Lompat ke isi

Dimorfismeu baga-purusa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hayam leuweung bikang (kénca) jeung jaluna (katuhu), ngagambarkeun béda nu écés antarbaga-purusa, boh kelir atawa badagna.

Dimorfismeu baga-purusa (sexual dimorphism) hartina béda bentuk anu sistematis antara jalu jeung bikang dina hiji spésiés. Nu paling katempo, di antarana ukuran, kelir, jeung aya/henteuna bagian awak nu dipaké pikeun tarung silih kungkulan, sapertos tanduk, siih, jeung gading.

Greater Painted Snipe bikang (kénca) jeung jalu (katuhu), némbongkeun dimorfismeu baga-purusa nu tibalik.

Di lolobana spésiés, kaasup mamalia, nu jalu ilaharna leuwih badag batan nu bikang. Nu sabalikna mah ngan saeutik, di antarana lancah, manuk, jeung sababaraha spésiés serangga, bikangna leuwih badag batan jaluna. Béda nu lianna ngawengku kelir ("dikromatismeu baga-purusa" -- sexual dichromatism—nu lolobana katempo di bangsa manuk), bagian awak nu dipaké tarung silih kungkulan (tanduk, siih, gading), ukuran panon (nyiruan), ayana panyeureud (rupa-rupa nyiruan), jeung paripolah nu tangtu (narajang, miara anak, jsb.).

Dimorfismeu baga-purusa di manusa

[édit | édit sumber]

Dimorfismeu baga-purusa di manusa mindeng pisan diadurényomkeun, utamana patali jeung kabisa méntal jeung jénder psikologis (langkung paosna dibahas dina baga-purusa jeung kapinteran, jénder, jeung transjénder). Nu puguh mah béda antara lalaki jeung awéwé aya dina bagian-bagian nu patali jeung baranahan, misalna sistem (hormonal) éndokrin katut pangaruh pisik, psikologis, jeung paripolahna.

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]