Cakalang
| Cakalang | |
|---|---|
| Cakalang (Katsuwonus pelamis) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | Katsuwonus Kishinouye, 1915 |
| Spésiés: | K. pelamis |
| Ngaran binomial | |
| Katsuwonus pelamis (Linnaeus, 1758) | |
| Gambar:Kpel Location Map.png | |
| Peta sumbaran Cakalang di dunya. | |
Cakalang (Katsuwonus pelamis) nyaéta lauk ukuran sedeng tina familia Scombridae (tuna). Lauk ieu mangrupikeun hiji-hijina spésiés tina genus Katsuwonus. Cakalang pangageungna miboga panjang awak anu tiasa dugi ka 1 m kalayan beurat langkung ti 18 kg, nanging cakalang anu sering katéwak biasana miboga panjang sakitar 50 cm.[1]
Pedaran
[édit | édit sumber]
Awak cakalang wangunna manjang sarta rada buleud (fusiform), kalayan dua cécépét tonggong (sirip punggung) anu papisah. Cécépét tonggong kahiji diwangun ku XIV-XVI jari-jari seukeut. Cécépét tonggong kadua diwangun ku 14-15 jari-jari hipu, dituturkeun ku 7-9 cécépét tambahan ukuran leutik (finlet). Cécépét dubur jumlahna 14-15 jari-jari, dituturkeun ku 7-8 finlet. Cécépét dada kaasup pondok, miboga 26-27 jari-jari hipu. Di antara cécépét beuteung aya dua lipetan kulit anu disebut taju interpélvis. Bagian emés (lengkung insang) anu kahiji miboga 53-63 sisir saring.[2]
Palebah tonggongna warna Paul (biru) kolot semu ungu atanapi hideung. Lebah sisi handap sarta beuteungna warna pérak, kalayan 4 dugi ka 6 garis hideung anu ngujur (longitudinal) dina sapanjang sisi awakna. Awakna teu miboga sisit, iwal dina bagian korselet sarta garis lateralna.[2]
Panyebaran sarta Ékologi
[édit | édit sumber]
Cakalang dipikawanoh salaku ngojay anu gancang di laut zona pelagik. Ikan ieu umumna kapanggih di laut tropis sarta subtropis di Samudra Hindia, Samudra Pasifik, sarta Samudra Atlantik. Cakalang henteu kapanggih di bagian kalér Laut Tengah.
Lauk ieu hirup ngabubuhan dina kelompok anu kacida lobana (dugi ka 50 rébu lauk). Kadaharanana mangrupa lauk leutik, krustasea, cephalopoda, sarta moluska. Cakalang ogé mangrupikeun mangsa (mangsa penting) pikeun lauk-lauk badag di zona pelagik, kalebet hiu sarta marlin.[3]
Pamangpaatan sarta Budidaya
[édit | édit sumber]Lauk cakalang mangrupikeun komoditas anu miboga ajén komérsial anu luhur. Lauk ieu dijual dina wangun seger, beku, atanapi diprosés janten lauk kaléng, lauk garing, sarta lauk asép. Dina basa Jepang, cakalang disebut katsuo. Lauk cakalang diprosés pikeun nyieun katsuobushi anu mangrupikeun bahan utama dashi (kaldu lauk) pikeun masakan Jepang.
Di Manado sarta Maluku, lauk cakalang diawétkeun ku cara dihaseup anu disebut cakalang fufu. Salian ti éta, cakalang ogé mimiti dibudidayakeun salaku salah sahiji sumber pangan masarakat sarta sumber devisa nagara.[4]
Cakalang mangrupikeun salah sahiji sumber protéin sato anu ngandung omega-3 anu kacida diperyogikeun ku awak. Salaku komoditas ékspor (exportable), cakalang miboga peran penting dina ékonomi Indonésia. Sumber daya cakalang ieu dimangpaatkeun ku rupa-rupa kalangan masarakat, ti mimiti konsumsi rumah tangga dugi ka industri badag.[4]
Habitat sarta Cara Néwak
[édit | édit sumber]Cakalang —kaasup ogé tuna— tiasa ditéwak tina jerona cai antara 0–400 méter. Salinitas (kadar uyah) anu dipikaresep nyaéta sakitar 32–35 ppt atanapi di perairan oseanik. Suhu cai anu cocog pikeun ieu lauk nyaéta antawis 17–31°C.[4]
Dina dunya perikanan, cakalang umumna ditéwak nganggo sababaraha pakakas, di antarana:
- Pancing gégér (pole and line): Cara ngala lauk hiji-hiji maké useup anu dianggap paling ramah lingkungan.
- Pukat cingcin (purse seine): Jaring badag anu dipaké pikeun nangkep gerombolan cakalang dina skala industri.
- Pancing ulur (hand line): Pakakas nguseup basajan anu sering dianggo ku pamayang Tadisional.
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ "Katsuwonus pelamis". FishBase. Diaksés tanggal 26 Januari 2026.
- 1 2 Carpenter, Kent E. & Volker H. Niem. 2001. FAO Species Identification Guide: The Living Marine Resources of The Western Pacific. Vol. 6:3736. Food and Agriculture Organization, Rome.
- ↑ "Skipjack Tuna Distribution". IUCN Red List. Diaksés tanggal 26 Januari 2026.
- 1 2 3 YD, Motik Chandra; Sitompul, Iskandar; HS, Tomo; K., Synthesa Praharani; Sondakh, Gitrix M (2007). Kekayaan Laut Indonesia. hal. 3-5. Jakarta:Sekretariat Dewan Maritim Indonésia - Departemen Kelautan dan Perikanan.
- Katsuwonus pelamis (TSN 172401). Integrated Taxonomic Information System. Dibuka ping 24 Januari 2006.
- Tinjauan pustaka: aspek biologi ikan cakalang (Katsuwonus pelamis) Archived 2016-07-05 di Wayback Machine
- Katsuwonus pelamis. FishBase. Ranier Froese & Daniel Pauly (éd.), vérsi 10 2005. N.p.: FishBase, 2005.
- Clover, Charles. 2004. The End of the Line: How overfishing is changing the world and what we eat. Ebury Press, London. ISBN 0-09-189780-7
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- (en) Katsuwonus pelamis dina FishBase
- (en) Katsuwonus pelamis dina ITIS (Integrated Taxonomic Information System)
- (en) Status Konservasi Cakalang dina IUCN Red List
- (id) Profil Komoditas Cakalang - Kamentrian Kelautan dan Perikanan RI
- (id) Cakalang Archived 2006-08-31 di Wayback Machine (Pusat Informasi Pelabuhan Perikanan)
- Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
- Artikel taxobox leungit taxonbar
- Webarchive template wayback links
- Kaca ngagunakeun tutumbu magis ISBN.
- Pranala Commons ada di Wikidata
- Scombridae
- Lauk laut
- Lauk komérsial
- Lauk konsumsi
- Lauk Indonésia
- Lauk Jepang
- Lauk
- Komoditas perikanan
- Sato di Indonésia
- Kaca anu ngandung tutumbu buntu.