Lompat ke isi

Hafshoh binti Umar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bagian tina serial Islam

Ummahatul Mu'minin
Garwa-garwa Nabi Muhammad

Siti Khodijah binti Khuwailid

Saudah binti Zam'ah

Aisyah binti Abu Bakar

Hafshoh binti Umar

Zaénab binti Khuzaémah

Hindun binti Abi Umayyah

Zaénab binti Jahsy

Juwaériyah binti al-Harits

Romlah binti Abu Sufyan

Shofiyah binti Huyay

Maémunah binti al-Harits

Maria binti Syama’un

Kotak ieu: temposawalaédit

Hafshoh binti Umar (Arab:حفصة بنت عمر) nyaéta salah sawios istri Nabi Muhammad s.a.w. anjeunna randa ti sohabat Khunais bin Hudhafah al-Sahmiy r.a. anu gugur dina Perang Badar.

Nasabna

[édit | édit sumber]

Nami lengkep Hafshoh nyaéta Hafshoh binti Umar bin Khoththob bin Naf’al bin Abdul-Uzza bin Riyah bin Abdulloh bin Qurt bin Rojah bin Adi bin Luay ti suku Arab Adawiyah. Ibuna nyaéta Zaénab binti Madh’un bin Hubéb bin Wahab bin Hudzafah, dulur awéwé Utsman bin Madh’un.

Biografi

[édit | édit sumber]

Ti leutik nepi ka gedé

[édit | édit sumber]

Hafshah lahir dina taun anu kacida kasohor dina sajarah urang Qurésy, nyaéta nalika Rasullullah s.a.w. mindahkeun batu Hajar Aswad ka tempatna sanggeus Ka’bah diwangun deui alias dihadéan satasna rubuh ku banjir. Dina taun éta ogé dilahirkeun Fathimah az-Zahro, putri bungsu Rasulullah s.a.w. ti antawis opat putrina, jeung kalahiranana disambut gumbira Kangjeng Nabi s.a.w. Sababaraha poé sabada Fathimah lahir, lahir ogé Hafshoh binti Umar bin Khoththob. Ngareungeu nu lahir orok awéwé, Umar buringas jeung hariwang, kabiasaan bapa-bapa urang Arab Qurésy mun ngadéngé lahir anak awéwé. Waktu harita nganggap kalahiran anak awéwé mawa aib pikeun kulawarga. Padahal mun danget harita Umar nyaho lahir anak awéwéna bakal mawa piuntungeun, tangtu Umar r.a. atawa Umar bin al-Khattab bakal jadi jalma pangbagjana, karana anak nu dingaranan Hafshoh binti Umar bin al-Khattab ésok baring supagi janten istri Rasulullah s.a.w, digentraan kugelar Ummul mu'minin (indungna jalma anu ariman). Dina at-Thabaqat, Ibnu Saad nyaur, “Muhammad bin Umar nyarita yén Muhammad bin Zaid bin Aslam, ti bapana, ti akina, Umar nyarioskeun, Hafshoh dilahirkeun waktu urang Qurésy ngahadéan Ka’bah, lima tahun saméméh Nabi s.a.w. diutus janten Rosul s.a.w.”

Siti Hafshoh r.a. dina wawanén ngawaris sifat ramana, Umar bin al-Khattab. Lébér wawanén béda jeung awéwé nu séjén, sonagar jeung capétang tur tangkes lamun ngomong. Siti Aisyah r.a. ngagambarkeun watekna Siti Hafshoh r.a. sarua jeung bapana. Kaleuwihan séjénna Siti Hafshoh r.a. pinter nulis jeung maca nu can ilahar zaman harita pikeun awéwé, ogé urang Arab umumna.

