Léak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Léak mangrupa salah sahiji ajaran élmu kabatinan nu aya di Bali.[1] Sabenerna mah ajaran léak Bali téh hiji ajaran nu tujuanana pikeun nulungan jalma nu keur susah.[1] Ngan satuluyna digunakeun ku jalma-jalma nu teu miboga tanggungjawab pikeun ngajahatan batur.[1] Nepi ka ayeuna dipikanyaho ku masarakat Bali yén léak téh jadi aya dua rupa élmu Bali, nyaéta léak ilmu putih sarta léak ilmu hitam.[1] Satuluyna loba masarakat umum nu nyebutna léak Bali anu ilmu hitam.[1] Léak Bali, hususna léak anu ilmu hitam mangrupa hiji élmu anu bisa ngarobah dirina jadi batur.[1] Sababaraha wangun transformasi léak umum anu mindeng katingali ku batur di Bali nyaéta bola api seuneu nu wangunna buleud jiga bal, monyét, babi, harimau, rangda nepi ka mangrupa motor.[1] Dina tengah poé, hiji jalma anu meraktékkeun ilmu hitam léak bakal katingali jiga jalma biasa, euweuh bédana jeung jalma séjén.[1] Ngan lamun geus kasorénakeun, ieu jalma bakal meraktékkeun élmuna.[1] Tempat pikeun ngarobah dirina ogé henteu sagawayah, umumna transformasi dilakukeun di kuburan nepi ka jurig léak identik jeung jurig nu aya di kuburan.[1] Palaku ilmu hitam identik jeung awéwé.[1] Asalna mah euweuh nu nyaho ngan aya patalina jeung mitologi Hindu anu nyebutkeun yén ayana masalah ratu léak anu disebut Ratu Ing Girah.[1] Nurutkeun kapercayaan, ilmu hitam léak Bali bisa diturunkeun ka anak incu nepi ka tujuh turunan, utamana mah dina katurunan awéwé.[1]Jalma anu diajar ieu élmu bakal kasiksa dina waktu nu lila saencan manéhna manggihan jalma lian pikeun diturunkeun élmuna, lamun henteu diturunkeun bakal hésé maotna.[1]

Karesep[édit | édit sumber]

Jurig léak biasana resep ngaganggu budak leutik, atawa ngan saukur leuleumapangan ti peuting di jalan.[2] Dina waktu-waktu nu tangtu maranéhna ogé bisa silih gelut pikeun nguji kakuatan.[2] dina ieu waktu, éta gelut bisa katingali ti luhur langit ti peuting, katingalina mirip seuneu anu buburicakan.[2]

Cara ngalawan[édit | édit sumber]

Anu pangsayunina nu bisa ngarasakeun ayana ieu léak nyaéta orok.[2] Orok bakal ceurik di waktu peuting atawa gantina beurang kapeuting wanci sareupna lamun aya jurig léak leumpang ngaliwat ka imah éta orok.[2] Orok ogé sayuni pisan lamun dibawa ka luar imah kudu mamawa bawang beureum, jeung dina taarna kudu diusapkeun areng dapur urut tina hawu.[2] Ieu hal dipercaya bisa ngalawan kakuatan négatif anu rék ngadeukeutan éta orok.[2]

Arjuna Wayang.jpg

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. a b c d e f g Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.