Lompat ke isi

Kleopatra

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kleopatra VII Filopator
Ratu Kerajaan Wangsa Ptolemaios
Ngajabat 51 – 10 atau 12 Agustus 30 SM (21 tahun)
Dipiheulaan ku Ptolemaios XII Auletes
Dituluykeun ku Ptolemaios XV Kaisarion
Penguasa bersama Ptolemaios XII Auletes (s. 80–58 SM - 55–51 SM)
Ptolemaios XIII Teos Filopator (51–s. 47 SM)
Ptolemaios XIV (47 SM–44 SM)
Ptolemaios XV Kaisarion (44 SM – 30 SM)
Pasangan Ptolemaios XIII Teos Filopator
Ptolemaios XIV
Markus Antonius
Katurunan
Ptolemaios XV Filopator Filometor Kaisar, Kaisarion
Aleksandros Helios
Kleopatra Selene, Ratu Mauretania
Ptolemaios XVI Filadelfos
Ngaran lengkep
Kleopatra VII Tea Filopatora
Rama Ptolemaios XII Auletes

Kléopatra;(bahasa Yunani: Κλεοπᾰ́τρᾱ) nyaéta Ratu-ratu nu kasohor dina sajarah Mesir ti dinasti Ptolemia, carita-caritana dicatet henteu ngan wungkul dina hieroglif Mesir, tapi ogé dina sajarah Latin jeung Yunani.[1][2] Kléopatra mindeng dipaké pikeun ngagambarkeun hiji awéwé pinter, binangkit, tur ambisius, mibanda sumanget gedé pikeun ngarobah sarta ngaronjatkeun kaayaan nagara Mesir nu kungsi jadi nagara maju saméméhna.[1][2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Mangsa mimiti Ptolemeus maréntah, saurang ratu kudu tunduk kana sagala rupa paréntah salakina.[3][4] Tapi ka dieunakeun mangsa pamaréntahan kléopatra jeung Euergetes (145-116 SM) saurang ratu mibanda kakawasaan sarta pangaruh nu sarua jeung raja, malahan dina pamaréntahan Kléoparta nu panungtung mah, saurang Ratu mibanda pangaruh nu leuwih gedé tibatan salakina.[3][4]

Pangaruh ratu dina pamaréntahan mangsa dinasi Ptolemeus, geus ngarojong ayana pangaruh ka jalma séjén nepika sapangeusi nagara ayana pamikiran pamaréntahan nagara ku awewe.[3] Pamaréntahan Mesir mangsa harita katempo jadi mibanda sipat nu teu maruk/unik jeung karajaan-karajaan Helenistik, ku lantaran di Ptolemeus II ngayakeun parobahan mangsa Arsinoe leuwih ngamulyakeun nu jadi dulur awéwéna sarta ngapopulérkeun pamaréntahan jadi gaya sipil monarki.[3][4]

Sarua jeung Philip II sarta Alexander nu Agung, Ptolemeus mibanda sababaraha urang istri jeung selir : Antakama (urang Persia, taun 324), Thailand (urang Athéna, taun 323), Eurydike (urang Makedonia taun 321), sarta Berenike nu tayalian alona sorangan.[3] Henteu saurang ogé ti maranéha jadi pamingpin nu kumawasa di Ptolemy, sarta henteu mibanda pangaruh gedé sanajan jadi ratu.[3]

Tisababaraha Kléopatra nu paling jadi perhatian balaréa tayalian kléopatra VII, lain ngeunaan Ptolemeus nu paling suksés, atawa paling lila hirupna.[1] Tapi ngeunaan hiji kaputusan Ptolemeus nu hasil mangaruhan hiji kaputusan jeung tindakan dua jalma hébat di Roma.[1][2] Aya dina kajadian penting nalukeun Makedonia Alexander Agung (332) sarta nalukeun Oktavianus Romawi (30).[1][2]

  1. Kléopatra I: (Syria 176 SM) ; putri Antiokhus III jeung Laodice sarta istri Ptolemeus V Epifanes.[5] Mangsa Epifanes tilar dunya dina 180 SM manéhna jadi keur budakna nu cikal, Ptolemeus VI tilar dunya opat taun ti haritakalawan meunang gelar Philometor.[3][5] Raja Ptolemeus tilar dunya taun 204/5, ngabalukarkeu karajaan ngarandapan kakurangan jalma nu baris ngariksa kaamanan nagara.[3] Harita Ptolemy V Epiphanes umurna masih kénéh lima taun, pikeun saheulaanan pamaréntahan dijalankeun giliran ku tilu abdi dalem tayalian : Agathokles, Tlepolemos, sarta Aristomenes.[3] Dina mangsa kapamingpinan maranéhna karajaan Ptolemeus ngarandapan kaayaan werit jeung bahaya, Filipus V ti Makedonia ngarebut Samos jeung kota-kota séjén di sabudeureun laut Aegéa atawa sabudeureun basisir Thracia.[3] Ptolemeus V tilar dunya taun 180 ninggalkeun tilu urang anakna, ngan hanjakal Ptolemeus henteu mibanda adi lalaki nu satuluyna kakawasaan pindah ka Kléopatra nu ngan hiji-hijina nu geus dewasa ti kulawarga Ptolemeus.[3]
  2. Kléopatra II (116 SM); putri kléopatra I jeung Ptolemy V Philometor.[3][5][5]
  3. Kléopatra III; salah saurang ratu nu paling kumawasa, ti putri Ptolemeus VI dan Cléopatra II.[6] Rimbitan jeung Ptolemeus VIII Euergetes II dina taun 140/139 SM.[5] Salila hirupna ngarandapan pacéngkadan jeung nu jadi indungna, hirup bareng jeung indungna nu tayalian istri ti pamanna ogé.[5]
  4. Kléopatra IV ; Ptolemy XI Alexander II
  5. Kléopatra V Selene ; Ptolemeus IX Alexander 1 , gumelar ti saurang indung nu teu kanyahoan asal usulna, tayalian saurang nu tara kungsi dicaritakeun rundayan kulawargana.[1] Sanajan kitu gampang waé pikeun neguh rundayan kulawargana, Anakna nu ngan hiji-hijina kanyahoan tayalian Berenice IV.[1] Ieu ngébréhkeun yén Kléopatra rimbitan jeung Auletes ku alatan kitu manéhna kudu kapeto jadi permasuari/ratu Mesir, ku lantaran ieu kalungguhan kawilang penting,religius, sarta pulitis dibutuhkeun hiji awéwé nu mibanda kadudukan sosial sampurna.[1]
  6. Kléopatra VI
  7. Kléopatra VII (69-30 SM); Kléopatra panungtung sarta paling kakoncara ti dinasti Ptolemeus di Mesir, tayalian putrina Ptolemeus XII (Aulestes) nu pinter masamoan sarta mempresentasikan diri gumantung saha nu disanghareupan atawa audiénsnya, bisa jadi saurang dewi, pipinan pulitik, atawa hiji putri geulis nu matak poho nu nempo tur eksotic.[4][5] Kléopatra VII saurang diplomat ulung, administrator, komandan angkatan laut, ahli basa, kalawan parigel ngokolakeun karajaan.[7] Ieu ngabalukarkeun beuki anggang hubungan pulitik malahan beuki goréng jeung urang Romawi.[7] Sanajan dina panungtungana manéhna éleh, éta henteu matak ngurangan pamor sarta pangaruhna.[4][7][8] Pamustungan tina gurat kulawarga ieu tayalian Klepatra VIII, rimbitan jeung Markus Antonius nu ngahadiahkeun daérah Palestina ka Kléopatra.[9]

Carita ngeunaan Cléopatra leuwih kasohor tibatan sajarahna, Kaparigelana dina ngawangun sarta ngajaga hubungan jeung jalma-jalma nu mibanda kakawasaan nempatkeun Kléopatra jadi saurang awéwé nu dipikasérab.[4] Kléopatra ogé disebut ahli dina widang ngaluis, ngurus awak, buuk sarta ngagunakeun kosmetik, geus ngajadikeun Kléopatra hiji perlambang atawa simbol kaméwahan karajaan Mesir.[4] Ieu sipat antagonisna dijadikeun hiji sanjata pikeun ngalawan musuhna, malahan saurang penyair Romawi nyebutkeun cenah Kléopatra saurang monster sarta awéwé jahat.[4]

Dicutatina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Tyldesley, Joyce (2011). Cleopatra: Last Queen of Egypt. Toronto Buffalo London: Profile Books. ISBN 9781847650443. 
  2. a b c d Sommer Browning, Ron Miller (2008). CleopatraAncient World Leaders. Toronto Buffalo London: Arthur Meier Schlesinger. ISBN 9780791095829. 
  3. a b c d e f g h i j k l Hazzard, R. A. (2000). Imagination of a Monarchy: Studies in Ptolemaic PropagandaVolume 37 dari Phoenix : journal of the Classical association of Canada, Supplementary volumeVolume 37 dari Phoenix Pre-SocratesVolume 37 dari Phoenix: Supplementary volume. Toronto Buffalo London: University of Toronto Press. ISBN 9780802043139. 
  4. a b c d e f g h J. Jones, Prudence (2006). Cleopatra: A SourcebookVolume 31 dari Oklahoma series in classical culture. Toronto Buffalo London: University of Oklahoma Press. ISBN 9780806137414. 
  5. a b c d e f g Simon Hornblower, Antony Spawforth, Esther Eidinow, Simon (2012). The Oxford Classical Dictionary. United Kingdom: OUP Oxford. ISBN 9780199545568. 
  6. Rowlandson, Roger S. Bagnall, Jane (1998). Women and Society in Greek and Roman Egypt: A SourcebookWomen and Society in Greek and Roman Egypt: A Sourcebook, Jane RowlandsonVolume 37 dari Phoenix : journal of the Classical association of Canada, Supplementary volumeVolume 37 dari Phoenix Pre-SocratesVolume 37 dari Phoenix: Supplementary volume. Toronto Buffalo London: Cambridge University Press. ISBN 9780521588157. 
  7. a b c W. Roller, Duane (2011). Cleopatra: A BiographyWomen in Antiquity. Toronto Buffalo London: Oxford University Press. ISBN 9780199829965. 
  8. Benjamin Saragih, Daniel (2017). Jenderal Yang Baik. Jakarta: Dag Heward-Mills. ISBN 9781641343015. 
  9. Browning, Brf (2008). Kamus Alkitab (hc). Jakarta: BPK Gunung Mulia. ISBN 9789796873937.