Malin Kundang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Malin Kundang nyaeta hiji carita rahayat nu asalna ti propinsi Sumatra Barat, Indonesia. Legenda Malin Kundang nyaritakeun hiji budak nu doraka ka indungna, nu ku alatan eta manehna disupata jadi batu. Hiji wangun batu nu aya di basisir Air Manis, Padang, cenah mah mangrupakeun sesa kapal Malin Kundang.

Ringkesan Carita[édit | édit sumber]

Malin kundang kaasup hiji budak nu calakan tapi rada bangor. Manéhna mindeng ngudag-ngudag hayam tur neunggeulan éta hayam ku sapu. Hiji mangsa nalika Malin keur ngudag-ngudag hayam, manéhna tipantog kana batu tur leungeun kencana tatu keuna ku batu. Tatuna eta aya tapakan dina leungeunna tur teu bisa leungit

Ku alatan rasa karunya ka indungna nu tisusut tidungdung neangan napkah keur ngagedekeun manehna, Malin mutuskeun kudu indit ngumbara sangkan bisa beunghar sanggeusna engke balik deui ka kampungna.

Awalna mah indungna Malin Kundang téh kurang panuju, sabab salakina ogé teu balik-balik sanggeusna indit ka pangumbaraan téh, tapi kusabab Malin keukeuh peuteukeuh hayang indit ngumbara, nya antukna mah indungna ngidinan Malin indit numpang kapal hiji sodagar. Salila dina kapal, Malin Kundang loba diajar ngeunaan élmu balayar ku anak buah kapal nu geus boga pangalaman.

Di tengah perjalanan, ujug-ujug kapal nu ditumpakan ku Malin Kundang téh diserang ku begal. Sakabéh barang dagangan pada padagang nu aya dina kapal dirampas ku para begal. Malah mah, sabagéan gedé awak kapal jeung jalma-jalma nu aya dina kapal eta palastra dipaehan ku para begal. Untung Malin Kundang mah, bisa nyamuni dina hiji rohangan leutik nu katutupan kai nepi ka manéhna mah salamet, teu dipaéhan.

Malin Kundang ungklang-angkleung di tengah sagara, tepi ka kapalna terdampar di hiji basisir. Malin Kundang leumpang nuju ka désa anu pangdeukeutna ti basisir. Alatan singer sarta getol dina digawé, Malin junun jadi saurang anu beunghar. Manéhna ngabogaan loba kapal dagang, sarta manéhna nikah ka mojang geulis.

Warta Malin Kundang anu geus jadi beunghar sarta geus nikah tepi ka ka indungna. Hiji waktu, indung Malin anu nempo datangna kapal ka darmaga sarta manéhna yakin yén anu keur nangtung di kapal éta téh anakna Malin Kundang reujeung pamajikanana.

Indung Malin nuju ka arah kapal. Tapi nempo wanoja kolot anu maké pakéan leuseuh sarta kotor, Malin Kundang jadi ambek sanajan manéhna nyaho yén wanoja kolot éta téh indungna. Manéhna éra lamun hal ieu dipikanyaho ku pamajikanana sarta ogé anak buahna. Meunang tampikan kawas éta ti anakna indung Malin Kundang pohara ambek. Manéhna henteu nyangka anakna jadi anak doraka. Alatan kaambekna anu rongkah, indung Malin téh nyumpah anakna ambéh jadi batu.

Henteu sabaraha lila saterusna Malin Kundang indit deui balayar sarta di tengah lalampahan datang badai badag ngancurkeun kapal Malin Kundang. Sanggeus éta awak Malin Kundang lalaunan jadi jeger sarta jadi hiji batu karang. Nepi ka ayeuna Batu Malin Kundang mah masih bisa ditempo di hiji basisir ngaranna basisir Aia Manis, di kidul dayeuh Padang, Sumatra Kulon.

Rujukan[édit | édit sumber]

saya gak tahu bahasa nya