Lompat ke isi

Kembang Sapatu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kembang sepatu
Hibiscus rosa-sinensis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
H. rosa-sinensis
Ngaran binomial
Hibiscus rosa-sinensis

Kembang sepatu (Hibiscus rosa-sinensis L.); Kembang wéra nyaéta pérak Malvaceae suku anu asalna ti Asia Wétan jeung sacara lega dipelak minangka pepelakan hias di daérah tropis jeung subtropis. Ukuran kembangna gedé, warnana beureum jeung bau. Kembang ti sababaraha kultivar jeung hibrida bisa aya kembang tunggal (makuta tunggal) atawa kembang ganda (makuta berlapis) anu bodas konéng, oranyeu ka beureum poék atawa jambon.[1] Kembang sapatu mangrupa salah sahiji kembang anu gampang kapanggih di sisi jalan. Tutuwuhan hias ieu ogé sering katénjo di antara jujukutan.

Di Sumatra jeung Malaysia, kembang ieu disebut bunga raya. Kembang ieu diresmikeun salaku kembang nasional dina tanggal 28 Juli 1960. Urang Jawa mah nyebutna kembang worawari.

Kembang jenis ieu boga 5 daun kelopak anu silih nutupan ku kelopak tambahan nu ngarana epicalyx. Ku ayana éta kelopak, ieu kembang katingalina kawas dua kelopak kembang. Mahkota kembang nu lobana aya dina 5 lambar atawa leuwih lamun kaasup jenis hibrida. Tangkai putik bentukna silinder panjang dikurilingan ku tangkai sari, nu mana ngandung bubuk serbuk sari. Salian ti nu disebutkeun, kembang ogé boga siki mung teu bijil ku sabab ayana di jero buah nu bentukna kapsul bilik lima.

Morpologi kembang sapatu bisa mekar nepi ka jangkungna 2 atawa 5 méter. Tapi anu biasa kapanggih ku urang di kebon mah nyaéta tutuwuhan nu sok dirapihkeun ngarah katempona éndah, ku kituna mekarna teu bisa maksimal, antukna ukuran kembang sapatu teu bisa tepi ka luhur pisan. Daun kembang sapatu bentukna ampir nyaruaan buleudna endog atawa bentukna lonjong. Ukuranna teu gedé teuing katambah bagéan tungtungna seukeut.[2] Kembang sapatu nu bentukna kawas tarompét, bisa dipelak tepi ka anakan ku cara disték, cangkok, atawa ditémpél.

Morpologi[3]

[édit | édit sumber]

Kembang sapatu boga sababaraha hiji ciri nu sacara morpologi bisa dijéntrékeun ditilik tina satuan basa gramatikal. Morpologi ieu kembang dumasar kana kumaha katempona seluk-beluk bentuk jeung pangaweruh dangdaunan sajaba ti bentuk tutuwuhan.[4]

  • Hibitus: mekar sataun lilana, mekar lurus, luhurna kurang leuwih tepi ka 3 méteran
  • Batang: bentukna buleud, heuras ngandung kai, diaméterna kurang leuwih 9 séntiméteran, batang ngorana warna ungu lamun geus kolot jadi bodas kotor.
  • Daun: bentukna daun tunggal jiga tarompét, ayana dina kélék daun, bentuk kelopakna kawas bél, warnana héjo semu kakonéng.
  • Mahkota kembang: loba daun mahkotana antara 15 tepi ka 20 daun, boga benang sari nu loba, boga tangkai sari warnana beureum, kepala sari warna konéng jeung putik beureum nu bentukna tabung.
  • Buah: ukurana leutik jeung bentuk lonjong manjang. Diaméterna kurang leuwih 4 miliméter. Lamun buahna ngora kénéh warna bodas, geus kolot robah jadi warna semu coklat.
  • Akar: kaasup kembang nu akarna tunggang warna coklat ngora.

Ciri-ciri[5]

[édit | édit sumber]
  • Boga daun nu bentukna buleud.
  • Warnana beureum burahay.
  • Aya kelopak jeung sababarahiji mahkota kembang nu lemes jeung tangkai putikna bijil kaluar mahkota.
  • Dina bagéan tungtung tangkai bodas jadi tempatna kelopak sari nu ngandung serbuk dari jeung siap mekarkeun penyerbukan pikeun ngahasilkeun bakal kembang.

Rupa-rupa warna[5]

[édit | édit sumber]
  • Beureum
  • Bodas
  • Beureum ngora
  • Konéng
  • Kombinasi 2 warna

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Kembang sapatu geus dimangpaatkeun jadi rupa-rupa tutuwuhan hias sabab ngabogaan rupa nu alus ti mimiti warna tepi ka bentuk. Kembang ieu dijadikeun paranti semir sapatu ogé jadi kembang sesembahan. Di Tiongkok, kembang nu warnana beureum dipaké jang ngawarnaan kadaharan. Ogé di Indonésia daun jeung kembangna dipaké dina rupa-rupa ubar tradisional. Kembang sapatu nu digaringkeun ku cara dipoé, bisa diinum kawas lamun nginum cai entéh.

Di nagara lain, misalna di Jepang, kembang sapatu dimangpaatkeun ngahias pager, nu pungsina ogé jadi tutuwuhan hias di sabudureun imah. Hususna di bagéan selatan Okoniawa, tutuwuhan ieu disebat Gushōnu hana (nyaéta kembang kahirupan saenggeusna maot). Ku kituna, ieu kembang loba dipelak di makam.[5] Mangpaat nu lain, aya dina kembang ieu, pikeun ngurangan panyakit batuk jeung sariawan anu kaasup gangguan kana kaséhatan.

Tumbu luar

[édit | édit sumber]
  1. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 120.  Disungsi4 Pébruari 2022
  2. "Bunga Sepatu - Taksonomi, Morfologi, Jenis, Manfaat & Cara Tanam". RimbaKita.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-05. 
  3. Wreta, Adelaide. "Morfologi Adalah: Pengertian, Proses, Jenis, dan Contoh". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-09. 
  4. "Bunga Sepatu - Morfologi, Ciri, Struktur, Bagian, Warna, dan Manfaatnya". Three Bouquets. Diakses tanggal 2023-02-09. 
  5. a b c "Bunga Sepatu - Taksonomi, Morfologi, Jenis, Manfaat & Cara Tanam". RimbaKita.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-05.