Dahu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Dahu
Fruits of Dracontomelon duperreanum.JPG
Buah Dahu
Klasifikasi ilmiah
Divisi:
Kelas:
Génus:
Dracontomelon
Spésiés:
Dracontomelon costatum


Dahu nyaéta tangkal kai nu asalna tina kulawarga Anacardiaceae.[1][2][3] Tangkal dahu loba kapanggih hirup di nagara India, Cina, Myanmar, Thailand, Indonésia, Pilipina, New Guinea, jeung kapuloan Solomon.[1][2] Tangkal dahu bisa hirup kalawan subur di daérah nu mibanda hujan 1.800 nepi ka 2.900 mm, sarta kaayaan taneuh dina 500 - 1.000 mdpl.[1][3]

Tangkal dahu di sababaraha nagara disebut ogé: Nga-Bauk (Burma), Ren Mien Zi (Cina), Drachenapfel (Jerman), Bengkuang (Malaysia).[1] Di Nagara urang sorangan, tangkal dahu mibanda ngaran daérah saperti: Tarpati (Banda), Rau (Jawa), Tabulate (Halmahéra), Talanjap (Kalimantan), jeung réa-réa deui.[1][2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal dahu nu geus déwasa, jangkungna bisa nepi ka 36 méter kalawan gedé buleudan tangkalna 70 - 100 cm.[1] Dauna héjo lalonyod bijil sapasang-sapasang, dina sa cupat daun aya kana 10-12 pasang daun rubakna kurang leuwih dua ramo panjangna 6 cm.[1] Kelir daun nu beulah handap leuwih ngora tibatan beulah luhurna, pucuk dauna nu kakara merentis/bijil kelirna semu konéng.[1][2]

Buahna ngaranggeuy, baruleud leutik kurang leuwih gedéna sakeupeul leungeun budak.[1] Pentil buahna héjo, sarta robah jadi semu konéng mangsa geus asak.[1][2]

Tangkal dahu; Dracontomelon duperreanum

Kagunaan[édit | édit sumber]

Dahu kaasup tangkal kai nu ngahasilkeun kai nu alus, bisa dimangpaat keun pikeun rupa-rupa parabot jeung pakakas, korék epi, palupuh, jeung sajabana.[1] Di Thailand buah ngora na sok dipaké campuran bumbu, di Malaysia buah katut siki na nu geus asak atawa kolot ogé bisa dikonsumsi, Kembang sarta pucuk daun dimangpaatkeun pikeun bahan sayureun.[1][2][3]

Kimia[édit | édit sumber]

Nutrisi nu aya dina buah katur dauna tacan aya panaluntikan nu dibewarakeun, dina daun, akar sarta kulitna mibanda kimia nu disebut pertrol, dichloromethane, ethyl acetate, sarta butanol.[1][2]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m T.K, Lim (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media. p. 78. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal 10 Desember 2019. 
  2. a b c d e f g Seidemann, Johannes (2005). World Spice Plants: Economic Usage, Botany, Taxonomy. London: Springer Science & Business Media. p. 40. ISBN 9783540279082. Diakses tanggal 10 Desember 2019. 
  3. a b c "DAHU (DRACONTOMELON MANGIFERUM BL.)". Dis Hut, Jabar. 23-05-2008. Diakses tanggal 10. Desember 2019. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]