Asup Islam

[édit | édit sumber]

Siti Hafshoh r.a. teu ka lebet nu mimiti asup Islam, karana dina awal sumebarna Islam, bapana Siti Hafshoh, nyaéta Umar bin Khaththab r.a., masih kénéh jadi musuh umat Islam dugi ka hiji waktu kataji ku Islam. Umar r.a. Nyaho dulur awéwéna, Fathimah binti Khotob jeung salakina, Said bin Zaid geus asup Islam, kacida ambekna bari ngagidig. Tepi ka imah dulur awéwéna, Umar r.a. ngareungeu Al-Qur’an dibaca ti jero imah, bari kekerot bakating kuambek asup ka imah. Duana ditampiling, bakating kutarik-tarikna tepi ka getih kaluar tina irung. Nempo getih ngaley tina irung dulur awéwéna haténa aya rasa karunya, dicokot lambaran Al-Qur’an. Nalika salintas maca awal Surat Thoha, diilo. Haté Umar r.a. ngaleketey ngadadak anjeunna asa caang padang meunang hidayah. Allah S.W.T. geus ngaijabah doa Nabi s.a.w. anu ngaharepkeun hidayah Islam ti antara dua Umar, nyaéta Umar bin al-Khattab atawa Amr bin Hisyam (Abu Jahal). Alloh S.W.T. milih Umar bin al-Khattab r.a.

Satutasna ti imah dulur awéwéna, ngagidig bari gancang nuju ka imah Rasulullah s.a.w. lain badé ngajorag Sang Nabi s.a.w. tapi seja baiat kaislaman di payuneun Rosululloh s.a.w, Umar bin Khaththab lir ibarat béntang nu nyaangan jalan da'wah Islam. Sabada ngucapkeun kaislamanana, Umar bin Khaththab gancang nepungan kulawargana supaya asup Islam. Kabéh kulawarga Umar r.a., kaasup Hafshoh, putrina nu kakara umur sapuluh taun.

Rarabi Jeung Hijrah ka Madinah

[édit | édit sumber]

Islamna Umar r.a. mawa untung gedé pikeun kaum muslimin dina nyanghareupan kakejeman kaum Qurésy. di antara pangaruhna, sabagian nu Hijrah ka Habasyah ngarasa aya harepan jeung taméng pikeun balik ka lemburna di Mekah. Di antara saurang pamuda, namina Khunaes bin Hudzafah as-Sahami. Pamuda ieu kacida micintana ka Rasulullah s.a.w. saperti ka kulawarga jeung lemburna, Mekah. anjeunna hijrah ka Habasyah keur nyalametkeun diri jeung agamana saluyu paréntah Alloh S.W.T. jeung Rosul s.a.w. Satepina di Mekah, tuluy nepungan Umar bin Khaththab r.a., di dinya papanggih jeung Hafshoh r.a. anjeunna ménta ka Umar r.a. supaya dirina dinikahkeun jeung Hafshoh r.a., Umar r.a. satuju. Pernikahan antara mujahid jeung mu'minah dumasar iman jeung takwa pinuh kabagjaan.

Nalika Alloh nyaangan kota Yatsrib ku cahaya Islam, Rasulullah s.a.w. ngizinkeun kaum muslimin hijrah ke Yatsrib pikeun ngajaga akidah jeung diri umat Islam tina panyiksa jeung kakezholiman kaum Qurésy. Dina hijroh ieu, Hafshoh jeung salakina, Khunaes bin Hudzafah as-Sahami bareng ka Yatsrib anu engké bakal ganti ngaran jadi kota Madinah al-Munawaroh.

Cocoba jeung Ganjaran

[édit | édit sumber]

Sabada hijroh Rosululloh s.a.w. ka Madinah sarta bisa ngaraketkeun ukhuwwah (duduluran) antara Muhajirin jeung Anshor[1], geus cunduk mangsana nyanghareupan kaom musyrik sareng paréntah Alloh pikeun perang ngalawan kaom musyrik geus turun.

Peperangan antara umat Islam jeung kaom musyrik Qurésy nyaéta Perang Badar. Dina ieu peperangan, Alloh nunjukkeun ka abdi-abdi-Na kameunangan sanajan jumlahna saeutik. Khunaes bin Hudzafah as-Sahami kaasup pasukan kaom muslimin tapi anjeunna kénging raheut anu parah, Gusti Alloh ngersakeun Khunaés maot syahid dina ngalawan kabatilan jeung kezoliman, Siti Hafshoh r.a. janten rangda. Waktu harita yuswa Siti Hafshoh kakara dalapan welas taun, tapi Siti Hafshoh r.a. sobar dina narima cocoba.

