Gojūon
Gojūon (五十音) nyaéta susunan kana dina Basa Jepang. Gojū (五十) hartina `lima puluh', jeung on (音) hartina 'sora', mangka gojūon hartina susunan 'lima puluh'. Sanajan kitu, ngan aya 46 sora umum, tambah 2 nu jarang dipake.
Gojūon ngawengku sakabeh kana dasar, iwal ti
- versi kana nu make dakuten saperti が atawa だ,
- kana huruf leutik, saperti っ keur つ,
- kana nu ditambahkeun ょ, bentuk yōon, saperti きょ atawa しゃ.
Susunan gojūon ilahar dipake keur nyusun Basa Jepang di Jepang. Upamana, kamus disusun make metoda ieu. Sistim sejen nu dipake nyaéta susunan iroha, jeung susunan radikal keur kanji.
Sajarah
[édit | édit sumber]Gojūon ngarupakeun "penemuan" kuno. Runtuyan konsonan dina gojūon asalna tina runtuyan konsonan Basa Sansakerta. Conto mimiti gaya gojūon geus aya dina periode 1004-1028. Sacara jentre bisa dibedakeun jeung conto alternatip susunan iroha ti taun 1079.
Tabel
[édit | édit sumber]Tabel ieu maké sistim nangtung tulisan Jepang, sarta kudu dibaca ti katuhu ka kénca. Dina unggal asupan, asupan pangluhurna nyaéta hiragana, asupan kadua nyaéta katakana, asupan katiulu nyaéta kana dina romanisasi Hepbrun, sarta asupan kaopat nyaéta cara ngucapkeun tulisan dina International Phonetic Alphabet (IPA). Tempo fonologi Basa Jepang keur leuwih jentre dina unggal sora.
/N/ | /w/ | /r/ | /y/ | /m/ | /h/ | /n/ | /t/ | /s/ | /k/ | ø | |
ん、ン N m n ŋ ã ĩ ɯ̃ ẽ õ |
わ ワ wa ɰa |
ら ラ ra ɾa |
や ヤ ya ja |
ま マ ma ma |
は ハ ha ha |
な ナ na na |
た タ ta ta |
さ サ sa sa |
か カ ka ka |
あ ア a a |
vowel /a/ |
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
ゐ1 ヰ wi i |
り リ ri ɾʲi |
み ミ mi mʲi |
ひ ヒ hi çi |
に ニ ni nʲi |
ち チ chi ʨi |
し シ shi ɕi |
き キ ki kʲi |
い イ i i |
vowel /i/ | ||
る ル ru ɾɯ |
ゆ ユ yu jɯ |
む ム mu mɯ |
ふ フ fu ɸɯ |
ぬ ヌ nu nɯ |
つ ツ tsu ʦɯ̈ |
す ス su sɯ̈ |
く ク ku kɯ |
う ウ u ɯ |
vowel /u/ | ||
ゑ1 ヱ we e |
れ レ re ɾe |
め メ me me |
へ ヘ he he |
ね ネ ne ne |
て テ te te |
せ セ se se |
け ケ ke ke |
え エ e e |
vowel /e/ | ||
を ヲ wo o |
ろ ロ ro ɾo |
よ ヨ yo jo |
も モ mo mo |
ほ ホ ho ho |
の ノ no no |
と ト to to |
そ ソ so so |
こ コ ko ko |
お オ o o |
vowel /o/ |
1 Kana ieu teu leuwih panjang tinimbang nu ilahar dipaké.
Susunan
[édit | édit sumber]Dina nyusun dumasar kana gojuon, kana versi leutik disusun ku jalan nu sarua dina versi pinuh:
- sokuon, kana tsu leutik, disusun saperti dina tsu gedé, sarta disimpen saanggeusna. Conto,
- まつ まったく まつば まとう (matsu, mattaku, matsuba, matou)
- sora yōon disusun ku cara nu sarua dina ukuran gedé sarta, saméméhna, contona,
- きょ きよ きょい きよい きょう (kyo, kiyo, kyoi, kiyoi, kyou)
Versi sora tina kana (nu maké dakuten) disimpen saanggeus kana, sarta diasupkeun kana versi tanpa sora, contona,
- すすき すずき すずしい すすむ (susuki, suzuki, suzushii, susumu).
Cara nginget
[édit | édit sumber]Dina usaha ngapalkeun gojuon, salah sahiji carana nyaéta ngapalkan susunan mimiti, upamana:
A Ka Sa Ta Na Ha Ma Ya Ra Wa
Rujukan
[édit | édit sumber]- "The Japanese language", Roy Andrew Miller, ISBN 0226527182, ngajelaskeun asalna gojūon dina Basa Sansakerta.
- Gendai Kokugo Reikai Jiten, ISBN 4095010428, dipaké nu nangtukeun conto dina runtuyan kamus.
- wikipedia basa Inggris, Agustus 2006.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- sci.lang.japan FAQ on the origin of kana order contains the relevant quote from the above reference.
- Kana Tabel (PDF)