Kangker prostat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kangker Prostat
Klasifikasi jeung sumber luar
Prostatelead.jpg
ICD-10 C61.
ICD-9 185
OMIM 176807
DBPanyakit 10780
MedlinePlus 000380
eMedicine radio/574 

Kangker prostat nyaéta kanker anu berkembang dina prostat, kelenjar dina sistem réproduksi lalaki. Jumlah kanker prostat béda-béda di unggal panjuru dunya, tapi jarang aya kajadian di Asia Wétan atawa Kidul, lolobana kajadian di Éropa jeung Amérika Serikat. Kangker prostat jarang tumerap ka lalaki di Asia, lolobana kajadian ka lalaki anu kulitna hideung, jeunf urang Éropa salaku panengahna. [1] Dina awak anu kakeunaan ieu panyakit kapanggih rasio plasma vitamin B12 anu nyirorot pisan. [2]

Faktor résiko[édit | édit sumber]

Faktor anu bisa ningkatkeun kakeunaam kangker kanker prostat nyaéta umur, ras, riwayat kulawarga (turunan), hormon, jeung pola dahar. Résiko tumerap kangker prostat téh ngaronjat keur jalma anu kulitna bodas kalayan umur leuwih ti 50 taun atawa lalaki kulit hideung anu umurna leuwih ti 40 taun. Étnis kulit hideung miboga résiko 1.6x leuwih luhur tibatan lalaki anu kulitna bodas. [3] Lalaki anu kulawarga lalakina keuna ku kangker prostat (lanceuk, bapa, akina) miboga résiko leuwih langkung luhur katerap panyakit tibatan lalaki anu henteu boa riwayat di kulawargana. Faktor séjén anu bisa nyababkeun kangker prostat nyaéta parobahan hormon téstostéron jeung pola dahar anu loba teuing ngandung lemak.[3] [4] Kadang agén kimia saperti Cadmium ogé kapanggih dina sél kangker prostat.[5]

Ngungkulan[édit | édit sumber]

Sababaraha hal anu bisa dilakukeun keur ngungkulan prostat nyaéta ngajaga kaséhatan, ngajaga beurat awak, nginum cai hérang anu loba, ngurangan déprési, latihan olahraga rutin, jeung ngurangan konsumsi alkohol, daging atawa gajih. [6] Keur ngubaran kangker prostat, aya sababaraha pilihan padika ngubaran anu bisa dilakukeun ku dokter di antarana kémoterapi, radiasi, terapi hormon, operasi, jeung reseksi transurethral tina prostat (TURP, digunakeun dina tahap awal ngubaran panyakit keur miceun jaringan anu ngahalangan saluran kemih). Pilihan ngubaran ieu panyakit beda-beda ti pasién ka pasién sabab éta dipangaruhan ku umur, kaayaan kaséhatan umum, kamekaran tumuwuhna kangker, manpaat jeung efek samping terapi. [4] Terapi hormon digunakeun sangkan awak ngahasilkeun hormon téstostéron, anu bisa ngarangsang mekarna sél kangker. Lian ti éta, kémoterapi umumna dipaké dina kasus kangker prostat anu sumebar kana bagian awak anu séjén nepi ka kamekaranana kudu diungkulan ku bahan kimia.[7]

Penapisan[édit | édit sumber]

Diagram kangker prostat neken kana uretra, nyababkeun gejala kiih henteu lancar atawa radiasi.

Penapisan kanker prostat mangrupa tarékah néangan kangker anu henteu disangka atawa asimtomatik jeung kudu disarungsum ku biopsi kalayan conto sél anu dicokot. Hal kahiji anu kudu dilakukeun nyaéta tés getih PSA (antigen spésipikasi spésifik), lamun positip kudu dilakukeun tés PSA sacara gratis, babandingan anu kadua bakal nangtukeun aya henteuna kangker, satuluyna dilakukeun ujian rektum digital atanapi DRE lamun diperelukeun. Sababaraha pamrograman kontroversial sareng di sababaraha jalma panginten henteu diperyogikeun, balukarna tiasa bahaya pikeun pasién. [8] Penapisan ngagunakeun DRE atawa PSA can bisa ngabuktikeun ngurangan tingkat tilar dunya tina ieu panyakit. [9]

United States Preventive Services Task Force ( USPSTF ) nyarankeun tés PSA keur mikanyaho ayana kangker prostat atawa henteu. [10] Tina éta tés kapanggih mangpaat tibatan hal anu leuwih ngabahayakeun. [11] [12] Centers for Disease Control and Prevention satuju kana ieu kasimpulan. [13] Sanajan kitu, ieu cara teu kudu diturutan ku urang Indonésia anu résiko kakeunaan kangker prostatna leuwih leutik tibatan urang Amerika, tapi leuwih hadé, lalaki urang Indonésia dimimitian dina umur 55 taun ngalakukeun ultrasound prostat. American Society of Clinical Oncology jeung American College of Medis nyarankeun yén penapisan henteu kudu dilakukeun keur jalma anu ngagaduhan umur 10 nepi ka 15 taun. [14] Sacara umum, can bisa dipastikeun mangpaat tés PSA keur ngarojong pamariksaan kangker prostat, naha ngabahayakeun atawa mantuan diagnosa dokter anu leuwih akurat. [15] The American Urological Association (AUA 2013) nyadiakeun pituduh keur mikanyaho mangpaat pencegahan tilar dunya tina panyakit kangker prostat antara 1 dina unggal 1000 lalaki anu diubaran salila 10 taun kalayan bahaya anu dipikanyaho patali jeung uji diagnostik jeung pangobatan. AUA méré kamandang yén kaputusan penapisan jalma anu umur 55 nepi ka 69 taun kudu didasaran kaputusan babarengan antara dokter jeung pasién, lamun dilakukeun ulah leuwih ti 2 taun sakali. [16]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Overview: Prostate Cancer—What Causes Prostate Cancer? American Cancer Society (2006-05-02). Retrieved on 4007-04-05
  2. (Basa Inggris) "Coexistence of pernicious anemia and prostate cancer - 'an experiment of nature' involving vitamin B12 modulation of prostate cancer growth and metabolism: a case report". Department of Nutrition and Neoplasia, Whittier Cancer Research Building; Glenn Tisman, Seth Kutik, dan Christa Rainville. Diakses tanggal 2010-12-10. 
  3. a b Tinjauan Pustaka, Universitas Sumatra Utara.
  4. a b Pasien dan Informasi Kanker: Kanker Prostat, Dharmais Hospital - National Cancer Institute.
  5. Pasien dan Informasi Kanker: Kanker Prostat, Dharmais Hospital - National Cancer Institute.
  6. Kanker Prostat, Diakses pada 3 November 2013. Laboratorium Klinik Prodia.
  7. Kanker Prostat, Diakses pada 3 November 2013. Laboratorium Klinik Prodia.
  8. Marcione, Marilyn (Citakan:ISO date/en). "Prostate testing's dark side: Men who were harmed". Associated Press. http://apnews.excite.com/article/20111012/D9QAUS2O0.html. Diakses pada 2011-10-13 
  9. Djulbegovic M, Beyth RJ, Neuberger MM, Stoffs TL, Vieweg J, Djulbegovic B, Dahm P (2010). "Screening for prostate cancer: systematic review and meta-analysis of randomised controlled trials". BMJ 341: c4543. doi:10.1136/bmj.c4543. PMC 2939952. PMID 20843937. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2939952. 
  10. Moyer VA, on behalf of the U.S. Preventive Services Task, Force (May 2012). "Screening for Prostate Cancer: U.S. Preventive Services Task Force Recommendation Statement". Annals of Internal Medicine. doi:10.1059/0003-4819-157-2-201207170-00459. PMID 22615453. 
  11. "Talking With Your Patients About Screening for Prostate Cancer" (PDF). Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 2012-06-01. Diakses tanggal 2012-07-02. 
  12. Chou R, Croswell JM, Dana T, Bougatsos C, Blazina I, Fu R, Gleitsmann K, Koenig HC, Lam C, Maltz A, Rugge JB, Lin K (December 2011). "Screening for prostate cancer: a review of the evidence for the U.S. Preventive Services Task Force". Annals of Internal Medicine 155 (11): 762–71. doi:10.1059/0003-4819-155-11-201112060-00375. PMID 21984740. Diarsipkan on 2014-08-18. Kesalahan: If you specify |archivedate=, you must also specify |archiveurl=. http://www.uspreventiveservicestaskforce.org/uspstf12/prostate/prostateart.htm. Diakses pada 2015-03-09. 
  13. Prostate Cancer Screening CDC, updated April 6, 2010
  14. Qaseem A, Barry MJ, Denberg TD, Owens DK, Shekelle P (April 2013). "Screening for Prostate Cancer: A Guidance Statement From the Clinical Guidelines Committee of the American College of Physicians". Annals of Internal Medicine 158 (10): 761–9. doi:10.7326/0003-4819-158-10-201305210-00633. PMID 23567643. 
  15. Basch E, Oliver TK, Vickers A, Thompson I, Kantoff P, Parnes H, Loblaw DA, Roth B, Williams J, Nam RK (Jul 16, 2012). "Screening for Prostate Cancer With Prostate-Specific Antigen Testing: American Society of Clinical Oncology Provisional Clinical Opinion". Journal of clinical oncology : official journal of the American Society of Clinical Oncology 30 (24): 3020–5. doi:10.1200/JCO.2012.43.3441. PMC 3776923. PMID 22802323. http://jco.ascopubs.org/content/early/2012/07/16/JCO.2012.43.3441.full.pdf. 
  16. "EARLY DETECTION OF PROSTATE CANCER: AUA GUIDELINE". American Urological Association. 2013. Diakses tanggal 10 May 2013.