Karajaan Kadiri
Kadiri | ||||
| ||||
Kerajaan Janggala dan Panjalu (Kediri), kemudian bersatu menjadi Kerajaan Kediri | ||||
Ibu kota | Daha, Dahanapura | |||
Basa | Jawa Kuno | |||
Agama | Kejawen, Hinduisme, Buddhisme, Animisme | |||
Pamaréntahan | Monarki | |||
Raja | ||||
- 1042-? | Sri Samarawijaya | |||
- 1194–1222 | Kertajaya | |||
Sajarah | ||||
- Dibagi dari Kahuripan | 1045 | |||
- Bergabung kembali dengan Janggala | antara 1116-1135 | |||
- Kakawin Bhāratayuddha selesai ditulis | 1157 | |||
- Runtuh oleh pemberontakan Ken Arok | 1222 | |||
Mata uang | Koin emas dan perak |
Karajaan Kadiri atawa Kediri atawa Panjalu nyaéta karajaan anu ngadegna dumasar kana kajadian turun tahtana Raja Airlangga di taun 1041.[1] Sangkan nyingkahan perang sadulur, karajaan Kahuripan dibagi jadi dua nyaéta Karajaan Kadiri nu diparéntah ku Jayawarsa jeung Karajaan Jenggala nu dipingpin ku Jayengrana.[2] Puseur dayeuh Karajaan Kadiri nyaéta di Daha nu wewengkonna diliwatan ku Walungan Brantas.[3]
Kamekaran Karajaan
[édit | édit sumber]Karajaan Kadiri ngadeg tur mekar leuwih ti Karajaan jeung gala nu ngawaris salaku puseur dayeuh Karajaan Kahuripan.[1] Sabab kamampuh raja-raja Kadiri dina ngalihkeun puseur paniagaan internasional ti palabuan Hujung Galuh di Kahuripan ka wewengkon kakawasaan Kadiri nyaéta palabuan Canggu.[1] Iwal ngamekarkeun paniagaan, Karajaan Kediri suksés ogé ngaronjatkeun widang tatanén.[1] Hal ieu ditulis dina Prasasti Sirah Keting nu angka taunna 1104 Maséhi.[1] Prasasti ieu eusina ngeunaan rahayat Kediri nu meunang préstasi nepi ka meunang hadiah ti Raja Jayengrana.[1]
Karajaan Kadiri numutkeun Prasasti
[édit | édit sumber]Ti mimiti ngadeg, mekar tuluy runtag, kabéh kajadian dituliskeun dina prasasti. Saperti ieu di handap.
Ngaran Prasasti | Taun Saka | Taun Maséhi | Nu Ngaluarkeun | Eusi |
---|---|---|---|---|
Prasasti Padlĕgan | 1038 Saka | 11 Januari 1117 | Sri Maharaja Sri Bameswara Sakalabhuwanatustikarana(Sa)rwwaniwaryyawiryya Parakrama Digjayotunggadewa. | Ngeunaan anugerah raja Bameswara ka rahayat Désa Padlĕgan sawewengkonna kaasup kalang, kalagan jeung kabanyagan, mangrupa netepna wewengkon éta disebut sima swatantra. Dilantarankeun pangeusi désa Padlegan datang ka raja ngaliwatan Sang Juru Pangjalu Mapanji Tutusing Rat pikeun meunangkeun anugerah sima. |
Prasasti Mula Malurung | 1177 Saka | 1255 Maséhi | - | Nétélakeun yén Sri Jaya Wisnuwardhana Mapanji Smining Rat geus ngistrénan anakna, Kertanagara di Daha kalawan kakawasaan di bhumi Kadiri. |
Runtagna Karajaan Kadiri
[édit | édit sumber]Karajaan Kadiri/Daha runtag di taun 1144 Saka (1222 M).[1] Numutkeun kitab Nagarakrtagama, Sri Ranggah Rajasa nu boga kalungguhan di Kutharaja, puseur dayeuh karajaan Tumapel beulah wétan gunung Kawi di taun 1144 Saka nyerang raja Kadiri nyaéta raja Sri Krtajaya.[1] Krtajaya éléh tuluy lumpah ka gunung nu sepi.[1] Sakabéh panutur jeung prajurit nu tinggaleun di karajaan, bisa ditumpes.[1] Kitab Pararaton méré vérsi nu leuwih rinci.