Cita Citata
Pidangan
Cita Rahayu leuwih dipikawanohna mah Cita Citata (gumelar di Bandung, 14 Agustus 1994; umur 31 taun) nyaéta saurang panyanyi ogé aktris Indonésia [1][2]. Cita mimiti kaceluk ku lagu Sakitnya Tuh di Sini anu diwanohkeun dina sinétron Diam-Diam Suka: Cinta Lama Bersemi Kembali[2]. Cita ogé jadi salah sahiji pameran dina sinétron éta[2]. Cita-citata mimiti icikibung dina dunya musik ku singel Kaliméra Athéna ciptaan Doél Sumbang[2]. Nalika kelas 4 SD kénéh, Cita sok nyanyi dangdut dina acara résépsi nikahan[2]. Ti SMA, Cita mimiti nyanyi pop. Tuluy Cita nyanyi musik jazz[2]. Ogé gabung jeung Sani Musik Indonésia dina taun 2014 minangka panyanyi dangdut[2]. Antukna Cita medalkeun singel anu judulna Sakitnya Tuh di Sini[2].
Singel
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 Profil dan Biodata Cita Citata (Cita Rahayu) Archived 2015-04-25 di Wayback Machine.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 Biodata profil dan foto Cita Citata lengkap Archived 2015-09-24 di Wayback Machine.
| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |