalika Pakubuwono II (Kasunanan Surakarta) naék tahta, puseur pamaréntahan kabupatén Jipang dipindahkeun ti Jipang ka Rajekwesi, kira-kira 10 km kiduleun kota Bojonegoro kiwari.

Peta Bojonegoro taun 1950
Bengawan Solo ditempo ti Bojonegoro
Sasak luhureun Bengawan Solo
Monumen pahlawan
Masjid Agung
Kantor Pos Puseur
Kantor residen
Klenteng Bojonegoro

Daptar Bupati

[édit | édit sumber]
Taun Nami
2003-2008 Kolonel (pur) H M. Santoso
1998-2003 Drs. H. Atlan
1993-1998 Drs. H. Imam Soepardi
1988-1993 Drs. H. Imam Soepardi
1983-1988 Drs. Soedjito
1978-1983 Drs. Soeyono
1973-1978 Kolonel Invantri Alim Sudarsono
1968-1973 Letnan Kolonel Invantri Sandang
1960-1968 R. Tamsi Tedjo Sasmito
1959-1960 R. Soejitno
1955-1959 R. Baruno Djojoadikusumo
1951-1955 Mas Kusno Suroatmodjo
1950-1951 R. Sundaru
1949-1950 R. Tumenggung Sukardi
1947-1949 Mas Surowijono
1945-1947 R. Tumenggung Sudiman Hadiatmodjo
1943-1945 R. Tumenggung Oetomo
1937-1943 R. Tumenggung Achmad Surjodiningrat
1936-1937 R. Dradjat
1916-1936 R. Adipati Aryo Kusumoadinegoro
1890-1916 R. Adipati Aryo Reksokusumo
1888-1890 R. M. Sosrokusumo
1878-1888 R. M. Tumenggung Tirtonoto II
1844-1878 R. Adipati Tirtonoto I
1828-1844 R. Adipati Djojonegoro
1827-1828 R. Tumenggung Sosrodilogo
1825-1827 R. Adipati Djojonegoro
1823-1825 R. Tumenggung Purwonegoro
1821-1823 R. Tumenggung Sosrodiningrat
1816-1821 R. Tumenggung Sumonegoro
1811-1816 R. Prawirosentiko
1800-1811 R. Ronggo Djenggot
1760-1800 R. M. Guntur Wirotedjo
1756-1760 R. Purwodidjojo
1755-1756 R. Ronggo Prawirodirjo I
1743-1755 R. Tumenggung Hario Mataun III
1741-1743 R. Tumenggung Hario Mataun II
1718-1741 Ki Songko (R. Tumenggung Hario Mataun I)
1705-1718 Ki Wirosentiko (R. Tumenggung Surowidjojo)
1677-1705 Pangeran Mas Toemapel

Budaya Wong Samin di Bojonegoro

[édit | édit sumber]

Dusun Jepang, salah sahiji tina dusun di désa Margomulyo nu aya di wewengkon leuweung legana 74, 733 héktar. Jarakna kira-kira 4,5 kilométerti ibukota Kacamatan Margomulyo, 69 kilométerarah kulon kidul atawa kurang leuwih bisa dipaju 2-2,5 jam perjalanan maké kandaraan ti ibu kota Bojonegoro atawa 259 kilométerti ibukota Propinsi Jawa Timur (Surabaya).

Masarakat Samin anu dumuk di dusun kasebut, nyaéta figur inohong atawa jalma-jalma kolot anu gigih bajoang nangtang Kolonial Walanda kalawan gerakan anu dipikawanoh minangka Gerakan Saminisme, anu dipingpin ku Ki Samin Surosentiko. Dina Komunitas Samin euweuh istilah pikeun mantuan Pamaréntah Walanda kawas nampik mayar pajeg, henteu daék gawé babarengan, henteu daék ngajual sumawona mikeun hasil bumi ka Pamaréntah Walanda. Prinsip dina merangan kolonial Walanda ngaliwatan penanaman ajaran Saminisme anu hartina sami-sami amin (babarengan) anu dicerminkan sarta dumasar kana kakuatan, kajujuran, kababarengan sarta kabasajananan.

Dangong perjuangan maranéhanana bisa ditempo tina profil jelema samin nyaéta gaya hirup anu henteu dipapaesan ku harta, henteu jadi antek Walanda, rajin digawé, berdoa, puasa sarta méré maweh ka sasama. Babasan-babasan anu mindeng diajarkeun di antarana: dangong lahir anu leumpang babarengan jeung batin diungkabkeun anu unina sabar, narima, relo tur trokal (rajin digawé), henteu daék ngarugikeun batur diungkabkeun dina dangong sepi ing pamrih ramé ing gawe sarta sok ati-ati dina ngomong diungkabkeun 'Ojo waton ngomong, ning ngomong kang maton'. Lokasi balaréa Samin (dusun Jepang) mibanda prospek pikeun dikembangkan jadi obyek Wisata Minat Husus atawa Wisata Budaya Balaréa Samin ngaliwatan pengembangan paket Wisata Homestay babarengan jeung balaréa Samin. Hal anu narik dina paket ieu nyaéta para wisatawan bisa ngarasakeun kaayaan sarta gaya hirup has balaréa Samin. Pikeun taratas kasebut, kawijakan anu geus dipigawé nyaéta ngaliwatan ditatana kampung sarta disayagakeunana fasilitas sosial dasar.

