Catur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sét kaulinan catur anu diwangun ku dua jinis siki catur, hideung jeung bodas

Catur nyaéta kaulinan anu dijadikeun olahraga.[1] Catur mangrupa kaulinan maké papan catur anu miboga 64 kotak dina papanna, warna kotakna hideung jeung bodas.[1] Iwal ti éta catur miboga 16 siki catur.[1] Kaulinan ieu geus aya ti 500 SM di India anu tuluy sumebar ka daérah Persia jeung Arab.[1]

Sajarah Catur[édit | édit sumber]

Catur geus hirup di masarakat dina kurun waktu anu lila, catur ogé dipaénkeun béda-béda numutkeun nagara sewang-sewangan.[2] Saperti di nagara Cina, kaulinan catur di nagara Cina disebutna Xiang Qi, catur ieu anu panglobana dipaénkeun di nagara-nagara séjén.[2] Sedengkeun di nagara India kaulinan catur harita dibéré ngaran Shaturangga.[2] Loba paham ngenaan sajarah mimiti catur di antarana aya tilu :

Karakter Anak-anakan Catur[édit | édit sumber]

Dina kaulinan catur unggal siki catur miboga fungsi jeung peran sewang-sewangan di antarana waé :

  1. Budak anu jumlahna 8 siki miboga fungsi pikeun ngajaga pertahanan wilayahna, lamun cicing dina warna catur anu bodas kaci lempang tiheula.[1]
  2. Bénténg anu leumpang lurus ka hareup, gigir sarta tukang tapi teu bisa ka arah anu diagonal.[1]
  3. Mantri atawa Patih bisa leumpang bébas dumasar kabutuhan anu maénkeun.[1]
  4. Kuda anu leumpangna jiga hurup L
  5. Kuncung atawa Luncur anu leumpang na ka arah diagonal
  6. Raja anu paling penting dina kaulinan catur, sabab anu kudu dijagaan sangkan teu dipaéhan ku musuhna.[1]

Sabab lamun raja paéh dianggap éléh, leumpang Raja teu béda jauh jiga Budak nu ngabédakeun Raja bisa leumpang ka tukang.[1]

Pertahanan Perancis[édit | édit sumber]

Pertahanan Perancis ngarujuk kana awal-awal awal sareng parantos némbongan dina papan saatos 1.e4 e6. Sacara ideologis, pamindahan 1 ... e6 ditujukeun pikeun miceunkeun sadaya patarosan ti titik f7, anu ngempelkeun jotosan dina debut kabuka.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]