Lompat ke isi

Perang Surabaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Perang Surabaya nyaéta perang antara milisi jeung serdadu pro-Kamerdikaan Indonesia ngalawan tentara Inggris. Puncakna éta perang nyaéta dina bulan Nopember 1945. Sangkilang perlawanan nu kuat ti pihak republik, tentara Inggris-India -nu ku urang sok disebut Gurka- unggul sarta hasil nalukeun Surabaya, keur Walanda. Perang ieu mangrupa perang nu pangrongkahna dina perjuangan Indonesia mah. Tepikeun ka jadi simbul perjuangan Indonesia.[1] Ningali perjuangan rakyat Indonesia nu bener-bener rongkah, perang ieu mere kontribusi nu gedé pikeun Indonesia, sabab sanggeus perang ieu, dukungan internasional pikeun kemerdekaan Indonesia beuki ngagedéan. Kiwari 10 November dijadikeun Hari Pahlawan.

Harita, sekutu (Allied forces) datang ka Surabaya di akhir bulan Oktober 1945, para pemuda nu aya di kota Surabaya sok disebut pemuda nu kuat jeung ngahiji.[2] Perang rongkah ngabeledug nalika 6000 tentara gurka (Indian) nepi ka kota nu maksudna rek mawa tahanan perang urang Eropah. Sanggeus panglima Inggris Brigadier A. W. S. Mallaby dipaehan dina tanggal 30 Oktober,[2] tentara Inggris nyerang maké kekuatan penuh dina tanggal 10 Nopember dilindungi ku serangan udara. Sangkilang kota bisa dikuasai ku pasukan Eropah dina tilu poe, tentara republik nu kurang persenjataan bisa terus berjuang tepika tilu minggu lilana, salian ti eta, rebuan tentara gugur nalika rakyat Surabaya ngungsi ninggalkeun kota.

Sanajan dina perang ieu pihak republik eleh sacara militer jeung ngalaman karugian nu teu saeutik dina hal béakna senjata jeung sumber daya manusia anu bakal mangaruhan kana jalana revolusi, perang jeung perjuangan nu dilakukeun ku pihak republik ngakibatkeun naekna dukungan pikeun Indonesia jeung ngakibatkeun Indonesia jadi perhatian internasional. Sedengkeun pikeun pihak Walanda, sabenerna matak teu ragu deui yén Republik Indonesia téh bener-bener aya lain ngan saukur sababaraha urang nu teu didukung ku rakyat. Salian ti eta, perang ieu matak ngayakinkeun pihak Inggris yén kacida pentingna aya dina kaayaan netral teh.[1] faktana, dina sababaraha taun Inggris nu jadi musuh republik dina perang ieu, ngadukung kamerdekaan Indonesia di PBB.

Kasang Tukang

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 17 Agustus 1945, Soekarno jeung Hatta ngumumkeun kamerdikaan Indonesia ngaliwatan Proklamasi Kemerdekaan Indonesia di Jakarta, dua poé sanggeus kaisar Jepang taluk ka sekutu. Sajalan jeung berita kemerdakaan ieu nyebar di sakuliah nagri, kabéh rakyat Indonesia nu teu kapangaruhan pangaruh asing ngarasa merdeka jeung ngarojong kana ayana Republik.[3] Dina sababaraha minggu, Indonesia ngalaman kosongna kakawasaan nu asalna ti pihak penjajah pon kitu deui ti pihak republik. Hal ieu ngakibatkeun kaayaan nu teu tangtu, tapi ogé mere kasempetan keur sababaraha oknum.[4] Dina tanggal 19 September 1945, hiji grup internir urang Walanda nu disokong ku Jepang, naekeun bendera Walanda di luar hotel Yamato di Surabaya, Jawa Timur. Hal ieu ngakibatkeun laskar-laskar Indonesia ngamuk nu saterusna nyerang urang Walanda jeung urang Jepang di Hotel éta jeung nurunkeun bendera Walanda nu tuluy warna biruna di soekan jeung ditaekeun deui jadi bendera Indonesia.[5] Pamingpin grup Walanda nyaéta Pluegman kapaehan dina kerusuhan eta.[5]

