Siti Khodijah binti Khuwailid

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Khodija
Bagian tina serial Islam
Muhammadwives.png
Ummahatul Mu'minin
Garwa-garwa Nabi Muhammad

Siti Khodijah binti Khuwailid

Saudah binti Zam'ah

Aisyah binti Abu Bakar

Hafshoh binti Umar

Zaénab binti Khuzaémah

Hindun binti Abi Umayyah

Zaénab binti Jahsy

Juwaériyah binti al-Harits

Romlah binti Abu Sufyan

Shofiyah binti Huyay

Maémunah binti al-Harits

Maria binti Syama’un

Kotak ieu: temposawalaédit


Khadijah binti Khuwailid bin Asad al-Qurésyiyah (68-3) SH (Saméméh Hijrah) ngarupikeun Ummul mu'minin (indung jalma anu ariman), garwa munggaran (kahiji)  Kanjeng Nabi Muhammad Saw, ibu ti sadaya putra putrina kecuali Sayyid Ibrohim bin Muhammad. anjeunna rarabi jeung Kangjeng Nabi saméméh  hijrah sareng  parantos gaduh firasat  yén carogéna calon nabi. Nalika carogéna tapa (khalwat) di Guha Hiro teras lungsur wahyu, anjeunna nu pangheulana iman ka Nabi tuluy mawa ieu béja téa ka Warokoh bin Naofal, anu negeskeun carogéna téh Nabi ieu umat (akhir zaman). 

Siti Khodijah ngarupikeun jalmi anu mimiti asup Islam ti antara lalaki jeung awéwé nu mimiti wudu jeung solat. Ngiring ngarasakeun pait peuheurna marengan da'wah Kangjeng Nabi kalayan sobar ngahareupan delekana kaum Qurésy ka kaum muslimin. Dugi ka kajadian isolasi (diasingkeunana)  Bani Hasyim jeung Bani Mutolib salila 3 taun dina kalaparan tepi ka geuringna Siti Khodijah. Teu lila satutasna dicabut isolasi Bani Hasyim jeung Bani Mutolib, tilu poé atawa leuwih  sabada wafat Abu Tholib, mamang Nabi, nyusul  Siti Khodijah r.a wafat yuswa 65 taun kumargi geuring dina taun 629 M. Lilana laki rabina sareng Kangjeng Nabi 24 taun 6 sasih dikurebkeun di Pamakaman Ma'la di Mekah.

Siti Khodijah gaduh kalungguhan utama dina Islam. Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh r.a, Nabi ngadawuh: "Sahadé-hadéna awéwé di dunya aya opat (nyaéta): Maryam binti Imron, Binti Mazahim (istri Fir'aon), Khodijah binti Khuwailid, sareng Fatimah binti Muhammad". Jibril sumping ka Nabi ngadawuh: Ya Rasulalloh, Khadijah datang nyandak tuangeun sareng leueuteun. Upami datang ka anjeun, titip salam ti Gusti Alloh jeung ti sim kuring. Teras béjakeun bumina (Siti Khodijah) di surga didamel tina mutiara, euweuh ruwah riweuh jeung moal capék.[1]

Biografi[édit | édit sumber]

Nasabna[édit | édit sumber]

  • Khodijah bint Khuwailid bin Asad bin Abdul Uzza bin Qushoy bin Kilab bin Murroh bin Ka'ab bin Luay bin Gholib bin Fihr bin Malik bin an-Nadhor (digelaran Qurésy) bin Kinanah bin Khuzaimah bin Mudrikah bin Ilyas bin Mudhor bin Nizar bin Ma'ad bin Adnan. Nasabna patepung jeung Rasul Shollallahu 'alaihi wasallam di Qushoy bin Kilab.
  • Ramana Khuwailid bin Asad salah sahiji gegedén Qurésy.
  • Ambuna Fatimah binti Zaidah bin al-Ashom bin Rowahah bin Hajar bin 'Abd bin Mu'ish bin Luay bin Gholib bin Fihr bin Malik bin an-Nadhor (digelaran Qurésy) bin Kinanah bin Khuzaimah bin Mudrikah bin Ilyas bin Mudhor bin Nizar bin Ma'ad bin Adnan. Ninina Halah binti Abd Manaf
  • Keluarga deukeut  (liana): Mamangna, Amru bin Asad, dulur sakandung, Halah binti Khuwaiilid ngarupikeun ambuna Abul 'Ash bin ar-Rabi' anu nikah sareng Zaénab bin Muhammad, putra dulurna Hakim bin Hizam sareng Zubér bin Awwam sareng anak mamangna, warokoh bin Naofal.

