Lubdhaka

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Lubdhaka (Siwaratrikalpa) nya éta kitab anu disanggi ku Mpu Tanakung dina ahir abad ka-15, ogé dina ahir jaman Majapahit. Sanggian Mpu Tanakung nu lian nya éta Wrettasancaya. Eusi singgetna, aya hiji paninggaran nu kapeutingan di leuweung. Pikeun ngajauhkeun manéh tina sakur sato nu galak, manéhna nyumput di luhur tangkal wilma. Ngarah teu kasaréan, sapeupeuting manéhna metikan dangdaunan, nepi ka maruragan kana luhureun patung Lingga, nu magrupa pamujaan Déwa Siwa. Ku kabeneran éta peuting téh mangrupa peutingna Déwa Siwa, keur yoga dina wangun nu lain.

Riwayat[édit | édit sumber]

Dina hiji sisi, manéhna kudu asup naraka da tukang maéhan sato, namung manéhna gé kudu asup sawarga da mihormat ka Déwa Siwa.[1] Sabada paéhna, Lubdhaka pada mangrebutkeun ku Déwa Yamadipati jeung Déwa Siwa, nu dimeunangkeun ku Déwa Siwa. Anu tungtungna Déwa Yamadipati ménta dihampura ka Déwa Siwa: “apan tuhu salah temen gati palik prabhu lumarani LubdhakatmakaI” (ku sabab abdi rumasa salah nyiksa roh Lubdhaka) (Wirama 34:7).

Di Bali naskah Lubdhaka miboga harti ma’na anu has, dipiéling dina sasih ka tujuh taun Caka (museur dina Januari-Fébruari), dipikawonoh ogé ku poé Siwaratri (malam Siwa). Numutkeun sababaraha sumber, Lubdhaka gé dipikawanoh dina sastra Barat, saurang paninggaran nu ngaranna Béri, ku sabab kapeutingan tuluy térékél naék kana tangkal cuola (wilwa), metikan jeung muragkeun daun kana luhureun Zuivelingga (Siwalingga),[1] nepi ka manéhna meunang anugerah ti ixora (Iswara).

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia 2000 Istilah Biografi Karya Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. p. 425. ISBN 9786022297437.