Lompat ke isi

Iguana héjo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Iguana Héjo)

Iguana héjo
déwasa, Ékuador
rumaja, Grand Cayman
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah edit
Missing taxonomy template (fix): Iguanidae
Génus: Iguana
Spésiés:
I. iguana
Ngaran binomial
Iguana iguana
Sinonim
  • Lacerta iguana Linnaeus, 1758
  • Hypsilophus tuberculatus Wagler 1830
  • Iguana hernandessi Jan 1857
  • Iguana iguana rhinolopha Wiegman, 1834
  • Hypsilophus rhinolophus Fitzinger, 1843
  • Iguana rhinolopha Dumeril & Bibron, 1837
  • Iguana rhinolophus Günther, 1885

Iguana héjo nyaéta sato anu ngaran latinna Iguana iguana, nu kaasup ti kulawarga Iguanidae.[2] Ieu iguana mangrupa pituin ti wewengkon Amérika Tengah jeung Kidul, bisa kapanggin ti Sinaloa jeung Veracruz, Méksiko, di kidulna nepi ka Tropic of Capricorn di Paraguay jeung Brasil kidul wétan.[3] Ieu kadal badag ogé nyicingan loba pulo di sakuliah wewengkon Karibia sarta basisir wétan Pasifik, ogé geus diwanohkeun ka Florida kidul jeung Hawaii.[3]

Déskripsi

[édit | édit sumber]

Na mangsa tilu taun, iguana nu mimiti megarna kur sajeung 12 gram téh bisa jadi 1 kg, sarta kaasup iguana déwasa.[4] Sanggeus megar tinu jadi endog, ieu panjang iguana héjo kurang leuwih antara 17 nepi ka 25 cm.[5] Lolobana mah iguana déwasa beuratna antara 4 jeung 6 kg, tapi di sawatara wewengkon di Amérika Kidul, ku cara dahar nu tinangtu mah bisa nepi kana 8 kg beuratna. Ieu kadal badag panjang ti hulu nepi ka buntut téh kurang leuwih 2 méter.[5]

Sanajan disebut iguana héjo, satemenna ieu kadal téh miboga warna-warna nu varéatif.[6] Kadal déwasa jadi leuwih saragam warnana téh lantaran beuki nambahna umur éta iguana, sedengkeun anu ngorana mah sok katempo totol-totol atawa saru antara warna héjo jeung coklat.[6] Warna ogé bisa varéatifna dumasar kaayaan haté, suhu, kaséhatan, atawa status sosialna.[7] Parobahan warna kawas kitu bisa mantuan ieu iguana dina térmorégulasi.[8] Na waktu isuk, nalika suhu awak rendah, warna kulit jadi leuwih poék, tujuanna sangkan iguana nyerep panas tina cahya panonpoé.[7] Tapi nalika tengah poé anu mana panonpoé nyorot luhureun sirah, ieu iguana warnana jadi leuwih caang atawa malah jadi pias, maksudna sangkan mantulkeun cahya panonpoé sarta ngaminimalisir panas nu diserep.[7] Iguana anu kawilang aktif biasana mah miboga warna leuwih poék tinimbang iguana nu cicingeun nu hirup di lingkungan babarengan.[9]

Anu ngabédakeun tina ieu iguana nyaéta jawér nu ngagayot handapeun beuheung, nu mangrupa gagayotan kulit nu manteng tina beuheung tengah nepi ka puhu buntut, sarta buntut panjang nu nyungcung.[10] Jawér jalu leuwih ngumembang batan jawér nu iguana bikang.[10] Legana tulang hyoid ngarengken sarta ngadorong tungtung panghareupna tina ieu struktur, nu dipaké dina patahanan téritorial atawa nalika ieu iguana kasieunan.[10] Ieu jawér ogé miboga fungsi dina nyerep sarta disipasi panas nalika dipanjangkeun.[10]

Habitat

[édit | édit sumber]

Iguana héjo mangrupa kadal badag nu hirup dina tatangkalan, komona mah biasa hirup dina dahan tangkal pangluhurna.[11] Iguana anu ngora nyicingan tangkal di bagian landeuh nu kaiuhan, sedengkeun iguana kolot cicing di bagian tangkal nu leuwih luhur.[12] Kabiasaan hirup dina tangkal téh ngamumkinkeun ieu kadal bisa moyan handapeun cahya panonpoé, arang turun kana taneuh iwal iguana bikang nu ngali liang pikeun endogan.[13] Sanajan iguana héjo leuwih resep hirup dina tatangkalan, tapi da ieu iguana téh bisa ogé nyaluyukeun hirup ka aréa nu leuwih nembrak.[14] Rék di mana waé ieu iguana cicingna, karesepna mah di tempat nu loba cai lantaran ieu iguana bisaan dina ngojayna sarta hadé pisan na waktu teuleum di jero cai pikeun nyingkahan prédator.[15]

Réproduksi

[édit | édit sumber]

Lolobana iguana héjo nepi kana majadna téh antara tilu nepi ka opat taunan, sanajan ieu kadéwasaan téh saenya bisa kahontal leuwih anggal.[16] Iguana leuwih mindeng baranahan di usum halodo, tujuanna sangkan aranakanna megar dina usum ngijih nalika kadaharan leuwih gampang sayaga.[17] Pakawinan iguana kaasup kana sato nu poligini, saurang iguana jalu bisa kawin jeung sababaraha iguana bikang.[18] Sapatemonna dilakonan di wilayah datangna bikang anu mana leuwih ti hiji bikang.[18] Teu saeutik ogé kajadian konflik antara iguana jalu.[9] Kalakuan kawin jalu katara kayaning ngayun-ayunkeun sirah, manjangkeun sarta mondokkeun jawér handap, ogé susuruntul atawa ngégél beuheung bikangna.[19] Jalu nu dominan ogé sok nandaan batu, rokrak, atawa bikangna ku zat anu ngandung féromon liket nu dikaluarkeun tina pori-pori fémurina.[20]

Nalika kawin, iguana jalu ngadeukeutan iguana bikang sarta numpak kana tonggongna, bari ngangkang.[21] Pikeun nahan pasangaranna, iguana jalu gewewek kana kulit punduk iguana bikang ku sungutna, sakapeung bisa ngajadikeun tatu.[21] Iguana jalu ngadekkeun liang kloaka-na ka iguana bikang sarta ngasupkeun salah sahiji hémipénna kana kloaka bikang.[22] Kopulasi bisa lumangsung sawatara menit. Iguana bikang bisa nyimpen cimani nika mangtaun-taun, ngamumkinkeun bisa ngabuahan sél endog di mangsa nu ka hareupna.[22]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Bock, B., Malone, CL, Knapp, C., Aparicio, J., Avila-Pires, T.C.S., Cacciali, P., Caicedo, J.R., Chaves, G., Cisneros-Heredia, D.F., Gutiérrez-Cárdenas, P., Lamar, W., Moravec, J., Perez, P., Porras, L.W., Rivas, G., Scott, N., Solórzano, A. & Sunyer, J. (2018). "Iguana iguana". IUCN Red List of Threatened Species (IUCN): e.T174481A1414646. doi:10.2305/IUCN.UK.2018-1.RLTS.T174481A1414646.en. 
  2. "The IUCN Red List of Threatened Species". IUCN Red List of Threatened Species. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  3. a b "The common green iguana (Iguana iguana)". www.floridagardener.com. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  4. "IPA Green Iguana Risk Assessment" (PDF). Queensland Government. 
  5. a b "Animal Information: Green Iguana". www.anywhere.com. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  6. a b "Color Changes". www.greenigsociety.org. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  7. a b c www.petcoach.co https://www.petcoach.co/article/green-iguana-color-change-causes/. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  8. Hofl, Rebecca. "What's Warming the Cold-Blooded Iguana? | EveryONE: The PLOS ONE blog" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-10. [tumbu nonaktif]
  9. a b Naish, Darren. "Amazing social life of the Green iguana". Scientific American Blog Network. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  10. a b c d www.petcoach.co https://www.petcoach.co/article/behavior-of-the-green-iguana/. Diakses tanggal 2020-01-10. 
  11. "Green Iguana". ScienceDaily. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  12. "A juvenile Green Iguana, Iguana iguana, in a small palm tree in Costa...". Getty Images (dalam en-us). Diakses tanggal 2020-01-11. 
  13. Contributor 2015-06-12T04:30:52Z, Alina Bradford-Live Science. "Iguana Facts". livescience.com. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  14. theleopardgecko.org https://theleopardgecko.org/common-green-iguana/. Diakses tanggal 2020-01-11.  Archived 2020-01-11 di Wayback Machine
  15. "GREEN IGUANA - Iguana iguana". www.tsusinvasives.org. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  16. "What is a Green Iguana? | Palm Beach, FL - Official Website". www.townofpalmbeach.com. Diakses tanggal 2020-01-13. 
  17. "Dealing With Male Green Iguana Breeding Aggression". www.anapsid.org. Diakses tanggal 2020-01-13. 
  18. a b Blass, Elliott M. (2012-12-06). Developmental Psychobiology and Behavioral Ecology. Springer Science & Business Media. ISBN 978-1-4684-5421-5. 
  19. "Breeding Season Issues". www.greenigsociety.org. Diakses tanggal 2020-01-13. 
  20. Martin, Meredith (2005-04-01). The Iguana Den's Care and Keeping of Giant Green Iguanas. Lulu.com. ISBN 978-1-4116-2842-7. 
  21. a b "Iguana Breeding Season Basics". www.anapsid.org. Diakses tanggal 2020-01-13. 
  22. a b Jekl, Vladimir (2017-03-30). Reproductive Medicine, An Issue of Veterinary Clinics of North America: Exotic Animal Practice E-Book. Elsevier Health Sciences. ISBN 978-0-323-52867-2.