Hui cilembu
Hui Cilembu | |
---|---|
Kembang Hui | |
Beuti Hui Cilembu | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | I. batatas
|
Ngaran binomial | |
Ipomoea batatas |
Hui cilembu (Ipomoea batatas Poir) nyaéta variétas hui anu asalna tina kulawarga Convolvulus batatas Linn.[1] Hui cilembu kaasup kana pepelakan utama anu loba dipelak tur direkahkeun, sanajan asal muasal ieu tangkal tacan kanyahoan kalawan écés.[2] Utamana di daérah Jawa Barat hui variétas ieu loba dipelak tur direkahkeun di Désa Cilembu, Tanjungsari, Sumedang.[3] Ieu hui mibanda rasa amis kareueut tur dagingna anu pulen, utamana beunang nyeupan atawa ngabubuy (oven).[4] Hui cilembu paling dipikaresep ku lantaran rasana, loba didagangkeun dina kaayaan asak beunang ngoven atawa atah kénéh.[3][5]
Cara Ngolah
[édit | édit sumber]Hui cilembu sagigireun beutina mangpaat pikeun dikonsumsi, cara ngolahna bisa dibeuleum, dikulub atawa diseupan.[1] Hui cilembu ogé mibanda kagunaan séjén pikeun ubar saperti: Pikeun ubar luar, daunna beunang ngabebek ditaplokeun kana bagéan awak anu keuna ku reumatik jeung bareuh ku lantaran katakol atawa kadupak.[1] Ogé bisa dipaké pikeun ngubaran borok dina sakabéh kulit.[1] Tangkal jeung daun ngora (pucuk) bisa dipaké nyayur jeung lalab, ngubaran emesis, pencahar, jeung nangkal rupa-rupa racun.[1]
Kandungan Nutrisi
[édit | édit sumber]Kalori
[édit | édit sumber]Hiji ui cilembu nu ukuran sedeng jeung panjangna 5 inci jeung diameter 2 inci.[6] Nalika dibeuleum jero kulitna, teu maké mantéga atawa minyak, hui ieu ngandung 103 kalori tina 100gram.[6] Hui cilembu mangrupa pillihan nu alus pikeun nu keur diét atawa jadi kadaharan pikeun budak leutik ku sabab teu ngandung lemak jeung kolesterol.[6] The American Dietetic Association ngarékoméndasikeun pikeun ngasupkeun hui cilembu atawa nyampurkeun hui cilembu jadi kadaharan sapopoé. Salian ti dibeuleum, bisa ogé diolah jadi kadaharan lain, saperti jadi smoothies, atawa bahan dasar roti.[6]
Ngandung loba serat
[édit | édit sumber]Dina 100 gram hui cilembu, ngandung nepi ka 4 gram serat atawa kira-kira 24% ti kabutuhan serat nu dirékoméndasikeun sopopoé.[6] The American Héart Association nyarankeun loba ngonsumsi kadaharan nu ngandung loba serat pikeun nurunkeun kolesterol, kadar gula darah jeung nurunkeun résiko stroke.[6]
Antioksidan
[édit | édit sumber]Hui cilembu ngandung loba pigmen karotenoid nu ngakibatkeun warna dagingna orén. Numutkeun situs WHfoods, ngandung Vitamin A nu alus pikeun kasehatan mata, hui cilembu ngandung leuwih loba Vitamin A dibandingkeun jeung jenis hui lianna.[6] Salian ti Vitamin A, hui cilembu ogé ngandung Vitamin C nu nyukupan 52% ti kabutuhan sapopoé.[6] Dina sababaraa panalungtikan, hui kabukti jadi sumber karoten nu leuwih loba ti batan sayuran nu daunna héjo. Gawé bareng jeung betakoroten, kadua antioksidan ieu bisa ngaleungitkeun radikal bebas tina awak jeung anti-inflamasi.[6] Numutkeun National Cancer Institute, hui cilembu gé bisa ngurangan résiko kanker.[6]
Kaya Mineral
[édit | édit sumber]Hui cilembu ngandung sumber mineral saperti tambaga, mangan, kalium, jeung fosfor. Dina 200 gram hui cilembu nyumbang 50% mangan, 36% tambaga, 26% kalium, jeung 15% fosfor tina kabutuhan nu dirékoméndasikeun sapopoé.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e Vardhana, Rashtra (2008). Direct Uses Of Medicinal Plants And Their Identification. Jakarta: Sarup & Sons. ISBN 9788176258333.
- ↑ "Sample records for sweet potatoes ipomoea". science.gov. 2002-01-01. Diakses tanggal 2017-08-04.
- ↑ a b D. Sastrapradja, Setijati (2012). Perjalanan Panjang Tanaman Indonesia. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9789794618301.
- ↑ Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya. ISBN 9789794192597.
- ↑ Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288.
- ↑ a b c d e f g h i j k Sahabat Nestle. Nutrisi Lengkap Ubi Cilembu[tumbu nonaktif] Diakés ping 3 Oktober 2017.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- Christophe, Wiart (January 2006). Medicinal Plants Of The Asia-pacific: Drugs For The Future?. World Scientific. ISBN 9789814480338.