Umar r.a. kacida nalangsa nempo anakna jadi rangda ngora, ku kituna anjeunna ngazam dina haté seja néangan pisalakieun hiji lalaki muslim anu soléh, supaya teu jadi pikiraneun terus anjeunna salaku bapa. Mimiti indit ka imah Abu Bakar r.a. jeung ménta kasayagianana ngawin Siti Hafshoh r.a. Tapi Abu Bakar ngabetem, teu ngajawab. Mireungeuh kitu, Umar r.a. miang ka imah Utsman bin 'Affan r.a. tapi anjeunna ogé nolak da keur sedih némbé dikantun maot istrina, Siti Ruqoyah binti Rosulillah s.a.w.

Antukna, Umar bin Khotob r.a. bari kucéwa nepungan Rosululoh s.a.w. ménta bongbolongan jeung ngajentrékeun sikep dua sohabatna, Abu Bakar jeung Umar r.a. Ngabandungan kitu, Rosululloh s.a.w ngadawuh: Hafshoh bakal meunang jodo nu leuwih hadé ti batan Abu Bakar jeung Utsman. 'Utsman bakal meunang jodo nu leuwih hadé ti batan Hafshoh. Mimitina mah Umar r.a. can ngarti, tapi ku cerdasna Umar r.a. mireungeuh dawuhan Nabi s.a.w., anjeunna ngarti saha atuh anu leuwih hadé ti Abu Bakar jeung Utsman r.a. iwal ti Nabi s.a.w. nu bakal ngalamar Siti Hafshoh r.a.

Asa ditonjok congcot, mobok manggih gorowong, kacida bungahna bungah kagiri-giri. Bral Umar r.a. amit mungkur tuluy ka imah Abu Bakar r.a. ngabébérkeun rék nepikeun maksud Rosululloh s.a.w. téa. Pok Abu Bakar r.a nyaur: Lain maksud kuring seja nolak Hafshoh, hé Umar, tapi Rosululloh s.a.w. geus nyebut-nyebut Hafsoh, kuring teu mungkin ngbolékérkeun ieu rusiah ka anjeun. Lamun seug, Rosul s.a.w. ngantep teu nyebut-nyebut Hafshoh, pasti kuring ngalamar Hafshoh. Kakara Umar r.a. ngarti sababna Abu Bakar r.a. cicing waé waktu ditawaran ngawin anak awéwéna, Hafshoh r.a, barukan kitu geuning.

Sedengkeun sikep Utsman r.a. nu sedih ku lantaran dikantun Ruqoyah r.a. jigana ngamaksud ngalamar adina Ruqoyah, nyaéta Ummu Kultsum r.a binti Rosululloh s.a.w. supaya nasabna teu pegat jeung Kanjeng Nabi s.a.w. Amprokna jodo Utsman r.a. nikah ka Ummu Kultsum r.a. jadi pangbeberah keur Utsman r.a. dugi ka digelaran Dzun-Nurain (Nu gaduh dua cahaya). Nikahna Rosululloh s.a.w. ka Siti Hafshoh r.a. dianggap minangka panghormatan jeung ngahargaan ka Umar r.a. sagigireun Hafshoh r.a. minangka rangda mujahid tur muhajir, Khunais bin Hudzafah as-Sahami r.a.

Rarabi miwah Rosululloh s.a.w

[édit | édit sumber]

Dina rumah tangga Rosululloh s.a.w, Hafshoh r.a.[2] nempatan kamer husus, sarua kawas Saudah binti Zum’ah jeung Aisyah binti Abu Bakar r.a. Geus ilahar awéwé salaku manusa, Aisyah r.a. timburuan ka Hafshoh r.a lantaran sapantaran, béda jeung Saudah binti Zum’ah r.a. anu nganggap Hafshoh r.a. minangka wanita mulya putri Umar bin Khotob r.a, sohabat Rasulullah s.a.w. nu kapihormat.[3]

Umar r.a. paham kumaha ajén Aisyah r.a. dina manah Rosululloh. ku kituna Umar r.a. pesen ka putrina supaya akur jeung Aisyah r.a. silih pikanyaah turta ngajaga sikep supaya teu pagétréng. Tapi nu ngaran manusa jeung awéwé, aya waé pimasalaheun jeung timburu. Kalayan jembar manahna Rosululloh s.a.w. ngakurkeun di antara bojo-bojona.

