Cingcowong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Cingcowong nyaéta salah sahiji Upacara ritual pikeun ménta hujan, ieu upacara dipigawé dina waktu Usum Halodo panjang ± 3 bulan tardisi mimiti Cingcowong atawa uapacara ritual ieu dipercaya ku masarakat hususna Kacamatan Luragung saban datang halodo upacara ritual Cingcowong sok dilaksanakeun sangkan taneuh tatanén maranéhanana jauh ti gagal panén gancang datang hujan.[1]

  • Pakakas anu dipaké pikeun uapacara nyaéta :
  1. Hiji Tarajé.[1]
  2. hiji samak .[1]
  3. Boneka Cingcowong anu dijieun ti batok kalapa anu dilukis jadi Putri geulis jeung awak dijieun tina Runtuyan awi anu dibéré Baju sarta sampur sarta dibéré kongkorong anu dijieun ti kembang melati.[1]
  • Cingcowong ieu dicoo ku:
  1. Saurang (pupuhu upacara ).[1]
  2. 2 jelema nu nyekel sampur nalika digerakeun (gerakan jiga jaelangkung ).[1]
  3. 2 jelema pamaén/nu nakol buyung anu ditakol ku hihid sarta hiji jelemana deui maenkeun pakakas musik ceneng anu dijieun ti bahan kuningan pakakas nu ngarojong séjénna nyaéta: Mangrupa sasajén kawas menyan,kaca,sisir,ember.[1]

Dina jaman baheula upacara ieu geus jadi talari sarta lamun salila 3 bulan hujan tacan turun mangka sok dipigawé upacara ménta hujan anu dingaranan cingcowong kira-kira umur seni cingcowong ieu ± 632 warsih.[1]

Kamekaran Cingcowong[édit | édit sumber]

Pikeun ngamumulé seni cingcowong Dines Pariwisata sarta Kabudayaan Kabupatén Kuningan mecakan nyieun hiji ibing Cingcowong, ibing ieu mangrupa salah sahiji tarékah sangkan budaya ti karuhun teu leungit kitu waé.[1] Cingcowong henteu deui minangka seni ritual tapi geus dimekarkeun sarta diangkat jadi seni pintonan anu disaluyukeun kalayan tumuwuhna jaman nepi ka ayeuna seni ibing Cingcowong ngembang sarta mindeng dipidangkeun dina acara-acara kaperluan ngabagéakeun sémah Pamaréntah sarta acara hiburan séjénna.[1] Ritual ieu ogé dipirig jeung pakakas musik nu mangrupa bokor kuningan sarta buyung taneuh.[2] Bokor kuningan ditabeuh ngagunakeun kai, sedengkeun buyung taneuh ditabeuh kalayan kipas anyaman awi (hihid).[2] Kiwari, cingcowong henteu deui ngan dilaksanakeun jeung tujuan utama ménta hujan.[2] Tapi, ditempatkeun nangka lari kuna anu masih aya.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j (id)tradisi minta hujan cingcowong di kuningan[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 13 November 2011)
  2. a b c d (id)seni budaya jawa barat[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 13 November 2011)