Calonarang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Rangda atawa Calonarang nu disebut salaku Ratu Leak

Calonarang atawa Calon Arang nyaéta salah sahiji lalakon drama tari nu sipatna magis sarta nyokot sumber carita ti carita Calonarang.[1] Carita semi-historis nu asalna nalika jaman pamaréntahan Raja Airlangga di Karajaan Kahuripan (Jawa beulah Wétan) mangsa abad ka-12.[1] Dina lakon ieu aya Matah Gedé minangka wujud Calonarang saméméh diajar élmu hideung.[2] Asal carita ieu nyaéta ayana Calonarang minangka janda pangawasa élmu hideung di désa Girah.[3] Dina dipintonkeuna, Calonarang biasana nyanghareupan Barong atawa Airlangga.[4] Dina pintonana, gamelan nu dipaké nyaéta Gamelan Semar Pagulingan, Gamelan Babarongan jeung Gong Kebyar sedengkeun gendingna boga husus nyaéta Gending Panyalonarangan.[5] Disebut yén nu bisa mateni Calonarang nyaéta Keris Weling Sakti nu asal informasina ti kitab pusaka boga Calonarangna sorangan.[6]

Lakon Calonarang[édit | édit sumber]

Calonarang nyaéta randa sakti nu kungsi nyieun kaanéhan di mangsa Karajaan Kadiri.[7] Manéhna cicing di désa Girah jeung budak awéwéna nyaéta Ratna Manggali.[7] Masarakat sieun ka kasaktian Calonarang nepi ka euweuh lalaki nu wani ngalamar budakna.[7] Ku kituna, Calonarang tuluy ambek sarta nyebarkeun musibah di Kediri.[7] Ngaliwatan ritualna di hiji astana, turun Déwi Bhagawati atawa Déwi Durga ngabulkeun kahayangna.[7] Ku kituna, pageblug tuluy sumebar jeung ngalantarankeun loba jalma nu isukna gering, soréna maot atawa soréna gering, isukna maot.[7]

Nempo lobana korban, Raja Erlangga tuluy néangan cara sangkan nyingkahan wabah éta tur néangan sabab ti kajadian éta.[7] Sanggeus nyaho yén pageblug téh kalakuana Calonarang, dikirim pasukan ka désa Girah sangkan maéhan Calonarang.[7] Tapi Calonarang leuwih sakti ti batan prajurit nu dikirim ku raja.[7] Sabalikna Calonarang beuki ambek tur beuki kuat nyebarkeun santét nepi ka korbanna leuwih loba.[7] Tuluy raja ngadu'a dibarengan ku pandita jeung resi di istana.[7] Teu lila turun piunjuk yén nu bisa ngeureunkeun pageblug téh Mpu Bharadah ti désa Lemah Tulis.[7] Teu lila raja ménta tulung, Mpu Bharadah tuluy ngirimkeun muridna nu ngarana Bahula pikeun nikah jeung Ratna Manggali.[7] Tugas Bahula nyaéta nyurutkeun ambek mitohana tur jadi mata-mata pikeun kapentingan karajaan.[7]

Sanggeus nikah jeung cicing di tempat mitohana, Bahula nyaho yén kasaktian mitohana ti hiji kitab nu unggal peuting dibaca ku Calonarang nalika upacara di astana.[7] Bahula gancang manggihan guruna tuluy mawa kitab sarta nyaritakeun kabiasaan mitohana.[7] Nalika Bahula balik deui ka Girah, Mpu Bharadah ogé nyusul ka Girah tur ngubaran nu gering sarta ngahirupkeun deui mayit nu jasadna utuh kénéh.[7] Di astana désa Girah, Mpu Bharadah panggih jeung Calonarang tuluy Mpu Bharadah ngéling-ngéling Calonarang sangkan ngeureunkeun santétna.[7] Calonarang daék nurutan papatah ti Mpu Bharada asal manéhna diruwat jeung dilebur dosana.[7] Sedengkeun Mpu Bharadah nu ngawasa dosa Calonarang geus gedé pisan, nolak ngaruwatna.[7]

Mpu Bharadah jeung Calonarang gelut ku cara Calonarang nyemburkeun seuneu nu kaluar tina panonna.[7] Tapi Mpu Baradah leuwih sakti.[7] Dina perang tanding, Calonarang paéh dina posisi nangtung.[7] Tuluy Mpu Bharadah ngahirupkeun deui Calonarang pikeun dibéré ajaran ngeunaan hirup nu hadé sangkan moksa.[7]

Réferénsi[édit | édit sumber]

  1. a b Senen, I Wayan. 2005. Perempuan dalam Seni Pertunjukan di Bali. Yogyakarta: BP ISI Yogyakarta
  2. Margono. 2007. Seni Rupa & Seni Pertunjukan. Jakarta: Ghalia Indonesia Printing
  3. Zamidra. 2012. Makhluk Mitologi Sedunia. Depok: Penebar Swadaya Grup
  4. Tim Pustaka Horor. 2012. 666 Misteri Paling Heboh Indonesia & Dunia. Jakarta: KAWAHmedia
  5. Tempo: Indonesia's Weekly News Magazine, Volume 6, Issue 39-47. 2006. the University of Michigan: Arsa Raya Perdania.
  6. Reza, Marina Asril. 2013. 108 Cerita Rakyat Terbaik Asli Nusantara. Jakarta: Transmedia Pustaka
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Masruri, A. 2010. The Secret of Santet. Jakarta: Transmedia Pustaka