Lompat ke isi

Rangda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Rangda nyaéta ratuna para léak dina mitos urang Bali.[1] Ngaran rangda dicokot tina kecap janda anu salakina atawa raja léak maot alatan dipaéhan ku jalma anu boga élmu luhur.[1] Ieu mahluk anu pikasieuneun téh sok mawa atawa nyulik jeung ngadahar daging budak leutik pikeun ningkatkeun kakuatanana jeung ieu rangda téh pamingpin pasukan nenek sihir jahat anu ngalawan Barong anu mangrupa simbol kakuatan nu bageur lawana jahat.[1]

Barong mangrupikeun mahluk dina mitologi Bali. Anjeunna raja roh, pamimpin host anu saé, sareng musuh Rangda, ratu setan sareng indung sadaya penjaga roh dina tradisi mitologis Bali. Perang antara Barong sareng Rangda ditampilkeun dina tarian Barong pikeun ngagambarkeun perang abadi antara anu saé sareng anu jahat. [2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dicaritakeunn yén rangda téh asalna Ratu Manendradatta anu hirup di pulo Jawa dina abad ka-11.Manéhna dipiceun ku Raja Dharmodayana sabab difitnah ngalakukeun paripolah sihir ka dua permaisuri éta raja.Nurutkeun legénda manéhna males dendam nyeri haté ku cara maéhan satengah jalma nu aya di éta karajaan, anu satuluyna jadi milik manéhna sarta budak Dharmodayana, Erlangga. Tuluy manéhna digantikeun ku hiji jalma nu bijak.Rangda penting pisan pikeun mitologi Bali.[1] Perangna ngalawan Barong atawa ngalawan Erlangga mindeng digelarkeun dina tarian Bali.[1] Ieu tari populér pisan jeung mangrupa warisan penting dina tradisi Bali.[1] Rangda digambarkeun salaku hiji awéwé anu rambutna panjang jeung acak-acakan sarta kukuna panjang.[1] Beungeutna pikasieuneun jeung huntuna seukeut.[1]

Cara Ngalawan

[édit | édit sumber]

Cara ngalawan ieu rangda nyaéta ku cara maké areng urut beubeuleuman tuluy dipoléskeun kana tarang jeung maké ajian-ajian élmu Bali nu ngagem agama Hindu atawa ku cara perang ngalawan Barong jeung pasukanana.[3] Biasana rangda sok éléh lamun ningali lalaki nu kasép anu dipikabogoh ku manéhna sakapeung mah sok éléh ku cinta sabab dina hakékatna mah rangda téh awéwé anu teu weléh miboga perasaan sénsitif jiga manusa.[3]



Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. Makhluk Mitologi Asli Indonesia[1] Archived 2021-05-18 di Wayback Machine
  3. a b Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.