Karajaan Kahuripan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kahuripan

1019–1045
 

Location of Kuripan
Peta kerajaan Kahuripan
Ibu kota Kahuripan (Kemungkinan sekarang berada di Sidoarjo atau Surabaya)
Basa Jawa Kuno, Sansekerta
Agama Kejawen, Hinduisme, Buddhisme
Pamaréntahan Monarki
Raja
 - 1019–1045 Airlangga
Sajarah
 - Airlangga membangun kerajaan bekas reruntuhan Medang dari Wurawari dan Sriwijaya 1019
 - Airlangga membagi kerajaan menjadi Janggala dan Kadiri (Panjalu) 1045
Mata uang Koin emas dan perak

Karajaan Kahuripan nyaéta hiji karajaan nu kungsi aya di Jawa Wétan nu diadegkeun ku Airlangga di taun 1009.[1] Karajaan ieu diwangun minangka tungturunan ti Karajaan Medang nu runtag taun 1006.[1] Taun 1042, Karajaan Kahuripan dibagi jadi dua nyaéta Karajaan Jenggala atawa Singhasari kalawan puseur dayeuhna di Kahuripan sarta Karajaan Panjalu atawa Kediri kalawan puseur dayeuhna di Daha.[1]

Ngadegna Karajaan Kahuripan[édit | édit sumber]

Raja Karajaan Medang nu pamungkas nyaéta Dharmawangsa Teguh, nu disebut-sebut salaku musuh Karajaan Sriwijaya.[2] Mangsa taun 1006, Raja Wurawari ti Lwaram (sekutu Sriwijaya) nyerang Watan, puseur dayeuh Karajaan Medang nalika ngayakeun acara jatukrami.[2] Dharmawangsa maot sedengkeun alo Dharmawangsa nu ngarana Airlangga bisa kabur tina serangan éta.[2] Airlangga nyaéta budak lalaki ti Mahendradatta (dulur awéwé Dharmawangsa Teguh) jeung raja Bali, Udayana.[2] anjeunna lolos dibarengan ku pangapingna nyaéta Narotama. Ti dinya Airlangga hirup lunta salaku patapa di alas gunung (Wanagiri).[2] Tuluy taun 1009, datang utusan rahayat ménta sangkan Airlangga ngadegkeun deui Karajaan Medang, sabab Dayeuh Watan geus runtag.[2] Ti dinya Airlangga ngadegkeun puseur dayeuh nu ngarana Watan Mas deukeut Gunung Penanggungan.[2]

Raja Airlangga nu diwujudkeun salaku Dewa Wisnu numpak Garuda. Arca ieu kapanggih di Candi Belahan.

Mimitina wewengkon karajaan nu diparéntah Airlangga ngan ngawengku Gunung Penanggunan jeung sabudeureunana, sabab loba wewengkon - wewengkon handapeun Karajaan Medang misahkeun diri.[2] Tapi sanggeus Karajaan Sriwijaya bisa ditumpes ku Rajendra Coladéwa nyaéta Raja Colamandala di India taun 1023, Airlangga leuwih boga kakawasaan pikeun ngawangun deui kadigjayaan Wangsa Isyana.[2]

Taun 1032 Airlangga leungiteun dayeuh Watan Mas sabab diserang ku raja awéwé nu disebut Calonarang.[2] Tuluy ngadegkeun deui puseur dayeuh anyar nyaéta Kahuripan di wewengkon nu kiwari disebut Sidoarjo.[2] Calonarang bisa ditumpes ku bantuan Mpu Bharadah, ogé Raja Wurawari bisa ditumpes.[2] Numutkeun Prasasti Pamwatan taun 1043 M jeung Serat Calonarang, puseur karajaan Airlangga balik deui ka Daha.[2] Saméméh turun tahta, Airlangga nyanghareupan perang sadulur ti dua budakna.[2] Calon raja nu sabenerna nyaéta Sanggramawijaya Tunggadéwi leuwih milih jadi patapa batan naék tahta.[2]

Di panungtung November 1042 Airlangga kapaksa ngabagi dua karajaana nyaéta beulah Kulon ngarana Kadiri nu puseur dayeuhna di Daha dipasrahkeun ka Sri Samarawijaya, sedengkeun beulah wétan nu ngarana Jenggala puseur dayeuhna di Kahuripan dipasrahkeun ka Mapanji Grasakan.[2] Sanggeus turun tahta, Airlangga balik deui jadi patapa kalawan ngaran Resi Gentayu.[3] Airlangga maot di taun 1049 sarta dikurebkeun di Tirtha (Candi Belahan), di beulah wétan Gunung Penanggungan.[3] anjeunna diwujudkeun salaku arca Wisnu nu numpak Garuda.[3]

Raja nu Kungsi Maréntah[édit | édit sumber]

Raja-raja Wangsa Isyana nu kungsi maréntah bisa disusur ti mimiti Karajaan Medang rék runtag saperti ieu di handap:[3]

No Ngaran Raja Maréntah di
1 Empu Sendok Medang
2 Sri Isyanatung Gawijaya Medang
3 Makutawangsa Wardhana Medang
4 Dharmawangsa Medang
5 Airlangga Kahuripan

Sanggeus éta Karajaan Kahuripan kabagi dua.[3]

Réferénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c Istiqomah. 2008. Intisari Pengetahuan Sosial Lengkap SD. Jakarta: PT Kawan Pustaka
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Hendarsah, Amir. 2010. Cerita Kerajaan Nusantara Populer. Jakarta: Great! Publisher
  3. a b c d e Mustopo, Habib. 2007. Sejarah 2. Jakarta: Yudhistira