[1] Numutkeun Pararaton raja Kadiri ngaranna Dangdang Gendis, hiji mangsa nalika raja ménta ka bujangga agama Siwa jeung Buddha sangkan nyembah ka manéhna.[1] Raja tuluy némbongkeun kasaktiana ku cara nancebkeun tumbak kana taneuh kalawan hulu tumbakna di luhur, tuluy diuk di luhur tumbak dina wujud Bhatara Guru leungeunna opat jeung panonna tilu.[1] Bujangga keukeuh nolak nyembah raja, tuluy lumpat ka Tumapel ménta panyalindungan ka Kén Angrok.[1] Ti dinya Tumapel teu ngaku kana wewengkon kakawasaan Daha.[1]
Teu lila bujangga nu nganut ajaran Siwa jeung Buddha méré restu ka Ken Angrok sangkan jadi raja di Tumapel.[1] Ti dinya gerakan pikeun numpes Karajaan Kediri mimiti aya.[1]
Sistem Kahirupan Masarakat Kadiri
[édit | édit sumber]Agama
[édit | édit sumber]Corak agama mangsa Kadiri bisa disimpulkeun tina titinggal arkéologi nu kapanggih di wewengkon Kediri.[1] Candi Gurah jeung Candi Tondowongso nunjukkeun kasang tukang agama Hindu, hususna Siwa dumasar kana rupa-rupa arcana.[1] Petirtaan Kepung nu disawang sipatna Hindu sabab teu katémbong unsur-unsur Budhhisme dina struktur arsitékturna.[1] Sababaraha prasasti nyebutkeun ngaran abhiseka raja nu hartina panyurupan ti Wisnu (misalna Sri Sarwweswara Triwikramawataranindita).[1] Ngan hal ieu teu langsung ngabuktikeun yén Wisnuisme mekar di mangsa harita.[1] Sabab dadasar filosofis nu dipikawanoh di Jawa mangsa harita yén sakabéh raja sarua jeung déwa Wisnu dina hal miara rahayat jeung dunyana/karajaana.[1]
Sacara umum bisa disebutkeun yén agama Hindu hususna muja ka Siwa ngadominasi kamekaran agama di mangsa Kadiri.[1] Hal ieu dibuktikeun ku ayana prasasti, arca atawa karya sastra Jawa kuno nu asalna ti mangsa ieu.[1]
Kasenian
[édit | édit sumber]Parobahan widang kasenian ti zaman Kadiri diwatesanan ku seni arsitéktur hungkul.[1] Candi Gurah jeung Candi Tondowongso buktina.[1] Candi Gurah boga pelilit sisi genta di suku candi perwara jeung candi indukna nu boga simbol makara di tungtung handap tangga.[1] Ciri ieu némbongkeun gaya seni Jawa Tengah (abad ka-8 - abad ka-10 M).[1] Ngan arcana nunjukkeun gaya seni Singhasari (abad ka-13 M).[1]
Karya Sastra
[édit | édit sumber]Mangsa Kadiri disebut minangka zaman kaemasan Jawa Kuno, sabab ti mangsa ieu ngahasilkeun karya-karya sastra, utamana dina wangun kakawin nu kacida penting jeung kualitasna alus.[1] Ti mangsa Kadiri kapanggih pujangga saperti (m)Pu Sedah jeung (m)Panuluh nu sarua ngagubah kitab Bharatayuddha mangsa pamaréntahan raja Jayabhaya.[1] Ogé medal ramalan ti Raja Jayabaya nu dipikawanoh ku masarakatna salaku ahli ramal nu kacida saktina nu ngaran kitabna nyaéta Jangka Jayabaya atawa Ramalan Jayabaya.[4]
Réferénsi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af Poesponegoro, Marwati Djoened. 2008. Sejarah Nasional Indonesia II. Jakarta: Balai Pustaka
- ↑ Rachmat. 2009. Ringkasan Pengetahuan Sosial. Jakarta: Grasindo
- ↑ Angkasa, Ignaz Kingkin Teja. 2006. Sejarah untuk SMA/MA Kelas XI IPS. Jakarta: Grasindo
- ↑ Purwanta. 2006. Sejarah SMA/MA Kelas XI-Bahasa. Jakarta: Grasindo