Bung Tomo di Surabaya, Salah sahiji pamingpin revolusi kharismatik Indonesia. Perhatikeun anjeuna masih kénéh make seragam tentara Jepang. Ieu foto jadi salah sahiji simbul perjuangan revolusi.[6]

Komandan senior Jepang di Surabaya, Laksamana Madya Shibata Yaichiro, nyokong ka Republik jeung mere akses senjata keur para laskar.[1] Dina 3 Oktober, anjeunna nyerah ka kapten Angkatan Laut Walanda, minangka perwakilan sekutu nu tiheula datang ka Indonesia. Yaichiro sadar yén réalitasna Indonesia ngontrol kota, manéhna marentahkeun pasukana nyerahkeun senjata ka pasukan Indonesia. Indonesia sabenerna diparentah ogé keur nyerahkeun senjata nu ti Jepang ka sekutu ngan urang Indonesia teu nurut.[1]

Pasukan Inggris datang bari mawa pasukan militer leutik ti Walanda nu ngarana NICA (Netherlands Indies Civil Administration). Pasukan Inggris ngarasa paur, barang apal yén pihak Indonesia beuki wani jeung beuki kuat dina nyerang markas Jepang nu aya di sabudeur nagri maké senjata sederhana jiga regang awi (bambu runcing) keur ngarebur senjata urang Jepang.[rujukan?] Tujuan utama Pasukan Inggris di Surabaya téh saenyana mah nyaéta rek nyokot senjata Jepang jeung Indonesia, salian ti éta gé nyaéta rek nyokot tawanan Jepang nu rek dibalikeun deui ka nagrina.

Dina bulan September jeung Oktober 1945, aya kajadian sababaraha insiden nu ngalibatkeun urang Eropa jeung pihak Indonesia.[7] Di akhir bulan Oktober jeung awal Nopember, para pamingpin Nahdlatul Ulama jeung Masyumi, netepkeun yén perang mertahankeun Indonesia kaasup Jihad, sedengkeun Jihad nyaéta kawajiban pikeun tiap muslim. Para Kyai jeung santri ti pasantren-pasantren nu aya di Jawa Timur, mimiti daratang ka Surabaya. Bung Tomo nu kharismatik, ngagunakeun radio lokal keur mere sumanget jeung ningkatkeun patriotisme di sakuliah kota.[1] Genep rebu pasukan Inggris-India (Gurka) dikirim ka kota dina tanggal 25 Oktober keur ngevakuasi tawanan Eropa, tilu poé ti harita, peperangan geus ngamimitian. [1] Perang ngalibatkeun 20.000 Tentara Kéamanan Rakyat (TKR) jeung 70.000-140.000 laskar rakyat, Inggris menta bantuan ka présidén Sukarno, Wakil présidén MohammadHatta jeung menteri Amir Syarifudin keur nenangkeun rakyat, nu akhirna dina tanggal 30 Oktober diayakeun gencatan senjata.[1]

Kajadian-Kajadian Awal

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 26 Oktober 1945, Brigadier A. W. S. Mallaby boga perjangjian jeung Gubernur Jawa Timur, Mr. Suryo, yén pasukan Inggris moal marentah pasukan Indonesia nyerahkeun senjatana. Perjangjian ieu ngakibatkeun salah paham nu serius jeung pasukan Inggris di Jakarta nu di pimpin ku Letnan Jenderal Sir Philip Christison).

Awalna, pasukan Inggris jumlahna 6.000 orang nu maké senjata ringan. Tentara Inggris ieu nyaéta Tentara Inggris-India ti Brigade Infanteri 49 Divisi India 23 (23rd Indian Division). Nalika perang dina puncakna, Inggris ngirim deui pasukan tambahan nyaéta : 24.000W tentara ti Divisi 5 India nu senjatana lengkep pisan, 24 Tank Sherman, 24 pesawat tempur, 2 kapal laut jenis cruiser jeung 3 kapal laut perusak (destroyer).[8]

Pasukan Indonesia eusina nyaéta 20.000 Tentara Kéamanan Rakyat nu anyar dibentuk, jeung kira-kira 100.000-120.000 laskar rakyat. TKR sorangan asalna anggota PETA, hiji organisasi semi militer nu dibentuk Jepang. Sedengkeun laskar rakyat eusina nyaéta rakyat pro-Kemerdekaan nu mawa senjata di antarana senapan, pedang jeung regang awi (bambu runcing). Senapan ti pihak Indonesia lolobana nyaéta rampasan ti tentara Jepang nu nyerah.[2]

Jalanna Perang

[édit | édit sumber]

Tanggal 27 Oktober 1945, kapal udara Inggris ngapung ti Jakarta ka Surabaya nyebarkeun ultimatum tina pamflet nu eusina sangkan pasukan Indonesia jeung laskar rakyat nyerahkeun senjatana. Para komandan pasukan jeung laskar Indonesia ambek narima ultimatum ieu nu dianggapna nyalahan perjangjian jeung Mallaby nu geus dijieun samemehna. Dina 28 Oktonber 1945, pasukan Indonesia jeung laskar rakyat nyerang pasukan Inggris di Surabaya nu nyebabkeun 200 korban ti pihak Inggris. 30 Oktober 2009, Inggris ngirim présidén Sukarno, Mohammad Hatta jeung Amir Syamsudin (Menteri Informasi) ka Surabaya nu maksudna hayang nego masalah gencatan senjata. Gencatan senjata disatujuan antara Indonesia jeung Mayor Jenderal Hawtorn (Komandan Divisi Indian ka 23) jeung Brigadir Mallaby. Najan kitu ku sabab ayana salah paham, perang akhirna jadi ogé di Surabaya. [9]

Tiwasna Brigadir Mallaby

[édit | édit sumber]
Mobil Brigadir Mallaby tempat anjeuna tiwas dina tanggal 31 Oktober 1945.

30 Oktober 1945, Brigadir A. W. S. Mallaby, komandan brigade Inggris di Surabaya, keur ngurilingan Surabaya nyebarkeun berita ngeunaan perjangjian anyar ka pasukana. Nalika mobilna ngadeukeutan pos pasukan Inggris di deukeut Jembatan Merah mobilna dikepung ku laskar Republik Indonesia. Teu lila dina kaayaan kacow jiga kitu, Mallaby ditembak tuluy tiwas dina mobilna.[2]

Kapten R. C. Smith nu marengan Mallaby dina mobil, ngalaporkeun yén manéhna ningali aya budak ngora anggota laskar republik nembak jeung maehan Mallaby sanggeus ngobrol sakeudeung. Smith tuluy ngalaporkeun yén manéhna tuluy ngalungkeun granat tina mobil ka arah nu disangka tempat panyumputan nu nembak téa. Sanajan kitu, manéhna teu yakin granatna keuna atawa henteu ka éta nu nembak. Ngabeledugna granat ngabalukarkeun korsi tukang mobil kaduruk.[2] Pendapat séjén dina sumber nu sarua,[2] nyatakeun yén nu matak tiwasna Mallaby nyaéta ledakan granat, lain ku sabab ditembak. Tiwasna Mallaby kumaha waé carana mangrupa sabab utama perang di Surabaya. Inggris ngultimatum Indonesia kudu taluk mun henteu dina 10 Nopember, Inggris bakal nyerang bebéakan.[1]

Perang Utamana

[édit | édit sumber]
Panembak Bren ti Resimen 3/9 Jat ngalindungi majuna resimen inyana ngalawan Pasukan Indonesia kira-kira tanggal 15-16 Nopember 1945.

