Perang Surabaya
| Perang Surabaya | |||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Bagian ti Révolusi Nasional Indonésia | |||||||
Bung Tomo nuju méré sumanget ka para pajoang. | |||||||
| |||||||
| Nu perang | |||||||
| Komandan | |||||||
| Gubernur Suryo Bung Tomo |
A.W.S. Mallaby † Robert Mansergh | ||||||
| Kakiatan | |||||||
| 20.000 TKR & 100.000 Laskar | 30.000 tentara | ||||||
| Korban | |||||||
| 6.000 – 16.000 gugur | 600 – 2.000 gugur | ||||||
Perang Surabaya nyaéta perang rongkah antara milisi sarta pajoang pro-kamerdékaan Indonésia ngalawan tentara Inggris. Puncakna ieu perang lumangsung dina bulan Nopémber 1945. Sangkilang perlawanan ti pihak Républik kacida kuatna, tentara Inggris-India —anu ku urang sok disebut tentara Gurka— sacara militér unggul sarta hasil nalukeun Surabaya pikeun kapentingan Walanda. Sanajan kitu, perang ieu janten perang pangrongkahna dina sajarah perjuangan bangsa Indonésia sarta janten simbol perlawanan nasional.[1]
Ningali perlawanan rahayat anu sakitu tohpatina, perang ieu méré kontribusi anu gedé pikeun Indonésia. Saatos kajadian ieu, dukungan internasional pikeun kamerdékaan Indonésia beuki ngagedéan sarta muka panon dunya ngeunaan kaayaan di Nusantara. Kiwari, unggal tanggal 10 Nopémber dipiéling salaku Poé Pahlawan pikeun ngahormatan jasa para pajoang anu gugur di Surabaya.
Sajarah sarta Jalanna Perang
[édit | édit sumber]Nalika pasukan Sekutu (Allied forces) badarat di Surabaya dina ahir bulan Oktober 1945, para pamuda di ieu kota dipikawanoh miboga sumanget anu kuat sarta ngahiji.[2] Perang rongkah bitu nalika 6.000 tentara Gurka (bagian tina British Indian Army) anjog ka kota kalayan maksud rék ngabébaskeun tawanan perang urang Éropa. Saatos panglima Inggris, Brigadir A.W.S. Mallaby, palastra dina tanggal 30 Oktober,[2] tentara Inggris ngayakeun serangan rongkah dina tanggal 10 Nopémber kalayan dibantuan ku serangan udara. Sanajan kota tiasa dikawasa ku pasukan Sekutu dina tilu dinten, para pajoang Républik anu kirang pakarang tiasa terus mertahankeun diri dugi ka tilu minggu lilana. Salian ti éta, rébuan pajoang gugur nalika rahayat Surabaya ngungsi ninggalkeun kota.
Dampak Perang
[édit | édit sumber]Sanajan dina ieu perang pihak Républik éléh sacara militér sarta ngalaman karugian anu ageung, boh dina hal pakarang boh sumber daya manusa, perjuangan ieu mawa pangaruh anu gedé kana jalanna révolusi. Perang Surabaya ngahasilkeun naékna dukungan internasional pikeun Indonésia. Pikeun pihak Walanda, ieu kajadian ngayakinkeun yén Républik Indonésia téh bener-bener aya sarta dirojong ku sakuliah rahayat, sanés ngan saukur gerakan sakelompok jalma.
Salian ti éta, perang ieu ogé ngayakinkeun pihak Inggris yén kacida pentingna pikeun milih sikep netral dina konflik Indonésia-Walanda.[1] Faktana, dina sababaraha taun saatosna, Inggris anu tadina janten lawan dina Perang Surabaya, malik ngarojong kamerdékaan Indonésia di forum PBB.
