Lompat ke isi

Paninggaran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Paninggaran ngagandong hasil moro

Paninggaran; tukang moro nyaéta hiji pakasaban atawa profési kana moro sasatoan liar maké pakarang bedil atawa panah . [1][2][3] Sato anu diborona tayalian sato liar di leuweung kayaning manuk, uncal, mencek, jeung réa-réa deui. [3] Kiwari paninggaran geus mangrupa hiji kagiatan nyalurkeun pangaresep, anu saméméhna jadi hiji pakasaban pikeun nedunan pangabutuh sapopoé.

Paninggaran geus aya ti baheula kénéh, keur jaman kolonial Walanda saurang paninggaran anu asup ka leuweung kudu meunang ijin heula ti résidén jeung pangawas leuweung di éta tempat. Jadi henteu sagawayah jalma bisa kaluar asup leuweung, komo mangsa dijajah ku Jepang asup ka leuweung téh malah beuki hésé baé. [4]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Eka Purnomosidi, Bambang (2020). Pun boncel : transliterasi cerita beraksara hanacara dan catatan-catatannya. Jakarta: CV Jejak. pp. 23 – 40. ISBN 9786232474147.  Disungsi13 Maret 2021
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Jakarta: Frasa Lingua. p. 72. ISBN 9786026475275.  Disungsi13 Maret 2021
  3. a b Jan Grashuis, Gerhardus (1881). Soendanesche bloemlezing: fabelen, brieven en verhalen. Universitas Columbia: A.W. Sijthoff. p. 3. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi13 Maret 2021
  4. Indonesia, Departemen penerangan (1953). Daerah istimewa Jogjakarta. Jakarta: Kementerian Penerangan. p. 483.  Disungsi13 Maret 2021