Kalam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kalam atawa péna nyungcung ( basa Yunani: κάλαμος, pl. κάλαμοι Kalamoi; lat. calamus, pl. calami) atawa qolam (Basa Arab: قلم‎‎) nyaéta sajenis alat tulis heubeul atawa kaasup kana pakakas kuna. Kalam aya nu dijieun tina harupat, tamiang, awi, kai, ogé kuningan, keur nulis ngagunakeun kalam dibutuhkeun mangsi.[1]

Jaman baheula geus kapanggih kalam nu dijieun tina logam (parunggu). Kalam nu dijieun tina parunggu nu pangheulana kapanggih téh nyaéta bareng jeung golongan naskah nu kakubur abad ka-5 SM di Attica (Yunani). Ari dipakéna péna bulu minangka alat tulis mah kapanggih dina abad ka-6 maséhi, ieu kacatet dina sastra kuna Éropa.

Pamakéan[édit | édit sumber]

Tungtung kalam dibeulah sacara diagonal, disuat ti beulah luhur. Ditulis maké mangsi kana papirus atau perkamén. Lantaran pamakéanna nu gancang, tungtung kalam kudu diképrétkeun heula waktu rék nulis téh, sakapeung mah kudu diraut deui mun geus pareng garing. Kalawan kandelna nu béda, hasil garis ipis jeung kandelna téh diatur ku kaparigelan leungeun nu nulis, ku cara maréasikeun puhu leungeun jeung pigeulang leungeun.

Kalam dina Islam[édit | édit sumber]

Kalam mangrupa alat tulis nu mulya di Islam mah. Dina Al Qur'an disebutkeun opat kali nyaéta dina surat Ali Imron:44, Luqman:27, Al-Qolam:1, jeung Al-'Alaq:4, anu dua kali mah dina pada période munggaran turunna Al Qur'an. Dina surat nu munggaran, surat Al-'Alaq, dikocapkeun:

Baca, kalayan asma-Na Pangéran anjeun anu geus ngayugakeun; Nu ngayugakeun manusa tina sagumpal getih; Baca, karana Pangéran anjeun Nu Maha Mulya; Nu ngawulang ku kalam; Nu ngawulang manusa perkara nu teu dipikanyaho.

—Surat Al-'Alaq:1-5, 

Literatur[édit | édit sumber]

  • Cl. Huart, A. Grohmann: Ḳalam. In: The Encyclopaedia of Islam. New Edition. Band IV, S. 471.
  • Anton Spitaler: al-Qalamu aḥadu l-lisānaini. (= Beiträge zur Lexikographie des klassischen Arabisch). Beck, München 1989, ISBN 3-7696-1550-6.

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Danadibrata, R.A. (1 Desember 2009). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 309. ISBN 9793631937.