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Dina tanggal 17 Agustus 1945, Soekarno sareng Hatta ngumumkeun kamerdékaan Indonésia ngaliwatan Proklamasi Kamerdékaan Indonésia di Jakarta, dua dinten saatos Kaisar Jepang taluk ka Sekutu. Nalika béja kamerdékaan ieu nyebar ka sakuliah nagri, rahayat Indonésia ngarasa merdéka sarta ngarojong pisan kana ngadegna Républik.[3] Dina sababaraha minggu, Indonésia ngalaman kaayaan kosongna kakawasaan (vakum), boh tina pihak pangjajah boh ti pihak Républik sorangan. Hal ieu ngakibatkeun kaayaan anu teu tangtu, nanging méré kasempetan pikeun pajoang lokal pikeun ngukuhkeun kakawasaan.[4]
Dina tanggal 19 Séptémber 1945, sakelompok urang Walanda anu disokong ku Jepang naékeun bandéra Walanda di luhur Hotél Yamato di Surabaya, Jawa Wétan. Ieu hal ngabalukarkeun pajoang sarta laskar-laskar Indonésia ngamuk, anu saterusna nyerang éta hotél. Dina éta kajadian, bandéra Walanda diturunkeun, tuluy bagian warna biruna disoék sarta ditaékeun deui janten bandéra Indonésia (Beureum-Bodas).[5] Pamingpin grup Walanda, nyaéta Pluegman, tiwas dina éta karusuhan.[5]

Komandan senior Jepang di Surabaya, Laksamana Madya Shibata Yaichiro, nyokong ka Républik sarta méré aksés pakarang pikeun para laskar.[1] Dina tanggal 3 Oktober, anjeunna nyerah ka kaptén Angkatan Laut Walanda minangka wawakil Sekutu anu ti heula sumping ka Indonésia. Yaichiro sadar yén réalitasna Indonésia anu ngontrol kota, anjeunna maréntahkeun pasukanna pikeun masrahkeun pakarang ka pihak Indonésia. Pihak Indonésia sabenerna diparéntah ogé pikeun masrahkeun pakarang tina Jepang éta ka Sekutu, nanging urang Indonésia henteu nurut.[1]
Pasukan Inggris sumping bari nyandak pasukan militér leutik ti Walanda anu namina NICA (Netherlands Indies Civil Administration). Pasukan Inggris ngarasa paur nalika terang yén pihak Indonésia beuki wani sarta beuki kiat dina nyerang markas Jepang di sabudeureun nagri, ngan saukur ngagunakeun pakarang basajan sapertos awi runcing pikeun ngarebut pakarang tentara Jepang.[rujukan?] Tujuan utama pasukan Inggris di Surabaya téh saenyana nyaéta badé nyandak pakarang Jepang sarta Indonésia, salian ti éta ogé badé nyandak tawanan Jepang anu badé dipulangkan deui ka nagarana.
Dina bulan Séptémber sarta Oktober 1945, aya sababaraha kajadian insidén anu ngalibetkeun urang Éropa sarta pihak Indonésia.[7] Dina ahir bulan Oktober sarta awal Nopémber, para pamingpin Nahdlatul Ulama sarta Masyumi netepkeun yén perang mertahankeun Indonésia téh kaasup Jihad, sarta Jihad nyaéta kawajiban pikeun tiap Muslim. Para Kyai sarta santri ti pasantrén-pasantrén anu aya di Jawa Wétan mimiti daratang ka Surabaya. Bung Tomo anu kharismatik ngagunakeun radio lokal pikeun méré sumanget sarta ningkatkeun patriotisme di sakuliah kota.[1]
Genep rébu pasukan Inggris-India (Gurka) dikirim ka kota dina tanggal 25 Oktober pikeun ngévakuasi tawanan Éropa, tilu dinten ti harita, peperangan geus dimimitian.[1] Perang ieu ngalibetkeun 20.000 Tentara Kaamanan Rahayat (TKR) sarta 70.000–140.000 laskar rahayat. Pihak Inggris ménta bantuan ka Présidén Soekarno, Wakil Présidén Mohammad Hatta, sarta Menteri Amir Sjarifuddin pikeun nenangkeun rahayat, anu ahirna dina tanggal 30 Oktober diayakeun gencatan senjata.[1]
Kajadian-Kajadian Awal
[édit | édit sumber]Dina tanggal 26 Oktober 1945, Brigadir A.W.S. Mallaby ngayakeun perjangjian sareng Gubernur Jawa Wétan, Mr. Suryo, yén pasukan Inggris moal maréntahkeun pasukan Indonésia pikeun masrahkeun pakarangna. Nanging, perjangjian ieu ngabalukarkeun salah paham anu serius sareng pasukan Inggris di Jakarta anu dipingpin ku Létnan Jenderal Sir Philip Christison.
Mimitina, pasukan Inggris jumlahna 6.000 personil anu nganggo pakarang hampang. Ieu pasukan téh nyaéta Tentara Inggris-India ti Brigade Infanteri 49 Divisi India 23 (23rd Indian Division). Nalika perang aya dina puncakna, Inggris ngirimkeun pasukan tambahan, nyaéta: 24.000 tentara ti Divisi 5 India anu miboga pakarang lengkep, 24 Tank Sherman, 24 pesawat tempur, 2 kapal parancah (cruiser), sarta 3 kapal pangancur (destroyer).[8]
Pasukan Indonésia diwangun ku 20.000 Tentara Kaamanan Rahayat (TKR) anu nembé dibentuk, sarta kira-kira 100.000–120.000 laskar rahayat. TKR sorangan anggotana asalna tina PETA, hiji organisasi semi-militér anu dibentuk ku Jepang. Sedengkeun laskar rahayat diwangun ku rahayat pro-kamerdékaan anu mawa pakarang mangrupa senapan, pedang, sarta awi runcing. Senapan ti pihak Indonésia lolobana hasil rampasan ti tentara Jepang anu nyerah.[2]
Jalanna Perang
[édit | édit sumber]Mimiti
[édit | édit sumber]Dina tanggal 27 Oktober 1945, kapal udara Inggris hiber ti Jakarta ka Surabaya bari nyebarkeun ultimatum mangrupa pamflét anu eusina maréntahkeun sangkan pasukan Indonésia sarta laskar rahayat masrahkeun pakarangna. Para komandan pasukan sarta laskar Indonésia ambek narima ieu ultimatum, margi dianggap geus nyalahan perjangjian sareng Mallaby anu parantos dijieun saméméhna.
Dina tanggal 28 Oktober 1945, pasukan Indonésia sarta laskar rahayat nyerang pasukan Inggris di Surabaya anu ngabalukarkeun 200 urang korban ti pihak Inggris. Dina tanggal 30 Oktober 1945, Inggris ménta Présidén Soekarno, Mohammad Hatta, sarta Amir Sjarifuddin (Menteri Inpormasi) sumping ka Surabaya pikeun badami ngeunaan gencatan senjata. Gencatan senjata ieu disatujuan ku pihak Indonésia sarta Mayor Jenderal Hawthorn (Komandan Divisi India ka-23) jeung Brigadir Mallaby. Najan kitu, kusabab aya salah paham di lapangan, perang ahirna peupeutéyan deui di Surabaya. [9]
Tiwasna Brigadir Mallaby
[édit | édit sumber]
Dina tanggal 30 Oktober 1945, Brigadir A.W.S. Mallaby, komandan brigade Inggris di Surabaya, nuju ngurilingan kota pikeun nyebarkeun béja ngeunaan perjangjian énggal ka pasukanna. Nalika mobilna ngadeukeutan pos pasukan Inggris di deukeut Sasak Beureum (Jembatan Merah), mobilna dikepung ku laskar Républik Indonésia. Dina kaayaan anu kacida kusutna, Mallaby ditémbak sarta tiwas di jero mobilna.[2]
Kaptén R.C. Smith anu marengan Mallaby dina éta mobil ngalaporkeun yén manéhna ningali aya saurang pamuda anggota laskar Républik némbak sarta maéhan Mallaby saatos ngobrol sakedap. Smith ogé ngalaporkeun yén manéhna tuluy ngalungkeun granat tina mobil ka arah anu disangka tempat panyumputan anu némbak téa. Sanajan kitu, manéhna teu yakin naha granatna keuna atanapi henteu. Ngabeledugna granat ngabalukarkeun korsi tukang mobil kaduruk.[2]
Aya ogé pamendak sanés dina sumber anu sarua,[2] anu nyatakeun yén anu matak tiwasna Mallaby téa nyaéta ku sabab beledugna granat, sanés ku sabab ditémbak. Kumaha waé carana, tiwasna Mallaby janten sabab utama bituna perang campuh di Surabaya. Pihak Inggris ngaluarkeun ultimatum yén Indonésia kedah taluk; upami henteu, dina tanggal 10 Nopémber Inggris bakal nyerang bebéakan.[1]
Perang Utamana
[édit | édit sumber]
Létnan Jenderal Sir Philip Christison ngambek nalika anjeunna terang yén Brigadir Mallaby palastra di Surabaya. Dina mangsa gencatan senjata, Inggris ngirim bantuan tambahan sarta ngévakuasi para interniran.[1] Dua brigade tambahan, nyaéta Brigade Infanteri India ka-9 sarta Brigade Infanteri India ka-23 anu kaasup kana Divisi India ka-5 dipingpin ku Mayor Jenderal Robert Mansergh, dikirimkeun kalayan dibarengan ku tank Sherman, 2 kapal parancah (cruiser), sarta 3 kapal pangancur (destroyer), kaasup kapal HMS Cavalier.[8]