Contona lungsur ayat surat 66 at-Tahrim ti antawisna balukar tina silih timburuna antara 'Aisyah jeung Hafshoh r.a, Nabi s.a.w. digentraan ku Gusti Alloh S.w.T: Naha anjeun ngaharamkeun naon nu dihalalkeun Alloh pikeun anjeun (madu) kusabab bojo-bojo anjeun éstu Alloh nu Maha Pangampura tur deudeuh. Tepikeun dawuh Mantena (Alloh): Lamun seug duaanana (Aisyah jeung Hafshoh), aranjeun tobat éstu haté aranjeun condong (kana kahadéan), tapi lamun keukeuh nyusahkeun Nabi, éstu Alloh, nu ngajaga ngariksa disarengan Jibril, tur nu soléh ti jalma ariman. Malaékat ogé moal cicingeun pasti ngabantu. Lamun Nabi mirak aranjeun, tianangtu Alloh maparin istri gantina nu leuwih, patuh, iman, toat, rajin tobat, ibadah, puasa, bisa parawan atawa rangda.[4]

Cocoba Rumah Tangga

[édit | édit sumber]

Hafshoh sok tatanya ka Rosululloh s.a.w. tina mang pirang-pirang masalah, sual ieu Umar r.a. minangka bapana ngambek ka Hafshoh, sedengkeun Rosululloh s.a.w. mayunan Hafshah kalayan lemah lembut tur pinuh kanyaah. Dawuh Nabi s.a.w: “Wasiat aranjeun (lalaki) ka wanita kucara nu hadé.” Rosululloh s.a.w. kungsi bendu pisan nalika istri-istrina mundut tambahan nafkah, gancang Umar r.a. muru bumi Rosululloh s.a.w., cunduk ka tempat nu dituju katingal raray para bojo Rosululloh s.a.w. teu saperti biasana.

Kacatur Rosul s.a.w. dugi ka sumpah moal campur sabulan sareng istri-istrina dugi ka saladar kabéhanana. Geuwat Umar r.a. nyalukan Hafshoh r.a. nanyakeun masalahna, nganaséhatan supaya ulah nyiar pibendueun Rosul s.a.w., jeung kudu sadar yén Rosul téh teu luhur kuta gedé dunya da dunya mah mung sasampireun. Dawuh Alloh S.w.T: “Hé Nabi, tepikeun ka bojo-bojo anjeun, lamun aranjeun mikarep kadunyaan jeung sagala hiasanana, hayu ka dieu, kukuring baris dicumponan ngan kuring bakal mirak aranjeun kalayan hadé. Jeung lamun aranjeun (para istri) nyiar (ridho) Alloh tur Rosul-Na ogé (kabagjaan) di nagri akhérat, éstuning Gusti Alloh bakal nyayagikeun pikeun abdi-abdi-Na pahala anu kacida ageungna.[5]

Rasulullah s.a.w. ngajauhan istri-istrina sabulan lamina di hiji kamer anu misah bari hiji budak anu ngarana Rabah diuk di hareupeun panto kamer. Sajut kajadian ieu sumebar berita anu matak guling gasahan para istri Rosul s.a.w. yén Rosul s.a.w. mirak para istrina. Umar r.a. manggihan putrina, Hafshoh r.a. nu kasampak keur ceurik cirambay ku cipanon. Bari pok Umar r.a. nyarita: Sigana Rosul geus nalak anjeun, kan Rosul geus nalak anjeun sakali, tuluy rujuk karana ngahargaan ka bapa. Lamun sakali deui Rosul nalak, bapa moal ngomong deui. Hafshoh r.a. nangis ngarasa kaduhung teu ngadéngé peupeujeuh ti salakina, Rosul s.a.w. jeung bapana, Umar r.a.