Babarna[édit | édit sumber]

Khodijah binti Khuwailid babar di Mekah, 15 taun leuwih kolot ti batan Kangjeng Rasul Shollallahu 'alaihi wasallam (kira-kira taun 556) M. Hirup dina sarwa aya tur hadé paké tur ginding , hadé rupa, wanda jeung basa. ku kituna digelaran at-Thohiroh (anu bersih, si hérang méncrang).

Rarabina[édit | édit sumber]

Aya béda, numutkeun Ahlus-sunnah (Sunni), Siti Khodijah rarabi 2 kali saméméh jeung Nabi (carogé katilu). Numutkeun Syi'ah Nabi carogé mimiti jeung terakhir Siti Khodijah.

Numutkeun Sunni[édit | édit sumber]

Nalika Siti Khodijah sawawa nikah jadi rebutan pamuda bangsawan Qurésy. Mimiti nikah jeung pamuda hadé rupa tur gegedén, Abu Halah bin Zaroroh bin An-Nabasy at-Tamimy, ngan sakeudeung gaduh 2 anak, Hindun jeung Halah. Wafat carogéna ninggalkeun harta anu loba. Teras nikah jeung 'Atiq bin 'Aid al-Makhzumy teras ceré atanapi sakaol pupus carogé gaduh anak Hindun.

Imam Adz-Dzahaby ngadawuh: Khodijah mimiti nikah jeung Abu Halah bin Zaroroh, terus nikah nu kadua jeung 'Atiq bin 'Abid bin Abdillah bin Umar bin Makhzum. Nembé nikah sareng Nabi, umur 25 taun, dupi Siti Khodijah yuswana 15 taun lahir tiheula (40) taun.

Numutkeun Syi'ah[édit | édit sumber]

Urang Syi'ah yakin yén Siti Khodijah masih parawan nalika nikah ka Nabi Shollallohu 'alaihi wasallam, sadayana anak saméméh Nabi anakna Halah, dulur awéwéna.

Usaha Dagang[édit | édit sumber]

Kangjeng Nabi harita yatim piatu diasuh ku Amangna, Abu Tholib, hirupna sederhana malah kakurangan. Sanajan kitu, Abu Tholib nganggap Muhammad s.a.w., lir anak pituin dididik ku adab jeung tata krama basa nu sahadé-hadéna. Dina hiji waktu, ngobrol jeung dulur awéwéna, 'Atikah binti Abdul Mutholib ngeunaan alona, Muhammad nu geus sawawa. Pokna: Muhammad s.a.w. geus sawawa, umurna geus 24 taun, kuduna mah geus kawin. Tapi urang can aya pibiyayaeunana, cik sugan aya bongbolongan. Bibina Nabi, Atikah (dulur awéwé Abdulloh bin Abdul Mutholib) nyarita: "Kuring ogé geus mikir-mikir, kieu..kieu.. kuring aya béja, Khodijah arék miangkeun kafilah dagangna ka Syam, biasana nu bisnis jeung Khodijah sok alus tur hadé rejekina dibarokahan ku Alloh. Jigana moal lila deui rék miang, kumaha lamun Muhammad urang sina milu mawa dagangan Khodijah, kuring yakin Muhammad bakal meunang untung gedé keur nafkah, ké urang néangan pipamajikaneunana. "Sapuk, kuring satuju," ceuk Abu Tholib bungah. Terus diobrolkeun ka Muhammad s.a.w., anjeunna ogé satuju.

Terus 'Atikah nepungan Khodijah r.a., ngalamarkeun susuganan Muhammad s.a.w. bisa diilukeun dina rombongan dagang bogana Khodijah r.a. ka nagri Syam. Nalika, ngadangu ngaran disebut Muhammad s.a.w. gerentesna dina haté: O... jigana ieu ta'wil tina ngimpina anu diramalkeun ku Waroqoh bin Naofal, yén calon nabi umat (akhir zaman) téh, ti suku Qurésy, Bani Hasyim, ngarana Muhammad (jalma pinuji), nu hadé wanda jeung hadé budi bakal datang ka imahna. Ti harita dina haténa aya duriat anu sumarambah kana bayah seja nyambut pinabieun jeung pisalakieun. Satuju, kuring narima Muhammad s.a.w., hatur nuhun tina kasayagianana, mugi Alloh ngabarokahan urang sadayana saur Siti Khodijah, bari raray semu bungah asa aya jalan komo meuntas nyumputkeun haténa nu kumejot hayang tepung jeung pamuda idaman haténa. Kuring nempatkeun tiap anggota rombongan kafilah dagang bakal meunang komisi anu lumayan, pikeun Muhammad s.a.w. bakal meunang leuwih gedé tinu lian saur Khodijah r.a. neruskeun.

'Atikah kacida bungahna ngucapkeun hatur nuhun ngareungeu kecap yén Muhammad s.a.w. katarima komo dijangjikeun komisi anu leuwih gedé tinu lian, rangda beunghar alus rupa téh bageur deui. Gancang waé nepungan dulur lalakina, Abu Tholib nepikeun warta pikabungaheun téa. Duanana nyalukan alona, Muhammad s.a.w sarta nyaritakeun hasil patemon jeung Khodijah r.a pokna: Anaking, jig atuh geura indit ka Khodijah r.a., inyana geus narima anjeun milu digawé dina rombongan kafilah dagangna. Kadé sing tarapti sing hadé-hadé dina digawé ceuk Abu Tholib. Teu karasa, leumpang asa ngoléang rék ninggalkeun Mekah, lembur matuh banjar karang pamidangan. Sanggeus pamitan, jrut turun ka buruan kaluar ti pakarangan imah mamangna, Abu Tholib haténa asa ku ngenes, curuluk cipanon jadi saksi mikiran nasibna nu hirup nunggelis (pahatu lalis, geus sawawa can kasawang lakirabi). Nepungan Khodijah r.a. seja néangan pangupa jiwa jeung bekel pikahareupeun, hate nu ngenes asa kaubaran ku daréhdéh jeung raray marahmayna Khodijah r.a.

Rahib Buhaéro[édit | édit sumber]

Nalika kafilah dagang siap miang, Maisarah (lalaki) kepala rombongan nyarita: Iyeu Muhammad, mangga dipaké baju bulu sarta bendera kafilah. Anjeun ti hareup nuju ka nagri Syam. Sajongjongan iring-iringan kaluar ti pakarangan, teu karasa Muhammad s.a.w., ngeclakeun cipanon mung Alloh nu uninga jeung malaékat, gerentesna: Duh, nasib, mana bapak kuring, 'Abdulloh (nu marengan), indung kuring, Aminah (nu ngajajapkeun), naha nyaksian ieu putrana nu incah ti lembur ka nagri deungeun lantaran lemahna dhu'afa. Gerentes haté na disambut ku do'ana malaékat di langit tur bumi nu ngadu'a kanggo sang calon nabi s.a.w., nyuhunkeun rohmat-Na Gusti Alloh.

Saluyu wasiat Khodijah r.a. ka Maisarah supaya merhatikeun Muhammad s.a.w. Onta minangka kendaraan anu hadé jeung tangkes bari dilengkepan parabot keur perjalanan. Waktu perjalanan sababaraha poé. Sapanjang jalan panon poé karasa panas morérét tapi anéhna Muhammad s.a.w. salila sajajalan diiuhan ku méga. Padahal salila ieu teu pernah aya kajadian kitu tepi ka eureun di tempat istirahat, deukeut imah bogana Rahib Nasrani ngarana Buhaira atanapi Buhaero. Muhammad s.a.w. jrut turun tina onta rék reureuh di handapeun kai (kiwari éta kai masih aya Yordan). Sang rahib héran nempo méga mayungan kafilah Mekah, inyana nyaho jeung ngarti pernah maca dina kitab Torét. Terus nyieun siasat ngayakeun jamuan nu maksud keur nganyahokeun saha di antara rombongan nu gaduh karomah atanapi irhash (mu'jizat méméh jadi rosul) téh. Kabéh nu di rombongan hadir di jamuan kecuali Muhammad s.a.w., kabagéan nungguan barang.

Nempo méga teu incah ti kafilah, rahib héran nanya: Naha, aya nu teu milu hadir? Maisarah ngajawab: Aya saurang deui kabagéan nungguan barang dagangan kafilah. Sang rahib Buhaéro gancang ngajemput Muhammad s.a.w. bari leungeun teu leupas sasalaman dugi ka tempat jamuan. Nalika, Muhammad s.a.w. leumpang lalaunan méga téh miluan ka mana sang calon Nabi indit teu leupas tina pangniténan sang rahib sanajan angin ngagelebug. Rahib Buhaéro yakin pamuda iyeu nu boga karomah téh. Rahib Buhaéro ngadeukeutan deui bari nanya: Pamuda, ti mana asal salira?. Jawabna s.a.w: Ti Mekah. Rahib: Ti kabilah mana? Pamuda s.a.w: ti Kabilah Qurésy, gan. Rahib: Kulawarga saha Pamuda s.a.w: Bani (kulawarga) Hasyim. Rahib: Jenengan saha? Pamuda s.a.w: Nami abdi Muhammad. Teu pupuguh, barang ngadangu éta ngaran rahib Buhaéro langsung nangkeup pamuda s.a.w tuluy dicium di antara dua halisna bari ngucapkeun: "Laa IlaahaIllallooh, Muhammadur Rasulullah". Sang rahib neuteup pamuda Muhammad s.a.w. ngarasa hemeng jeung luar biasa, asa ngimpi papanggih jeung calon nabi. Manawi tiasa teu sim kuring ningali tanda supaya jiwa kuring tingtrim tur yakin. Pamuda s.a.w héran: Ciri naon anu agan maksud? Rahib: Cobi laan acukna, supados kuring bisa nempo tanda akhir kanabian palebah punduk. Pamuda s.a.w. ngizinkeun, tidinya rahib Buhaéro ningal kalayan jelas ciri-ciri dimaksud: Muhun..Muhun..Katulungan, katulungan,"Ceuk Rahib. Maksud katulungan, naon rahib?

Kamana waé, salira indit, salira pasti katulungan,Rahib nyarita, terus raray sang pemuda Muhammad s.a.w. diusap bari tambahna: Hé, hiasan akhir zaman, nu bakal nyafaatan di akhérat, pribadi nu mulya, hé nu bakal mawa ni'mat, hé nabi sakabéh alam.

Pasar Syam[édit | édit sumber]

Pasar dibuka sababaraha poé lilana. Kabéh jualan ludes kalayan hasil anu kacida nyugemakeun, leuwih-leuwih ti biasana. Kabeneran harita pas jeung poéna Yahudi, aya rupa-rupa kamonésan. Pamuda Muhammad s.a.w., Abu Bakar jeung Maésarah miluan nongton. Nalika pamuda Muhammad s.a.w. asup ka tempat raraméan ngadadak lilin-lilin nu ngagarantung maruragan, pandéta Yahudi ngadégdég bakat ku sieun. Di antarana aya nu ngomong: Alamat naon ieu? Pandéta: Ieu berarti aya urang asing milu hadir, urang maca yén mun aya lalaki ngarana Muhammad s.a.w., nabi akhir ngadatangan poé rayana Yahudi. Mungkin jalmana aya di dieu, hayu téangan urang téwak.

Abu Bakar r.a., sobat dalitna tileuleutik, mireungeuh omongan Yahudi gura-giru rerencepan di antara jalma nu pasesedek, geuwat ngadeukeutan Muhammad s.a.w. nu ngadeg misah ngajak kaluar ti tempat raraméan muru ka kafilah. Maésarah geuwat ngajak kafilah bebéréngkes balik ka Mekah. Calon nabi s.a.w. salamet tina pangdelekana urang Yahudi. Pamuda Muhammad s.a.w., biasana kira-kira 7 poé perjalanan, Maésarah ngirim utusan nepungan Khodijah r.a. pikeun ngiberkeun kadatangan kafilah sarta urusan liana sapanjang perjalanan. Maésarah nawaran ka pamuda Muhammad s.a.w: Naha daék teu anjeun diutus mawa béja ka Mekah. Kuring siap mun ditugaskeun.Jawabna Nabi s.a.w. Pamingpin rombongan nyiapkeun onta anu gancang tur rikat supaya gancang tepi ka Mekah. Maésarah ogé nyieun surat keur Khodijah r.a. anu eusina yén niagana meunang untung gedé dicaritakeun ogé anu patali jeung Muhammad s.a.w.

Nalika pamuda Muhammad s.a.w. nungtun ontana turta geus teu katempo ku kafilah, Alloh s.w.t ngawahyukeun ka malaékat Jibril a.s.: Hé Jibril, singgetkeun bumi di handap dampal suku-suku onta Muhammad s.a.w. Hé Isrofil, jaga inyana ti beulah katuhu. Hé Mikail, jaga inyana ti beulah kénca. Hé méga, iuhan inyana di siraheunana. Tuluy, datang rasa tunduh dugi ka teu karasa tibra saré, teu lila tepi ka Mekah. Anapon, cénghar tina kulemna tos aya di gerbang Mekah, lembur matuh banjar karang pamidangan kacida bungahna. anjeunna sadar, ieu mu'jizat ti Gusti Alloh, terus muji syukur ka Mantena. Ontana nuju ka imahna Khodijah r.a. kabeneran harita keur calik bari sirahna nonghol neuteup ti kajauhan jalan ka jurusan Syam. Lapat-lapat katingal Muhammad s.a.w. naék onta diiuhan ku méga nu lalaunan nuturkeun luhureunana.

Khodijah r.a. asa teu percaya, panona nyidik-nyidik naha sawangan atawa memang nu katempo téh pamuda Muhammad s.a.w. sabab nu katempona ngan sorangan padahal geus omat-omatan ka Maésarah, kudu dikawal. Ku teu percaya, inyana nanya ka sahaya awéwé gigireunana: Naha apal teu, saha éta nu numpak onta? bari leungeuna nunjuk ka jalan. Salah saurangna ngajawab: Dina roman mah, jiga Muhammad s.a.w. al-amin, hé sayyidati (agan istri). Gumbirana luar biasa Khodijah r.a.: Lamun bener éta Muhammad s.a.w., manéh bakal merdéka mun geus inyana tepi kadieu. Teu lila, jol datang bener pisan Muhammad s.a.w. Khodijah r.a. nyambut Muhammad di panto (lir ibarat istri nyambut salaki) kalawan raray anu marahmay tulus. Bari pokna: Kuring méré upah anjeun onta pinilih, kalayan naon nu aya dibawaanana. Pamuda Muhammad s.a.w. ngucapkeun hatur nuhun narima komisi anu kacida berharga, nepikeun béja rupa-rupa urusan kafilah jeung terus nyerahkeun surat. Ménta idin seja mulang ka imah mamangna sarta ngalaporkeun hasil usahana. bersambung.[2]

Ngadahup Sareng Nabi Muhammad s.a.w[édit | édit sumber]

Siti Khodijah mikir sabada ngadangu ti bujangna, Maesarah sual sifat jujur jeung amanah Muhammad s.a.w. (méméh jadi Nabi) nalika dagang. Khodijah r.a. ngébréhkeun eusi haténa ka sobatna, Nafisah, dulur awéwé Ya'la bin Umayyah. Pokna."Nafisah, jigana kuring boga haté kadua leutik ka Muhammad bin Abdulloh, katingalina ieu lalaki jujur. Turta bisa dipercaya mulya turunan gegedén, hadé budi. Tur aya béja nu matak ahéng jeung hemeng. Kuring narima ieu beja téh ti bujang kuring, Maésarah (ed,lalaki) anu marengan Muhammad s.a.w. waktu dagang ka Syam. Ceukna (Maésarah) deui: Waktu sapanjang jalan diiuhan ku méga. Ogé béja ti Rahib sual Muhammad s.a.w. Ceuk gerentes haté kuring yakin jigana ieu Nabi umat (akhir zaman).»،[3].

Pok Nafisah nyarita ka Khodijah r.a: Idinan kuring, pokona bérés lah. Khodijah r.a. ngutus Nafisah rerencepan nepungan Muhammad r.a. ngedalkeun duriat asmara nu suci dina haté Khodijah r.a. dibéjérbéaskeun ka Muhammad S.a.w. pokna: Hé, Putra Amang, kuring ngaharep ti anjeun, lantaran anjeun téh dulur kénéh, soméah ka saha baé, jujur, hadé wanda hadé tata hadé basa.[4]‏.

Terus sabada sapuk kawin jeung Khodijah, dibéjakeun ka Mamangna, Abu Tholib, 'Abbas, jeung Hamzah. Nya bral mamangna Muhammad s.a.w. ngalamar ka Mamangna Khodijah r.a. Abu Tolib, minangka wali Nabi biantara: «.الحمد لله الذي جعلنا من ذرية إبراهيم، وزرع إسماعيل، وضئضىء معدّ، وعنصر مضر، وجعلنا حَضَنَةَ بيته، وسوّاس حرمه، وجعل لنا بيتًا محجوجًا، وحرمًا آمنًا، وجعلنا حكام الناس، إن ابن أخي هذا محمد بن عبد الله لا يوزن به رجل من قريش شرفاً ونبلاً وفضلاً إلا رجح به، وهو إن كان في قل فإن المال ظل زائل، وأمر حائل، وعارية مسترجعة، اليوم معك وغداً يكون مع فلان وفلان، وهذا يكون غنياً ثم فقيراً، والفقير يصبح غنياً والدول هكذا.. وبعد هذا هو والله له نبأ عظيم وخطب جليل جسيم، وله في خديجة بنت خويلد رغبة، ولها فيه مثل ذلك، وما أحببتم من الصداق فعلي»،[5] ثم رد عليه ورقة بن نوفل وقال:

Sagala puji kangungan Alloh anu ngajadikeun urang (Quresy) turunan Ibrohim, rundayan Isma'il, anak putu Ma'ad, turunan Mudhor. Ogé puji ka Mantena nu ngajadikeun urang nu ngajaga Baétulloh, Taneuh Harom anu aman, makmur tur jadi hakim pikeun manusa. Sestuna, pun alo, Muhammad bin 'Abdulloh, punjul mun dibanding lalaki mana waé. Sanajan teu beurat ku dunya, margi dunya lir ibarat kalangkang nu gampang ilang jeung leungit. Sadérék sadaya parantos uninga saha ieu pamuda. Inyana ngalamar Khodijah binti Khuwaélid kalayan mas kawin 500 dirham ti kami sakulawarga.

Saterusna Warokoh bin Naofal maju minangka wawakil kulawarga Khodijah r.a biantara ogé:

الحمد لله الذي جعلنا كما ذكرت وفضلنا على ما عددت فنحن سادة العرب وقادتها وأنتم أهل ذلك كله لا تنكر العشيرة فضلكم ولا يرد أحد من الناس فخركم وشرفكم؛ وقد رغبنا في الاتصال بحبلكم وشرفكم فاشهدوا عليّ معاشر قريش بأنيقد زوجت خديجة بنت خويلد من محمد بن عبد الله على كذا » ثم سكت، فقال أبو طالب: قد أحببت أن يشركك عمها، فقال عمها عمرو بن أسد: «

Sagala puji kagungan Alloh, saperti tos disebat, diunggulkeun urang sadaya janten pamingpin 'Arob, sadérék sadaya sadulur anu teu aya sanikara manusa lian nu pinandingan dina kamulyaan, kawibawaan jeung nyambung di antara urang. Abu Tholib nimpalan: "Kacida bingahna, tiasa sasarengan ku Amangna (Khodijah). Amru bin Asad (Mamang Khodijah) nyarita: Demi tali nu nyambung, kamulyaan sadérék sadaya, saksikeun hé, urang Qurésy kuring (minangka walina) ngawinkeun/ nikahkeun Khodijah binti Khuwaélid ka Muhammad s.a.w. kalayan (mas kawin) sakitu.

Nalika Wahyu Turun[édit | édit sumber]

Mangsa Kangjeng Nabi resep nyingkur tafakkur, nyepi/ tapa (kholwat) nuju ka Guha Hiro cicing bari ibadah (numut sakaol nganggo millah Ibrohim). Siti Khodijah ngadukung kahoyong carogéna ku nyiapkeun bekel mangrupakeun dahareun, leueuteun, jeung pitempateun. Ngintunkeun lamun lila teu balik pikeun nyukupan kabutuhan. Sawaktu-waktu dibaturan, pikeun ngaladénan tuang leueutna. Nalika hiji waktu, dina kaopat kalina nyingkur datang pikabungaheun bari sieun. Hawar-hawar anjeuna ngareungeu sora asa-asa ngimpi anu nitah nutup orat, Saur Nabi: Kuring keur sorangan, aya sora ngageroan, Demi Alloh kacida sieun muriding. « Diriwayatkeun ti 'Amru bin Surahbil r.a. yén Kangjeng Rosul nyarios ka Siti Khodijah: .

