Manowa
| BUAH NONA | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Plantae |
| Divisi: | Tracheobionta |
| Kelas: | Magnoliopsida |
| Ordo: | Magnoliales |
| Kulawarga: | Annonaceae |
| Génus: | Annona |
| Spésiés: | Annona reticulata L. |
| Ngaran binomial | |
| Annona reticulata | |
Manowa; Nona; Annona reticulata nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Annonaceae mangrupa.[1] tangkal anu gancang tumuwuh, Jangkungna tiasa ngahontal 7 méter kalayan diameter tangkal dugi ka 30 cm.[2] Geus lila dibudidayakeun di Amérika Kidul pikeun diarah buahna, ieu tangkal geus teu bisa kapanggih di tempat liar.[2] Utamana dipelak di kebon di sababaraha daérah tropis pikeun diarah buahna anu tiasa didahar. [1] Dagingna, miboga rasana rada kurang, henteu ngeunah kawas anu séjén tina anggota ieu genus, janten henteu pati populer pisan di pasar lokal.[3]
Habitat jeung sebaran
[édit | édit sumber]Tutuwuhan merlukeun iklim tropis pikeun tumuwuh anu alus, tapi sanajan kitu bisa hirup dina iklim subtropis.[2] Ieu tutuwuhan teu bisa hirup lamun halodo, malahan mikaresep hirup dina taneuh jemlék sarta saeutik kahalimunan.[2] Utamana dina dataran taneuh anu perenahna dina 1.500 méter luhureun beungeut cai laut. [2]
Tangkal ieu bisa ka ala buahna dina 4 - 5 taun, tisaprak dipelak tina sikina.[2] Lamun dipiara kalawan hadé, bisa ngahasilkeun buah 34-45 kg unggal taun. [2]
Mangpaat ubar
[édit | édit sumber]Daunna lamun dituang tiasa ngalawan cacingeun, sareng pamakéan éksternal pikeun ngubaran bisul . [2] Kujalan dibebek heula nepika lembut, tuluy waé ditaplokeun kana mata bisul. [2]
Buah ngaran sareng kulitna mibanda tanin, éta dianggo pikeun ngubaran diaré sareng disentri.[2] Dina kasus parna, daun, jeung buah ngora digodong salila 5 menit dina saliter cai, pikeun nyieun ramuan ubar. [2]
Dicutattina tina
[édit | édit sumber]- 1 2 HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. hlm. 133. Disungsi14 Januari 2022 Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 Fren. "nona url =http://plantamor.com/species/info/annona/reticulata = Plantamor". ; ;
- ↑ Fren. = Plantamor "Annona reticulata". Diaksés tanggal 2022-01-16.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |