Kekeb

Kekeb (turub) nyaéta pakakas tina sasapan (anyaman) awi pikeun nuruban sangu mangsa diasakan dina sééng sangkan asak kalawan rata.[1] [2][3] Upama geus asak sanguna katémbong ngebul kaluar tina luhureun kekeb hartina sangu geus bisa dijait pikeun diarihan. [4] Kekeb bisa ogé dipaké nuruban asakan anu diseupan sangkan gancang asak, nuruban dahareun séjén sangkan henteu kakebulan.[4] Waguna kekeb buleud semu kembu (cembung) kawas nyiru ngan leuwih leutik tur aya panyepenganna tina taneuh teula atawa tali paranti ngajungjungkeun kekeb atawa nunda kekeb mangsa teu dipaké.[5] Gedé leutikna kekeb disaluyukeun jeung ukuran sééng.[5] Sagigireun tina sasapan awi aya ogé di sababaraha daérah hususna di Jawa, kekeb téh dijieun tina taneuh teula wangunna kawas coét ngan leuwih ngalegok tur di luhurna aya cacangked buleud paranti ngajungjungkeun.[6]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Johnatan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, 1862.
- ↑ "Dandang, Spesialis untuk "Adang" Nasi (2)". Tembinews. 2013-02-13. Diaksés tanggal 2017-08-05. Archived 2017-10-14 di Wayback Machine
- ↑ Sastro Utomo, Sutrisno (2007). Kamus lengkap Jawa-Indonesia. Jakarta: Kanisius. ISBN 9789792117448.
- ↑ a b Ketut Suci, Ni (1986). Pengolahan makanan khas Bali. Jakarta: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan dari Universitas Michigan.
- ↑ a b Seraya, I Made (2007). Museum Bali salah satu sumber informasi kebudayaan Bali dalam rangka membina cinta budaya. Jakarta: Proyek Pengembangan Permuseuman Bali, Direktur Jenderal Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan dari Universitas Michigan.
- ↑ Mujab (July 11, 2006). "Racing to Know the Rarest of Rhinos, Before It's Too Late". caping. Diaksés tanggal 2017-07-05. Archived 2017-08-24 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |