Gilgamesh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Titilar anu mungkin ngagambarkeun GIlgamesh minangka pangawasa sato.

Gilgamesh nyaéta inohong pahlawan anu pangdipikawanohna dina jaman Mésopotamia kuno.[1] Ieu inohong téh dianggap minangka raja sémi mitos ti Uruk.[2] Sababaraha lalakonna kapanggih dina basa Akkadia, sarta nyaritakeun lalampahan hiji raja anu embung maot.[1] Lalakonna geus diulik jeung dimekarkeun ku para panulis jeung filsuf ti jaman buhun nepi ka kiwari.[2] Tina lalampahanana, katémbong pentingna perhatian manusa kana perkara paéh, néangan élmu pangaweruh, jeung nyingkah tina patempatan jalma réa.[3] Lalakonna aya dina sababaraha vérsi sarta geus kungsi dipaluruh kamekaranana ti waktu-ka waktu.[4]

Bukti Artefak Téks[édit | édit sumber]

Téks panglengkepna anu ngalalakonkeun Gilgamesh nyaéta aya dina 12 tablét maké basa Akkadia nu kapanggih di Nineveh, di pabukon raja Assirya Ashurbanipal. Lolongkrang lalakon anu aya dilengkepan tina teks séjén nu kapanggih ti tempat séjénna di Mesopotamia jeung Anatolia. Iwal ti éta, aya lima puisi pondok dina basa Sumeria anu dipikawanoh asalna tina tablét nu ditulis dina mangsa paro milénium kadua saméméh maséhi. Judulna "Gilgamesh jeung Huwawa", "Gilgamesh jeung Munding Kasorgaan", "Gilgamesh jeung Agga ti Kish," "Gilgamesh, Enkidu, jeung jeung Nagri Manaboa", sarta "Kalapati Gilgamesh."[1]

Gilgamesh anu disebut-sebut dina éta lalakon puisi téh mungkin maksudna Gilgamesh anu jadi pangawasa Uruk di Mésopotamia kidul kira-kira paro kahiji milénium katilu saméméh maséhi. Manéhna ogé minangka pangawasa panyelang pikeun Agga jeung Kish. Dina daftar raja Sumeria, Gilgamésh ogé kasebutkeun, minangka raja anu ngawasa sanggeus kajadian Caah Rongkah. Sanajan itu, taya bukti sajarah anu nuduhkeun ayana raja anu kasebut-sebut dina éta téks lalakon puisi.[1][5]

Bukti sajarah ayana Gilgamesh kapanggih dina prasasti nu muji manéhna kalawan pangwangunan témbok gedé Uruk (ayeuna Warka, Irak) anu dina carita mah minangka tempat manéhna mimiti nyatet sakabéh lalampahanana dina néangan ma'na hirup.[2] 

Lalakon[édit | édit sumber]

Sesemplékan lalakon Gilgamesh dina bagian carita caah rongkah.

Dumasar kana vérsi ti Niniveh, lalakon dimimitan ku prolog anu nyebut-nyebut kaagungan Gilgamesh.[1] Manéhna disebutkeun minangka manusa anu boga kaistiméwaan jeung kakuatan gaib, pangwangun jeung satria anu mikanyaho sagala hal nu aya di darat jeung di laut.[1] Pikeun nalukkeun Gilgamesh anu katingalina ngalarapkeun aturan anu keras, déwa anu tuluy nyiptakeun Enkidu, nyaéta manusa gangas anu mimitina mah hirup di antara sasatoan. Tapi, Enkidu geuwat-geuwat sina diajar hirup kumbuh cara urang kota, tuluy dititah lalampahan ka Uruk, tempatna Gilgamesh.[1][6]

Dina tablét kadua digambarkeun aya adegan adu jajatén antara dua lalaki. Ari anu meunangna nyaéta Gilgamésh. Geus kitu, Enkidu jadi nu tuluy maturan (dina téks Sumeria mah disebutna, abdi/budak) Gilgamésh. Dina tablét katilu nepi kalima, éta dua lalaki téh indit babarengan ngalawan Huwawa (Humbaba), nyaéta jagabaya leuweung mencil cédar anu ditugaskeun ku para déwa. Tablét kagenep nuduhkeun Gilgamésh anu geus mulang deui ka Uruk, nolak panglamar Ishtar, sang déwi asmara, tuluy bari dibantuan ku Enkidu, hasil maéhan munding kadéwan anu dikirimkeun pikeun ngancurkeun manéhanana.[1][6]

Tablét katujuh dimimitian ku lalakon nkidu ngeunaan ngimpi déwa Anu, Ea jeung Shamash mutuskeun Énkidu kudu maot lantaran geus maéhan munding téa. Enkidu tuluy gering jeung ngimpikeun "imah lebu" anu geus nungguan manéhna. Gilgamesh tunggara kacida ku kaayaan éta batura, sarta pamakaman kanagaraan pikeun Enkidu dilalakonkeun dina tablét kadalapan. Geus kitu, Gilgamesh ngalakukeun lalampahan anu bahaya (dina tablét IX jeun X) pikeun néangan Utnapishtim, nyaéta jalma anu salamet tina caah rongkah Babilonia, pikeun diajar sangkan teu maot. Ahirna Gilgamésh nepi ka Unapishtim, anu nyaritakeun lalakon Caah Rongkah, sarta nuduhkeun ka manéhna tempat perenahna pepelakan nu bisa ngajadikeun ngora deui. Tapi sanggeus Gilgamesh meunang éta pepelakan, éta pepelakan téh dirawél ku oray. Nu matak, Gilgamesh balik deui ka Uruk bari sedih kacida.[1][6]

