Lompat ke isi

Kim Ye-won

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kim Ye-won

Kim Ye-won (gumelar di Jolla-do, Koréa Kidul, 5 Desember 1989; umur 36 taun nyaéta saurang aktor sakaligus panyanyi asal Koréa Kidul.[1] Debutna jeung Jewelry di taun 2011 dina panangtayungan Star Empire.[2] Saagénsi jeung ZE:A, boyband nu anggotana salapan urang lalaki.[2] Sedengkeun Jewelry mah girlband anu ngawengku opat anggota.[2] Sok midang séksi, Kim Ye-won malah ngabéntangan iklan salah sahiji mérék raksukan jero awéwé nu kasohor.[2] Lian mibanda awak nu éndah, Ye-won ogé dipikawanoh salaku visual dina Jewelry lian salaku panyani sarta dancer.[2] Tapi, ayeuna mah sanggeus Jewelry dibubarkeun tanggal 7 Januari 2015, Kim Ye-won tetep aktif dina reality show sarta drama.[2] Ngaranna beuki mindeng diobrolkeun komona mah sanggeus Kim miluan acara We Got Married sarta jadi istri virtual Henry Lau mémber ti Super Junior M.[2]

Drama tipi

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Soompi.com, Actress Kim Ye Won Joins JYP Entertainment Archived 2015-08-25 di Wayback Machine, Diaksés 28 Agustus 2015.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 Kapanlagi.com, Profil Selebriti Kim Yewon, Diaksés 28 Agustus 2015.