Saparantos Lebet Islam[édit | édit sumber]

Kautamian Siti Khodijah r.a.[édit | édit sumber]

Rasululloh s.a.w. ngadawuh: Saestuna wanita (baheula) anu panghadéna Maryam binti Imron. Jeung wanita nu panghadéna (saparantosna) Khodijah binti Khuwailid.[6]

Siti Aisyah r.a. nyarios: Sim kuring teu timburu ka istri Rasululloh s.a.w. sapertos timburu ka Siti Khodijah r.a.,margi Nabi s.a.w. sering nyebut-nyebutna. Padahal sim kuring teu pernah nempo.[7]

Pupusna Siti Khodijah r.a.[édit | édit sumber]

Makam Siti Khodijah di Ma'la

Siti Khodijah wafat tilu dinten saparantos maotna Amang Nabi, Abu Tolib bin Abdul Mutolib. Sakaol, tilu dinten langkung sasih Romadon tilu taun satacan hijroh kinten-kinten 620 M. Yuswa Siti Khodijah r.a. 65 taun, rarabi sareng Nabi Muhammad s.a.w. 24 taun 6 sasih. Dikantunkeun ku duanana mangrupa musibah anu kacida bangetna, urang Qurésy polahna beuki maceuh dugi ka wani ngawurkeun taneuh atanapi tai domba kana mastaka Rasululloh s.a.w. nalika nuju solat. ku kituna taun maot dua anu ngabéla Nabi s.a.w. dinamian Aamul Huzni (Taun Sedih).

Ibnu Hajar al-'Asqolani nyaurkeun: Siti Khodijah r.a. pupus di taun ka-10 sabada Nabi s.a.w. diutus, sakaol, 8 taun, atawa 7 taun. Rarabi sareng Nabi s.a.w. 25 taun numutkeun riwayat anu sohéh. Ibnu Abdil Barr ngécéskeun: 24 taun 4 sasih, dikuatkeun riwayat ti Siti 'Aisyah r.a. anu nyebutkeun maotna Siti Khodijah r.a. 3 taun saméméh hijroh, janten 10 taun sanggeusna Nabi s.a.w. diangkat janten rosul.[8]

Salaki Sareng Putra Putrina[édit | édit sumber]

Dupi carogéna,nyaéta:

  1. Abu Halah bin An-Nabasy bin Zaroroh at-Tamimy, ti carogé nu kahiji gaduh dua putra: Halah sareng Hind. «وكان هند بن أبي هالة فصيحاً بليغاً وصّافاً، وصف رسول الله فأحسن وأتقن»، وقال ابن حجر العسقلاني: «روى عن النبي صفته وحليته».[9] .
  2. 'Atiq bin 'Aidz bin 'Abdillah bin Umar bin Makhzum, gaduh putra hiji Hindu binti 'Atiq. Ibnu Hajar al-'Asqolani nyaur: Hindun binti 'Atiq.[10]
  3. Muhammad s.a.w. bin Abdulloh bin Abdul Mutolib, gaduh putra/ putri 6 (genep), nyaéta: al-Qosim -putra munggaran kunami putrana nu ieu digentraan Abul Qosim, 'Abdulloh (at-Thohir/ At-Thoyyib), Siti Zénab, Siti Ruqoyyah, Siti Ummu Kultsum, sareng Siti Fatimah r.a.[11].[12]. Al-Isti'ab fi Ma'rifatil Ash-hab, Juz 4, hal.1854: Zénab ngarupikeun anak panggédé, mufakat.

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. ^H.R al-Bukhoriy: 3820, 7497
  2. http://tenanglahsentiasa.blogspot.co.id/2009/01/kisah-pernikahan-rasulullah-saw-dengan.html
  3. خديجة بنت خويلد سيدة في قلب المصطفى، محمد عبده يماني صفحة 67
  4. كتاب سيرة ابن هشام المجلد الثاني. نداء الإيمان، اطلع عليه في 24 مارس 2015
  5. مقتطفات من السيرة. المكتبة الشاملة، اطلع عليه في 24 مارس
  6. Muslim No. 4458, Bukhori No.3178, 3531; Tirmidzi No.3812; Musnad Ahmad/ 605, 894, 1054, 1149.
  7. H.R. Muslim No.4465
  8. ^Fathul Bary Syarhu Sohéh al-Bukhory, Juz 7, hal.100.
  9. تهذيب التهذيب الجزء الحادي عشر صفحة 63
  10. ^Ad-Daruquthni dalam kitab al-Ukhuwwah menyatakan: Dia (Hindun binti 'Atiq masuk Islam dan menikah tapi tidak meriwayatkan hadits, Dalam al-Ishobah Fi Tamyiz as-Shohabah, juz 8 hal.347
  11. 'Abdulloh bin Muhammad lahir saparantos Rosul s.a.w. diutus digentraan at-Thohir sareng at-Thoyyib,Fathul Bary Syarhu Shohih Al-Bukhory, Juz 7, hal.130.
  12. Usudul Ghobah fi Ma'rifatis-Shohabah, Juz 5, hal. 436.