Letnan Jenderal Sir Philip Christison ngamuk pas inyana apal yén Brigadir Mallaby kasambut di Surabaya. Dina kaayaan tenang, Inggris nyokot bantuan jeung ngaevakuasi interniran.[1] Dua Brigade tambahan, nyaéta Brigade Infantri India ka 9 jeung Brigade Infantri India ka 23 nu kaasup tina Divisi Inggris India ka-5 nu dipingpin ku Mayor Jenderal Robert Mansergh dikirimkeun jeung Tank Sherman, 2 Kapal Cruiser, 3 Kapal Destroyer kaasup kapal HMS Cavalier).[8]

Subuh tanggal 10 Nopember, nu ayeuna jadi Hari Pahlawan, pasukan Inggris nyerang Surabaya kalayan dilindungi ku bombardir bom ti Kapal Laut jeung Kapal Udara. Perang kacida rongkahna, Tentara Inggris mersihkeun kota, tiap wangunan jeung ruangan dibersihkeun hiji-hiji. Sangkilang pejuang Indonesia ngalawan kalayan bebéakan, setengah kota Surabaya ditaklukeun dina waktu 3 poe, jeung perang lekasan dina tilu minggu. Perkiraan korban ti pihak Indonesia nyaéta 6.300-15.000 jeung sekitar 200.000 urang ngungsi kaluar kota.[1][10] Korban ti Inggris-India sekitar 600 urangan.[11]

Akibat Perang

[édit | édit sumber]

Pihak republik loba korban dina hal sumber daya manusia jeung musnahna senjata nu mangaruhan perjoangan militer republik saterusna.[1] Perang Surabaya nyaéta perang tunggal nu paling rongkah sapanjang revolusi Indonesia, jeung salah sahiji perang nu nembokngkeun kumaha kuatna determinasi jeung pengorbanan rakyat dina kaayaan kacau sahingga jadi salah sahiji simbul ningkatkeun sumanget revolusi Indonesia. Perang ieu gé matak mangaruhan ka Inggris, Inggris sadar yén di Asia Tenggara sumber daya nu direbut ku Jepang kacida lobana. Faktana, sababaraha taun ti harita, Inggris sacara terang-terangan nyokong Republik di PBB. Perang ieu gé sabenerna nyirnakeun karaguan Walanda yén Republik téh bener-bener aya jeung didukung ku rakyat.[1] Bulan Nopember 1946, Pasukan Inggris akhirna ninggalkeun Indonesia. Patung Pahlawan 10 Nopember diadegkeun di Surabaya keur pangeling-ngeling. Jeung kiwari, 10 Nopember nyaéta dipieling minangka Hari Pahlawan.

Tinggali Oge

[édit | édit sumber]
Portal Portal Portal Portal

Referensi

[édit | édit sumber]

Sumber séjén

Bacaeun saterusna

[édit | édit sumber]
  • Bayly and Harper (2007) Forgotten Wars: The End of Britain's Asian Empire (London:Penguin).
  • McMillan, Richard (2005) The British Occupation of Indonesia 1945–1946: Britain, the Netherlands and the Indonesian revolution (London:Routledge).
  • Parrott, J. G. A., Role of the 49 Indian Infantry Brigade in Surabaya, Oct.-Nov. 1945, Australian thesis

Sawangan Luar

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l Ricklefs, p. 217.
  2. a b c d e f Parrott.
  3. Ricklefs, pp. 214–215.
  4. Friend, p. 32.
  5. a b Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama petrayamato
  6. Frederick 1982, pp. 127–128.
  7. Frederick 1989, pp. 237–243.
  8. a b Indonesian Heritage.
  9. Reid, p. 52.
  10. Vickers, p. 98.
  11. Woodburn Kirby, p. [kaca dibutuhkeun].