Marah Roesli
Marah Rusli bin Abu Bakar | |
---|---|
Gumelar | 7 Agustus 1889 Padang, Sumatra Kulon, Hindia Walanda |
Tilar dunya | 17 Januari 1968 (yuswa 78) Bandung, Jawa Kulon, Indonésia |
Pagawéan | Sastrawan, Dokter sato |
Marah Roesli (éjahan anyar: Marah Rusli) ngaranna dipikawanoh minangka Marah Rusli bin Abu Bakar (gumelar di Padang, Sumatra Kulon, 7 Agustus 1889 – tilar dunya di Bandung, Jawa Kulon, 17 Januari 1968 dina umur 78 taun)[1][2] nyaéta sastrawan Indonésia angkatan Balé Pustaka.[1] Anjeunna kasohor ku karyana nu judulna Siti Nurbaya.[1]
Pakasaban
[édit | édit sumber]Sanajan leuwih kawentar minangka sastrawan, Marah Rusli sabenerna mah dokter sato.[1] Teu siga Taufiq Ismail jeung Asrul Sani anu ninggalkeun propésina minangka dokter sato ku sabab milih jadi panyair, Marah Rusli tetep ngaleukeunan propésina nepi ka pangsiun.[1]
Anjeunna pernah dines minangka dokter sato di Nusa Tenggara (1915–1922); di Semarang (1923–1945); di Solo jeung Klatén (1946–1949); saterusna pangsiun dina taun 1951.[1] Anjeunna saterusna digawé deui di Pusat Pendidikan Peternakan Bogor nepi ka taun 1960 sarta tilar dunya di Bogor dina tanggal 17 Januari 1968.[1]
Dunya Sastra
[édit | édit sumber]Resepna kana sastra geus tumuwuh ti keur leutik kénéh.[1] Anjeunna pohara bungahna mun ngadéngékeun carita ti tukang kaba, tukang dongéng di Sumatra Kulon anu nguruling pilemburan ngajual caritana, jeung maca buku-buku sastra.[1] Dina sastra Indonésia, Marah Rusli kacatet minangka pangarang roman munggaran jeung dibéré gelar ku H.B. Jassin minangka Bapa Roman Modérn Indonésia.[1] Saméméh bijil wangun roman di Indonésia wangun prosa anu ilaharna dipaké nyaéta hikayat.[1]
Siti Nurbaya
[édit | édit sumber]Marah Rusli mibanda atikan nu luhur.[1] Buku-buku bacaanana loba nu asalna ti Kulon anu ngagambarkeun kamajuan jaman.[1] Anjeunna tuluy ngilik yén adat anu ngalingkungan teu saluyu deui jeung ronjatan jaman.[1] Hal ieu ngabijilkeun lalawanan dina haténa anu dituangkeun kana karyana, nyaéta Siti Nurbaya.[1] Anjeunna hayang ngaleupaskeun masarakatna tila adat anu angger teu méré kasempetan kanu ngora pikeun ngedalkeun ébréhanna atawa kahayangna.[1] Dina Siti Nurbaya, geus diteundeun landasan pamikiran anu nojo kana émansipasi awéwé.[1] Carita ieu ngabalukarkeun awéwé mimiti mikirkeun hak-hakna.[1]
Lian Siti Nurbaya, Marah Rusli nulis ogé babaraha roman séjénna.[1] Tapi, nu pangonjoyna mah nya Siti Nurbaya ieu.[1] Roman ieu meunang hadiah taunan dina widang sastra ti Pamaréntah Républik Indonésia dina taun 1969 sarta ditarjamahkeun kana basa Rusia.[1]