Daftar Bacaan[édit | édit sumber]

  • (2010) Khodijah binti Khuwailid anggitan Abu Ziyad Muhammad Musthofa, 2010.
  • (2006) Khodijah Binti Khuwailid anggitan Salwa Sholih, Athwar Liddirosat, 2006.
  • (1998) Khodijah binti Khuwailid anggitan Mushtofa Quthb al-Jamal, Darul Qolam, 1998.
  • (1900) Khodijah Khuwailid anggitan Abdur Rouf al-Bunhasary, 1900.
  • Khodijah binti Khuwailid anggitan 'Abdul Mun'im al-Hasyimy, Dar wa Maktabah al-Hilal.
  • (2013) Khodijah binti Khuwailid r.a., Abdus Salam al-'Asyry, 2013.
  • Khodijah binti Khuwailid anggitan Muhammad 'Abduh Yamani, Maktabah al-Iman.
  • (2005) Hayat as-Sayyidah Khodijah binti Khuwaili minal mahdi ila al-Llahdi anggitan Husain 'Ali as-Syirman Dar Maktabah al-Hilal, 2005.
  • (2004) Hayat as-Sayyidah Khodijah binti Khuwailid a.s., Muhammad Nashir az-Zabidy, Dar al-Mahabbah al-Baidho.
  • (2001) Silsilah Ummahat al-Mu'minin Khodijah binti Khuwailid anggitan Samiyyah Abdur-Rohim Maktabah al-Abikan.
  • (2000) Khodijah binti Khuwailid Khairu Nisail Jannah anggitan Wajih Ya'qub as-Sayyid, al-Muassasatul haditsah.
  • (2000) Khodijah binti Khuwailid at-Thohiroh anggitan Wajih Ya'qub as-Sayyid, al-Muassasatul haditsah.
  • (2000) Awwalu Man Aslamat minan Nisa as-Sayyidah Khodijah binti Khuwailid, Muhammad Tsabit Taufiq, Maktabah al-'Abikan.
  • (2000) Ummul Mu'minin Khodijah binti Khuwailid, 'Abdul Mun'im al-Hasyimy, Dar wa Maktabah al-Hilal.
  • (1998) Ummul Mu'minin Khodijah binti Khuwailid, Dar al-Fadhilah.
  • (1998) Muslimat Kholidat fi Midan at-Tadh-hiyah wal Fida, Khodijah binti Khuwailid, Maktabah Mishr.
  • (1998) Muhammadur Rosululloh walladzina ma'ahu Khodijah binti Khuwailid, 'Abdul Hamid Judah as-Sahar, Maktabah Mishr.
  • (1998) Qosos al-Siroh Khodijah binti Khuwailid, 'Abdul Hamid Judah as-Sahar, Maktabah Mishr.
  • (1998) Nisa Mu'minat as-Sayyidah Khodijah binti Khuwailid, Maktabah Ma'ruf.
  • (1998) al-Mitsal an-Nadir Khodijah binti Khuwailid, 'Amir al-'Aqqad Dar al-Jamil.
  • (1988) Awwalun Nass Islaman, Khodijah binti Khuwailid,
  • (1905) Ummul Mu'minin Khodijah binti Khuwailid, Muhammad 'Ali Quthb, Dar ad-Da'wah.
  • (1900) Khodijah binti Khuwailid r.a., Muhammad al-Qodhy Dar at-Tauzi'.
  • (1900) At-Thohiroh Khodijah binti Khuwailid, Kholid Abu Sholih, Madar al-Wathon.
  • (1900) Khodijah binti Khuwailid al-Asadiyyah Khoiru Nisa-al-'Alamin, Dar Da'wah.
  • As-Sayyid Khodijah binti Khuwailid, Samih 'Athif az-Zain, Dar al-Kutub al-Haditsah