Gending Sriwijaya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Gending Sriwijaya mangrupa lagu jeung tari tradisional masarakat Kota Palembang, Sumatera Selatan. Melodi lagu Gending Sriwijaya ditabeuh keur mirig Tari Gending Sriwijaya. Boh lagu atawa tarian ieu ngagambarkeun kaluhungan budaya, kajayaan, jeung kaagungan kamaharajaan Karajaan Sriwijaya anu kungsi digjaya ngahijikeun wilayah kulon Nusantara.[1]

Rumpaka Lagu Gending Sriwijaya[édit | édit sumber]

Di kala ku merindukan keluhuran dahulu kala
Kutembangkan nyanyian lagu Gending Sriwijaya
Dalam seni kunikmati lagi zaman bahagia
Kuciptakan kembali dari kandungan Sang Maha Kala
Sriwijaya dengan Asrama Agung Sang Maha Guru
Tutur sabda Dharmapala Sakyakhirti Dharmakhirti
Berkumandang dari puncaknya Seguntang Maha Meru
Menaburkan tuntunan suci Gautama Buddha sakti.

Borobudur candi pusaka zaman Sriwijaya
Saksi luhur berdiri teguh kokoh sepanjang masa
Memahsyurkan Indonesia di tengah Asia
Melambangkan kéagungan sejarah Nusa dan Bangsa
Taman Sari beserta emas perak Sri Ksetra
Dengarkanlah bualan bagai di Surga Indralaya
Taman puji turunan Maharaja Syailendra
Mendengarkan irama lagu Gending Sriwijaya.

Tari Gending Sriwijaya[édit | édit sumber]

Tarian ieu dipintonkeun keur mapag sémah istiméwa nu datang ka daerah éta, saperti présidén, menteri kabinet, prsidén ti nagara tatangga, duta-duta besar atawa anu dianggep satingkat jeung éta. Biasana pangibing jumlahna 13 jalma.[2]

Keur mapag tamu agung ieu dipintonkeun tarian tradisional salah sahijina nyaéta Gending Sriwijaya, tarian ieu asalna ti mangsa kajayaan kamaharajaan Karajaan Sriwijaya di dayeuh Palémbang anu nempokeun sikep tuan rumah anu ramah, gumbira, sarta bagja, tulus ka sémah anu istiméwa éta.[3]

Tarian Gending Sriwijaya dipintonkeun ku salapan urang pangibing ngora sarta gareulis anu maké busana adat Aesan gedé, Selendang Mantri, paksangkong, Dodot jeung Tanggai. Aranjeunna mangrupa pangibing inti anu dikawal ku pangibing séjén mawa payung sarta tumbak. Sedengkeun ditukangna aya nu ngawih Gending Sriwijaya. Namung ayeuna peran nu ngawih sarta musik pamirigna geus diganti ku nu leuwih modérn saperti mp3 atawa tape recorder. Di wangun aslina musik pamirig ieu kawengku ku gamelan jeung goong. sedeng peran pangawal sok dileungitkeun, utamana lamun tarian ieu dipintonkeun dina gedung atawa panggung jero rohangan. Pangibing panghareupna mawa tepak salaku sekapur sirih keur disembahkeun ka sémah istiméwa anu datang, diiring ku dua pangibing anu mawa pridon anu dijieun tina kuningan. Sekapur Sirih ieu nurutkeun aslina ngan dilakukeun ku putri raja, sultan, atawa bangsawan. nu mawa pridon biasana nyaéta babaturan deukeut atawa inang pangasuh putri.[2]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Paradise, Gendhis.2009.Ensiklopedia Seni & Budaya Nusantara.Jakarta:Kawan Pustaka.
  2. a b Faizi, M.2008.Tari Daerah dari 33 Provinsi.Jakarta:IndonesiaTera.
  3. Singarimbun, Masri.1992.Garamata, Perjuangannya Melawan Penjajahan Belanda, 1901-1905.Jakarta:Balai Pustaka.