Aya lalakon tambahan tina tablét XII nu patali jeung leungitna banda anu disebut pukku jeung mikku (mungkin "gendang" jeung "panakol") anu dibikeun ka Gilgamesh ku Ishtar. Éta lalakon dipungkas ku Enkidu anu hirup deui, sarta jangja pikeun mulihkeun objék sarta tuluy méré katerangan anu surem ngeunaan dunya handap.[1][6]

Caah Rongkah[édit | édit sumber]

Dina lalakon Gilgamesh aya bagian-bagian anu nyaritakeun kajadian caah rongkah Akkadia. Kajadian caah rongkah gumulung minangka hiji épisodeu tungggal dina tablét ka-XI dina pedaran anu leuwih panjang.[7] Ieu carita dina Gilgamesh dianggap kawangun tina hiji lalakon mandiri anu lain museur kana kahirupan Gilgamesh, tapi leuwih kana lalampahan jeung ancurna manusa. Bisa dipastikeun yén kajian caah rongkah dina éta lalakon asalna tna catetan-catetan nu leuwih kolot anu ditulis dina milénium kadua saméméh maséhi. Euweuh conto anu dipikawanoh ngeunaan ayana hiji lalakon Gilgamesh ti Babilonia Kuno anu patali jeung kajadian saperti kitu.[7]

Dina lebah ieu Utnapishtim nyaritakeun ajadian caah gedé ka Gilgamesh. Utnapishtim nyebutkeun paréntah anu ditampa ku manéhna ti para déwa saperkara éta caah: "Runtagkeun ieu imah, tuluy pék jieun parahu, tinggalkeun harta banda, salametkeun nyawa anjeun... pék bawa dina éta parahu rupaning binih tina sakabéh mahluk hirup." Éta lalakon téh aya sasaruaanana jeung carita Nabi Nuh dina Al-Quran jeung AlKitab.[8]

Dina lalakon Gilgamesh ti Assyria, pahlawan tina kajadian caah rongkah éta ngaranna Utnapishti. Éta ngaran téh hartina "kuring-manggihan-kahirupan", sarta kalawan teu langsung kagagas tina garan dina basa Sumeria, Ziusudra.[7] Aya anu nganggap yén Urnapishti téh sarua atawa boga lalakon anu persi saperti Nuh.[9] Carita caah rongkah dina lalakon Gilgamesh ditulis minangka upaya manusa pikeun meunangkeun kaabadian hirup.[9]

Warisan & Padungdengan[édit | édit sumber]

Tina lalampahan bajoangna pikeun néangan harti kahirupan, Gilgamésh nangtang paéh. Lantaran kitu, manéhna jadi pahlawan épik munggaran dina sastra dunya. Katunggaraan Gilgamesh jeung pananya anu muncul lantaran baladna paéh, jadi eunteung pikeun unggal manusa anu pahibut jeung mana hirup dina nyanghareupan ajal. Sanajan Gilgamésh ahirna mah gagal sangkan meunang kaabadian dina éta lalakon, tapi éta lalampahanna téh hirup dina tulisan.[10]

Lalakon Gilgamesh téh geus aya dina wangun lisan saméméh dituliskeun, sarta réa padungdengan perkara naha aya kénéh lalakon anu leuiwih kolot ti batan nu aya di Suméria, atawa tuluy Babilonia dina pangaruh budaya. Vérsi carita anu kasimpen, misalna tinulis asalna ti Shin-Leqi-Unninni, anu gedé kamungkinanana minangka salah sahiji tina bahan-bahan sumber asli Sumeria.[10]  

Réferénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j "Gilgamesh | Epic, Summary, & Facts". Encyclopedia Britannica. Diakses tanggal 2020-11-19. 
  2. a b c "Gilgamesh". Ancient History Encyclopedia. Diakses tanggal 2020-11-19. 
  3. The Epic of Gilgamesh. Penguin UK. 1973-10-25. ISBN 978-0-14-190718-5. 
  4. Tigay, Jeffrey H. (2002). The Evolution of the Gilgamesh Epic. Bolchazy-Carducci Publishers. ISBN 978-0-86516-546-5. 
  5. Black, Jonathan (2015-05-04). Sejarah Dunia yang Disembunyikan (dalam Indonesian). Pustaka Alvabet. ISBN 978-602-9193-67-1. 
  6. a b c d Arif, H. A. Kholiq (2010-01-01). MATA AIR PERADABAN ; Dua Milenium Wonosobo (dalam Indonesian). Lkis Pelangi Aksara. ISBN 978-979-25-5331-4. 
  7. a b c Finkel, Dr Irving. Bahtera Sebelum Nabi Nuh: Kisah Menakjubkan tentang Misteri Bencana Banjir di Zaman Kuno (dalam Indonesian). Pustaka Alvabet. ISBN 978-602-9193-57-2. 
  8. Arif, H. A. Kholiq (2010-01-01). MATA AIR PERADABAN ; Dua Milenium Wonosobo (dalam Indonesian). Lkis Pelangi Aksara. ISBN 978-979-25-5331-4. 
  9. a b Wahono, S. Wismoady (1986). Di sini kutemukan: petunjuk mempelajari dan mengajarkan alkitab (dalam Indonesian). BPK Gunung Mulia. ISBN 978-979-415-391-8. 
  10. a b Gardner, John (2011-09-28). Gilgamesh. Knopf Doubleday Publishing Group. ISBN 978-0-307-76082-1.