Gaplék
Gaplék atawa koléntang nyaéta sampeu anu garing beunang moé[1] , méméh dipoé sampeu dipesékan heula, tuluy di teukteukan kurang leuwih panjang 10 nepika 15 cénti méter maksudna sangkan téréh garing mangsa dipoé. Usum halodo di mana panonpoé meujeuhna panas mentring waktu pikeun moé gaplék kurang leuwih 3 poé. Di mana geus garing gaplék diwadahan tuluy disimpen ditempat beresih jeung garing.[2]
Pedaran
[édit | édit sumber]Sampeu (manihot utilisima) di mana diteundeun kituwaé saprak dipanén ngan kuat 3 poé. Leuwih ti 3 poé sampeu anu tadina bodas bakal robah kelirna jadi semubiru tuluy jadi buruk, ku lantaran kitu sampeu di mana geus dipanén kudu geuwat di olah contona dijieun gaplék sangkan bisa leuwih lila ditunda, nempo kana wanguna gaplék loba rupana aya gaplék gelondongan, gaplék rajangan (chips), gaplék disiksik (slice) jeung gaplék pasagi (cubes). Ukuran jeung wanda éta kabéh gumantung kana kabutuhan. Sampeu meunang neukteukan tuluy dikeueum dina cai uyah kurang leuwih 15 menit katangtuan méré uyah nyaéta 8% (0,8 gram uyah dina 1 léter cai).[3]
Disabaraha daérah gaplék téh mangrupa pepernian, ku lantaran biasana dikaluarkeun pikeun diolah dina mangsa keur usum paceklik, boh paceklik nugguan panén atawa paceklik ku alatan gagal panén jeung kaayaan anu séjéna. Biasana gaplék ditutu nepika bubuk tuluy diasakan, ieu kadaharan dipiwanoh ku ngaran tiwul di daérah Trenggalék jeung sabudeureuna, numutkeun carita anu aya kunaon disebut gaplék, lantaran di mana geus ngadahar ieu sangu gaplék, karasa beuteung pinuh tah ku alatan ieu, disebut waé. Gaplék pihartieuna bener-bener pinuh.[4]
Gaplék mangsa revolusi
[édit | édit sumber]Gaplék ogé mangrupa olahan anu geus kacida kolotna, sahenteuna pernah disebut ku présidén Soekarno mangsa revolusi dina buku anu kasohor nyaéta :”Dibawah Bendera Revolusi” anjeunna sasauran bari ngagalurakeun patriotisme, “bangsa Indonesia leuwih hadé dahar gaplék” ti batan meunang pangrojong ti nagara séjén tapi ku daék diutuh étah ku éta nagara. Kitu sasaurana. [5]
Olahan tina bahan gaplék
[édit | édit sumber]- Gaplék anu ditipung jadi tipung tapioka pikeun bahan kuéh [6]
- Gaplék anu diseupan tuluy dibéré ragi jadi peuyeum gaplék[7]
- Tiwul, gatot [8]
- Candil atawa Bubur gerendul [9]
-
Sampeu saméméh dijieun gaplék
-
Sampeu keur dipoé pikeun nyieun gaplék
-
Pabrik pangolahan gaplék di Surabaya
-
Sangu gaplék (Tiwul)
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Taufiq Hidayat Rahmat, Peperenian urang Sunda, Kiblat Buku Utama, 2005
- ↑ Gaplék téh nyaéta
- ↑ Sampeu teu kuat lila diteundeun, gancang buruk
- ↑ Katangtuan ngolah gaplek
- ↑ Soekarno. Ir, Dibawah Bendera Revolusi: Jilid 2, Kaca 489, Banana Books, 14 Jan 2016
- ↑ Gaplek pikeun bahan Tapioka
- ↑ Gaplek bisa ogé dijieun peuyeum
- ↑ Tiwul jeung gator tina bahan gaplek
- ↑ Candil gaplék
Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Gaplék Wonogiri paling kasohor
- Gaplék nyaéta
- Tapioka tina bahan gaplék
- Dibawah Bendera Revolusi: Jilid 2, Leuwih hadé ngadahar gaplek tapi mardéka
- Ngolah beuti sampeu dijieu gaplék
- Pepernian Urang Sunda
Tempo Ogé
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |