Lompat ke isi

Mohammad Hatta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dr.(H.C.). Drs. H. Mohammad Hatta
Wakil Présidén Indonésia ka-1
Masa jabatan
18 Agustus 1945 – 1 Desember 1956
Présidén Soekarno
Saméméhna Henteu aya
Sanggeusna Sri Sultan Hamengkubuwono IX
Perdana Menteri Indonesia ka-3
Masa jabatan
29 Januari 1948 – 5 September 1950
Présidén Soekarno
Saméméhna Amir Sjarifuddin
Sanggeusna Muhammad Natsir
Menteri Pertahanan Republik Indonesia ka-4
Masa jabatan
29 Januari 1948 – 4 Agustus 1949
Katerangan lian
Gumelar 12 Agustus 1902
Bukittinggi, Sumatera Barat
Pupus 14 Maret 1980
(yuswa 77)
Jakarta
Kabangsaan Indonesia
Partéy pulitik Non Partéy
Pameget/istri Rahmi Rachim
Murangkalih Meutia Hatta
Gemala Hatta
Halida Hatta
Ageman Islam
Tanda tangan

Dr.(H.C.) Drs. H. Mohammad Hatta, atawa populér minangka Bung Hatta (lahir di Bukittinggi, Sumatera Kulon, 12 Agustus 1902 – pupus di Jakarta, 14 Maret 1980, dina umur 77 warsih) nyaéta saurang pajoang, nagarawan, sarta ogé Wawakil Présidén Indonésia anu kahiji.

Bung Hatta ogé dipikawanoh minangka Bapa Koperasi Indonésia. Bandara Internasional Jakarta ngagunakeun ngaranna pikeun ngahormatan jasana minangka salah saurang proklamator kamerdikaan Indonésia.

salah sahiji anak awéwé anjeunna, Meutia Hatta, nyekel kalungguhan Menteri Nagara Pemberdayaan Awéwé dina Kabinét Indonésia Bersatu lulugu Présidén Susilo Bambang Yudhoyono.

Kasang Tukang jeung Riwayat Atikan

[édit | édit sumber]

Hatta lahir ti kulawarga ulama Minangkabau, Sumatera Kulon. Ngaran paméré kolotna mah nyaéta Muhammad Athar. Hatta sakola di Sekolah Melayu, Bukittinggi sarta dina taun 1913-1916 anjeunna nuluykeun sakolana ka Europeesche Lagere School (ELS) di Padang. Waktu umurna 13 taun, Hatta geus lulus ujian asup ka HBS (satingkat SMA) di Batavia (kiwari Jakarta), ngan indungna hayang Hatta tetep cicing di Padang lantaran umurna nu kalintang ngora kénéh. Ahirna Bung Hatta nuluykeun sakolana ka MULO di Padang. Dina taun 1919, anjeunna indit ka Batavia pikeun nyuprih élmu di Sekolah Tinggi Dagang Prins Hendrik School. Anjeunna nganggeuskeun sakolana kalawan hasil nu kacida hadéna. Dina taun 1921, Bung Hatta indit ka Rotterdam, Belanda pikeun diajar élmu dagang/bisnis di Nederland Handelshogeschool (bahasa inggris: Rotterdam School of Commerce, kiwari jadi Universitas Erasmus). Di Belanda anjeunna cicing salila 11 taun.[1]

Tanggal 27 Nopember 1956, Bung Hatta nyangking gelar kehormatan akademis nyaéta Doctor Honoris Causa dina Élmu Hukum ti Universitas Gadjah Mada di Yogyakarta, kalawan pidato pengukuhan anu judulna Lampau dan Datang.

Nalika umurna 15 taun, Hatta naratas karir salaku aktivis organisasi, salaku juru simpen Jong Sumatranen Bond Cabang Padang. Kasadaran politik Hatta beuki ngaronjat lantaran kabiasaanana ngaluuhan ceramah-ceramah atawa lawungan-lawungan politik. Salah sahiji inohong politik nu jadi idola keur Hatta nyaéta Abdul Muis. Di Batavia, Hatta ogé aktif di Jong Sumatranen Bond Pusat salaku juru simpen. Basa di Belanda, anjeunna ilubiung dina Perhimpunan Hindia (Indische Vereeniging). Harita téh keur jaman mekarna iklim pergerakan di Indische Vereeniging. Saméméhna, Indische Vereeniging nu ngadeg dina taun 1908 ngan saukur hiji lawungan antar palajar di Indonésia. Tapi Indische Vereeniging robah sanggeus ayana tilu inohong Indische Partij (Suwardi Suryaningrat, Ernest Douwes Dekker, jeung Tjipto Mangunkusumo) di Belanda dina taun 1913 salaku jalma nu dipiceun lantaran tulisan-tulisanana di média massa nu anti pamaréntah.

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. Hatta, Mohammad (2002). Mohammad Hatta: memoir : terbitan khusus satu abad Bung Hatta (dalam Indonesian). Yayasan Hatta. ISBN 978-979-97081-0-6.