Baranahan
Baranahan (réproduksi) nyaéta prosés biologis pikeun nyiptakeun turunan:
- Baranahan séksual nyaéta prosés biologis nalika organisme nyiptakeun turunan ku cara ngagabungkeun bahan genetik. Organisme ieu mibanda dua jenis kelamin nu béda, jalu jeung bikang.
- Baranahan aséksual nyaéta prosés biologis nalika organisme nyiptakeun salinan génétik nu sarua jeung dirina sorangan tanpa ngagabungkeun bahan génétikna jeung individu séjén. Pikeun conto, hidra (invértebrata na ordo Hydroidea) jeung kapang bisa baranahan ku jalan sirungan. Organisme-organisme ieu teu mibanda kelamin nu béda sarta bisa "meulah" manéh jadi dua bagian atawa leuwih nu bisa tumuwuh sorangan. Sababaraha spésiés 'aséksual', kawas hidra jeung jellyfish, bisa ogé baranahan sacara séksual. Tutuwuhan lolobana bisa baranahan vegetatif. Cara séjén baranahan aséksual nyaéta fisi binér, fragméntasi jeung formasi spora.
Aya rupa-rupa cara baranahan nu dipaké ku rupa-rupa spésiés. Sababaraha sato, kaasup manusa (mun geus sawawa), jeung Gannet Kalér (5-6 taun), ngahasilkeun saeutik turunan. Nu séjén baranahan gancang pisan, tapi mun teu dikukut sacara artifisial, turunanana lolobana teu salamet nepi ka sawawa. Kelenci (sawawa sanggeus 8 bulan) ngahasilkeun 10 - 30 turunan per taun, Buhaya Nil (15 taun) ngahasilkeun 50, sedengkeun laleur buah (10-14 poé) bisa nepi ka 900. Dua cara di luhur bisa dipiresep na évolusi: sato nu turunanana saeutik bisa ngasuh jeung ngajaga anakna, antukna nurunkeun kabutuh pikeun baranahan; nu séjénna, sato nu loba turunanana teu kudu ngaluarkeun tanaga pikeun ngasuh, antukna bisa baranahan leuwih loba.
Dua cara ieu katelah seléksi-K (saeutik turunan) jeung seléksi-r (loba turunan), nu gumantung kana rupa-rupa kaayaan.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |