Lompat ke isi

Mojang Priangan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Mojang Priangan nyaéta sebutan keur wanoja nu can kawin atawa wanoja nu parawan kénéh.[1] Priangan atawa kota Bandung ti baheula dipikawanoh ku kageulisan, kaéndahan, sarta kasoméahan para wanojana.[1] Mojang Bandung baheula mah papakéanana kaén batik jeung kabaya sarta disendal kai nu keuneungna jangkung maké ukiran rupa-rupa hiasan nu dicet warnana méncrang. Sendal kai nu rupa-rupa hiasan ieu dingaranan Kelom Geulis.[1] Lamun leuleumpangan teu poho maké payung tina bahan kertas jieunan Tasikmalaya nu biasa disebut Payung Geulis.[1] Ayeuna kelom geulis geus bisa disebutkeun leungit fungsina minangka alas dampal suku, tapi geus leuwih kana karya seni barang hiasan atawa cenderamata wungkul.[1] Sedengkeun payung kertas nu dicet warna-warni ayeuna ngan mangrupa alat panglengkep dina acara sérémonial wungkul.[1] Payung kertas ayeuna ngan dijieun dina industri rumah tangga basajan.[1] Salian dipikawanoh ku geulisna, Mojang Bandung ogé pinter jeung dina mangsa harita maranéhna geus boga pandangan jauh ka hareup.[1] Para mojang kelompok ieu umumna pernah ngarasakeun pendidikan di sakola pikeun warga Walanda sabab status kaningratan atawa status sosial jeung kalungguhan kolotna.[1] Sababaraha tokoh wanoja Bandung nu pinter, kawentar, jeung boga pandangan maju salian ti Dewi Sartika, di antarana aya Sitianah, jeung Sitiaman Harahap nu ngadegkeun média cétak Istri Mardika (1923) sarta jadi pupuhu organisasi wanoja Putri Indonésia (1929) jeung Putri Sedar (1930), Ny.Ong Pik Hwa nu ngadegkeun média cétak Fu Len, Ny.S.Djamal Ali nu ngadegkeun média cétak Puspa Wanita (1954).[1] Dina widang organisasi wanoja di Bandung nu dipikawanoh di antarana Ny.R.A.Ramlan Tirtohoesoedo, Ny.Siti Kadariah Kunto, jeung Ny.Soenarjo, tiluanana nu jadi pangurus organisasi wanoja Wanita Sedjati (1921) nu jadi hiji-hijina utusan organisasi wanoja ti Bandung ka Kongres Perempuan Indonésia di Yogyakarta tanggal 22 Desember 1928 (ieu tanggal tuluy ditetepkeun minangka Poé Indung Nasional.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k Katam Kartodiwirio,Sudarsono.2006.Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Halaman 379.