Subuh tanggal 10 Nopémber, anu ayeuna dipiélingan salaku Poé Pahlawan, pasukan Inggris nyerang Surabaya kalayan dibantuan ku bombardir bom ti kapal laut sarta kapal udara. Perang lumangsung kacida rongkahna; tentara Inggris nyaliksis sakuliah kota, unggal wangunan sarta rohangan dipariksa hiji-hiji. Sangkilang pajoang Indonésia ngalawan kalayan bebéakan, satengah kota Surabaya hasil ditaklukeun dina waktu 3 dinten, sarta perang nembé réngsé saatos tilu minggu. Perkiraan korban ti pihak Indonésia nyaéta 6.300–15.000 urang, sarta sakitar 200.000 urang ngungsi kaluar kota.[1][10] Korban ti pihak Inggris-India sakitar 600 urang.[11]
Akibat Perang
[édit | édit sumber]Pihak republik loba korban dina hal sumber daya manusia jeung musnahna senjata nu mangaruhan perjoangan militér républik saterusna.[1] Perang Surabaya nyaéta perang tunggal nu paling rongkah sapanjang revolusi Indonésia, jeung salah sahiji perang nu nembokngkeun kumaha kuatna determinasi jeung pangorbanan rakyat dina kaayaan kacau sahingga jadi salah sahiji simbul ningkatkeun sumanget révolusi Indonésia. Perang ieu gé matak mangaruhan ka Inggris, Inggris sadar yén di Asia Tenggara sumber daya nu direbut ku Jepang kacida lobana. Faktana, sababaraha taun ti harita, Inggris sacara terang-terangan nyokong Republik di PBB. Perang ieu gé sabenerna nyirnakeun karaguan Walanda yén Republik téh bener-bener aya jeung didukung ku rakyat.[1] Bulan Nopember 1946, Pasukan Inggris antuknana ninggalkeun Indonésia. Patung Pahlawan 10 Nopember diadegkeun di Surabaya keur pangeling-ngeling. Jeung kiwari, 10 Nopémber nyaéta dipieling minangka Hari Pahlawan.
Tinggali Ogé
[édit | édit sumber]| Portal Portal Portal Portal |
Referensi
[édit | édit sumber]- Frederick, William H. (1982). "In Memoriam: Sutomo". Indonesia. 33. Cornell University Southeast Asia Program: 127–128. ;
- Frederick, Willam H. (1989). Visions and Heat: The Making of the Indonesian Revolution. Athens, Ohio: Ohio University Press. ISBN 978-0-8214-0906-0.
- Friend, Theodore (2003). Indonesian Destinies. The Belknap Press of Harvard University Press. ISBN 978-0-674-01834-1.
- Parrott, J. G. A. (1975). "Who Killed Brigadier Mallaby?". Indonesia. 20 (20): 87–111. doi:10.2307/3350997. JSTOR 3350997. Diarsipkeun ti asli tanggal 16 September 2006. Diaksés tanggal 3 August 2012.
- Reid, Anthony (1973). The Indonesian National Revolution 1945–1950. Melbourne: Longman Pty. ISBN 978-0-582-71046-7.
- Ricklefs, Merle Calvin (1993). A History of Modern Indonesia Since c. 1300 (Édisi Second). MacMillan. ISBN 978-0-333-57689-2.
- Vickers, Adrian (2005). A History of Modern Indonesia (Édisi illustrated, annotated, reprint). Cambridge University Press. ISBN 978-0-521-83493-3.
- Woodburn Kirby, S. (1965). The War Against Japan. Vol. V. London: HMSO.
- Poesponegoro, Marwati Djoened (2008). Sejarah Nasional Indonesia VI: Zaman Jepang dan Zaman Republik Indonesia. Balai Pustaka. ISBN 979-407-412-8.
- Toer, Pramoedya Ananta (1999). Kronik Revolusi Indonesia: Jilid I (1945). KPG (Kepustakaan Populer Gramedia). ISBN 979-9023-27-0.
Sumber séjén
- "The Battle for Surabaya". Indonesian Heritage. Editions Didier Millet. Diaksés tanggal 3 August 2012.
Bacaeun saterusna
[édit | édit sumber]- Bayly and Harper (2007) Forgotten Wars: The End of Britain's Asian Empire (London:Penguin).
- McMillan, Richard (2005) The British Occupation of Indonesia 1945–1946: Britain, the Netherlands and the Indonesian revolution (London:Routledge).
- Parrott, J. G. A., Role of the 49 Indian Infantry Brigade in Surabaya, Oct.-Nov. 1945, Australian thesis
Sawangan Luar
[édit | édit sumber]- Picture of General Mallaby's burnt out car Archived 2016-03-03 di Wayback Machine. This photograph was taken in November 1945 by Sergéants Davis and MacTavish of the British No. 9 Army Film and Photographic Unit. Original at the Imperial War muséum's Collections Online database at Reference No. SE 5724
- Picture of the Internatio Building Archived 2016-03-04 di Wayback Machine scene of the 30 October Incident and Mallaby's Déath.