Paus (mamalia)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Lauk Paus)
Luncat ka: pituduh, sungsi
Cetacea[1]
Temporal range: Eosen awal - sekarang 55–0 Ma
Paus Bungkuk
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Mammalia
Infrakelas: Eutheria
Superorder: Laurasiatheria
Order: Artiodactyla
Suborder: Whippomorpha
Infraorder: Cetacea
Brisson, 1762
Parvordo

Mysticeti
Odontoceti
Archaeoceti (punah)

Diversity
Sekitar 88 spesies

Paus nyaéta mamalia tina ordo Cetacea, kaasup paus, pesut, jeung lumba-lumba. Ceuk istilah tradisional Sunda, paus nyaéta lauk nu kaasup panggedena ari potonganana béda jeung lauk-lauk anu ilaharna sok didahar ku jelema.[2]Sanajan disebut lauk, saenyana mah paus lain lauk, tapi mamalia.[3]

Lauk paus éta téh mahluk nu getihna panas anu barudakna henteu lahir ti endog tapina dilahirkeun dina kaayaan hirup.[3][2] Sarta orok lauk paus dibéré dahar ti susu indukna kawas mamalia leutik séjénna.[3] Tapi lauk paus, kawas kabéh mamalia anu hirup di cai, diturunkeun ti nini moyang anu hirup di darat.[3] Jadi maranéhanana kudu menyesuaikan diri sangkan bisa hirup di jero cai[3] Ieu hartosna yén salila jutaan taun geus lumangsung parobahan-parobahan nu tangtu di jero awak maranéhanana.[3] Ku kituna maranéhanana bisa hirup di jero cai.[3]

Alatan lauk paus henteu miboga insang tapi ambekanna ngaliwatan paru-paru maranéhanana, salah sahiji ti parobahan-parobahan anu pang pentingna aya hubunganana jeung pernapasan maranéhanana.[3] Baheula liang irung maranéhanana aya di luhur di bagian hareup sirah.[3] Terus ayeuna liang irung geus pindah ka tukang ka bagian luhur sirah.[3] Ayeuna mah lauk paus nyieun hiji atawa dua liang peniup pikeun mempermudah bernapas di permukaan cai.[3]

Di jero cai, liang irung ieu katutup ku katup-katup leutik, sarta saluran-saluran hawa papisah ti sungut.[3] Ku kituna, kaayaanana henteu ngabahayakeun lamun lauk paus éta kudu ngasupkeun cai kana paru-paru.[3]

Lauk paus biasana naék pikeun ambekan saban lima atawa sapuluh menit, tapi maranéhanana bisa tetep aya di cai salila tilu pér opat jam[3] Sabot ngahontal permukaan, maranéhanana niup heula, atawa ngaluarkeun hawa anu geus dipaké ti paru-paru[3] Dina waktu maranéhanana ngalakonan hal ieu, maranéhanana nyieun sora tarik anu bisa kadéngé dina jarak nu tangtu[3] Semburan ieu lain cai, tapi hawa anu geus dipaké, anu eusina saab cai. [3]

Maranéhanana niup sawatara kali nepi ka maranéhanana geus bener-bener ngaganti hawa di jero paru-paru maranéhanana, sarta saterusna maranéhanana neuleuman cai atawa ngaluarkeun sora.[3] Sawatara lauk paus neuleuman cai sajero 2000 kaki.[3] Sakapeung lauk paus anu badag, sabot ngaluarkeun sora, ngalungkeun buntut-buntut maranéhanana ka hawa, atawa ngajol kaluar ti cai.[3]


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Citakan:MSW3 Cetacea
  2. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
Nulis.jpg