Tari Tayub

[édit | édit sumber]

Tayub mangrupa tari pergaulan nu kasohor keur masarakat Bojonegoro jeung sabudeureunnana. Tarian ieu biasana dipigawé ku lalaki kalawan dipirig ku gamelan sarta tembang Jawa anu ditembangkeun ku waranggono anu sairna pinuh ku papatah jeung ajaran.

Pintonan tari ieu réa dipaké pikeun ngareuah-reuah kagiatan hajatan anu réa dilaksanakeun ku warga Bojonegoro atawa kagiatan kabudayaan anu séjén. Biasana dina ngayakeun kagiatanana, tarian tayub ieu geus terkoordinir dina hiji jumplukan nu tangtu kalawan ngaran has séwang-séwangan.

Biasana jumplukan-jumplukan tari tayub ieu réa aya di Kacamatan Temayang sarta Bubulan anu perenahna kira-kira 30 Km ti Kacamatan Kota Bojonegoro.

Wayang Thengul

[édit | édit sumber]

Wayang Thengul nyaéta wayang has Bojonegoro dina wangun 3 dimensi nu dibarengan ku gamelan pelog/salendro.

Najan wayang thengul ieu arang dipintonkeun deui, wayang ieu tetep dilestarikan di Kabupatén Bojonegoro, hususna di Kacamatan Kanor nu jarakna ± 40 Km ti Kota Bojonegoro. Sedengkeun jalan carita wayang thengul lolobana nyokot tina carita menak.

Produk Unggulan

[édit | édit sumber]

Karajinan Mebel Kayu Jati

[édit | édit sumber]

Produk unggulan ieu geus lila kasohor tur mibanda kualitas ekspor, sabab Bojonegoro mangrupa panghasil kayu jati berkualitas. Corak jeung disaina geus disaluyukeun jeung situasi jaman, boh lomari, buffet, meja, korsi atawa tempat sare.

Karajinan Bubut - Cukit

[édit | édit sumber]

Wangun suvenir kayu jati has Bojonegoro nu tetep nonjolkeun guratan kayu jati, ngagarapna dilakukeun sacara taliti tur detil, tapi tetep mempertimbangkeun aspek estetika. Hususna mangrupa miniatur mobil, sapedah motor, beca, kareta api, jam tembok atawa guci, hiasan interior.

Kaajinan Limbah Kayu

[édit | édit sumber]

Kaajinan limbah kayu jati nu diwangn jadi karya seni dina sababaraha modél gus tepi ka pasar ekspor ka sababaraha nagara.

Karajinan Batu Onix

[édit | édit sumber]

Bojonegoro boga tambang batu onix nu kacid alobana antukna sababaraha produk karajinan onix bisa dihasilkeun kalayan kualitas nu nyugemakeun. Puseur karajinan batu onix aya di Kacamatan Bubulan.

Lédré

[édit | édit sumber]

Lédré nyaéta kadaharan has Bojonegoro. Wanguna gapit (siga emping gulung) kalayan bau has cau raja nu amis. Kacida cocogna keur batur nginum entéh katut susuguh keur sémah atawa keur oléh-oléh.

Salak Wedi

[édit | édit sumber]

Salak Wedi rasana amis, masir, renyah, seger jeung galedé. Bisa dipanggihan dina unggal buruan imah di désa Wedi jeung sabudeureunana. Bédana antara salak Wedi jeung salak liana saperti salak Pondoh, nyaéta kandungan caina leuwih loba antukna salak Wedi karasa leuwih seger.

Salak Wedi geus kasohor ti mangsa puluhan malahan ratusan taun ka tukang, nu sacara turun tumurun geus ngajadi sumber beubeunangan warga désa Wedi. Cenah mah asal muasal bibit ieu salak téh mimitina dibawa ku hiji ulama nu ngajarkeun Islam di désa Wedi. Tina éta bibit tuluy tumuwuh nepikeun ka lain ngan ukur di désa Wedi, tapi ogé désa-désa sabudeureunana kayaning Kalianyar jeung Tanjungharjo.

Balingbing Ngringinrejo

[édit | édit sumber]

Balingbing nu sasikina beuratna 2 - 3 ons bisa kapanggih di kebon buah désa Ngringinrejo, Kacamatan Kalitidu, Bojonegoro. Rasana amis, seger jeung seungit, kacida cocogna keur hidangan panutup, rujak jeung sajabana.

Agro wisata bako

[édit | édit sumber]

Bojonegoro téh ngahasilkeun bako virginia panggedéna di Indonésia tur geus kacida lilana kawentar minangka bako panghadéna di dunya. Héjo ngémplohna bako ampir di sakuliah wewengkon Bojonegoro bisa katempo antara bulan Méi - Oktober.

Tumbu luar

[édit | édit sumber]