Sanggeus sabaraha poé Rosul s.a.w. ngerem manéh di kamer, can aya saurang ogé anu bisa naha Nabi s.a.w. nalak istri-istrina atawa henteu. Teu sabar, Umar r.a. geuwat nepungan Rasul s.a.w. nu keur nyorangan. Lain ku sabab anakna, Hafshoh tapi cintana ka Nabiyyulloh sagigireun hayang mastikeun isu anu sumebar. Umar r.a. ngarasa anak awéwéna cukang lantaranana, ménta penjelasan ti Rosul s.a.w. nu sabenerna. Buktina Rosul s.a.w. henteu nalak bojo-bojona. Gura-giru, Umar r.a. amit mundut izin seja ngabewarakeun di masjid yén Rosul s.a.w. teu mirak istri-istrina. Atuh, béwara disambut bingah kabina-bina kaum muslimin utamana istri-istri Rosululloh s.a.w.

Sabada sabulan lekasan, Rosululloh s.a.w. saperti biasa ngadatangan bojo-bojona. Hafshoh r.a. anu ngarasa pang kaduhungna (meureun ku sabab ari nyarita sok togmol tara didingding kelir kawarisan bapana nu to the point). ku kituna deuheusna ka Alloh mikin dironjatkeun minangka tebusan ka Rosululloh s.a.w. janten rajin ibadah, puasa jeung solat peuting dugi ka Rosululloh s.a.w. wafat mulih ka jati mulang ka asal mayu ka Robbul 'izzati. Di zaman Kholifah Abu Bakar jeung Umar r.a.

Nu Nyepeng Mushaf nu Mimiti

[édit | édit sumber]

Siti Hafshoh r.a. hiji-hijina istri Nabi s.a.w. nu pinter maca jeung nulis. Di zaman Nabi s.a.w. Al-Qur’an dijaga dina afalan dada para sohabat r.a. Mangsa Kholifah Abu Bakar r.a. loba para sohabat anu gugur dina perang Riddah (merangan anu murtad) Umar bin Khaththab ra.a. ngarasa hariwang kana Al-Qur'an, ngadorong Kholifah Abu Bakar r.a. ngintruksikeun supaya ngumpulkeun Al-Qur’an anu paburencay. Awalna Abu Bakar r.a. ngarasa khawatir lamun ngumpulkeun Al-Qur’an dina hiji kitab hiji perkara bid'ah anu euweuh zaman Rosul s.a.w.

Ku taofék Alloh cukang lantaran Umar, Kolifah Abu bakar r.a. maréntahkeun Zaid bin Tsabit r.a. ngumpulkeun Al-Qur’an. Sabada, Abu Bakar r.a. wafat disimpen Kholifah Umar r.a. Sabada Umar r.a. wafat, Mushaf asli Al-Qur’an dititip di bumina Hafshah r.a, Ummul Mu'minin r.a. Nembé di zaman Kholifah Utsman r.a. disuhunkeun kanggo disalin, terus nu aslina dibalikkeun deui ka Siti Hafshoh dugi ka pupus.

Wafatna Siti Hafshoh binti Umar r.a.

[édit | édit sumber]

Siti Hafshoh r.a. wafat numutkeun riwayat, dina taun ka 47 H mangsana pamaréntahan Mu’awiyah bin Abu Sofyan. Dikurebkeun di Baqi’, sajéjér jeung makamna istri-istri Nabi s.a.w. nu sanés.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. ^Ibnu Sa’ad di Tobaqot kalayan sanad ti Syekhna, al-Waqidi nyebutkeun, nalika Rasululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam sumping di Madinah, Nabi s.a.w. ngaraketkeun duduluran antara antara kaum Muhajirin jeung sabagian lainna, jeung ngaraketkeun duduluran kaum Anshâr jeung kaum Muhajirin. Rasulullah S.a.w. ngaraketkeun duduluran dina al-haq, supaya silih tulungan, silih waris sabada (dulurna) pupus. Nalika Nabi s.a.w. ngaraketkeun duduluran, jumlah sadaya muslimin 90 urang, 45 urang ti kaom Anshor dan 45 urang tim kaom Muhajirin. Aya sakaol nu nyebatkeun 100 urang, masing-masing 50 urang.
  2. https://mahluktermulia.wordpress.com/2010/02/06/hafsah-binti-umar/
  3. http://library.islamweb.net/newlibrary/display_book.php?idfrom=465&idto=466&bk_no=131&ID=516
  4. ^^^ QS 66 At Tahrim: 1, 4 & 5.
  5. ^^^ QS.33 Al-Ahzab :28

Pranala

[édit | édit sumber]