Nangsi
| Nangsi | |
|---|---|
| Boehmeria grandis | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Plantae |
| Divisi: | Trakeofit |
| Kelas: | Angiosperms |
| Ordo: | Eudikotil |
| Kulawarga: | Rosid |
| Génus: | Rosales |
| Spésiés: | Urticaceae |
| Ngaran binomial | |
| Boehmeria ramiflora | |
| Sinonim | |
|
Daptar
| |
Nangsi; Boehmeria pilosiuscula, nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Urticaceae.[1]Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup di wewengkon India, Sri Lanka, Sawaréh di Myanmar, Afrika tropis, Malaysia.[2] Hirup ngarungkun, jangkung 0.4-06 méter. [3] Altitud atawa lebah-lebah tempat hirupna, ti mimiti 300–1300(1500)m mdpl. [3]
Nangsi mikaresep tempat anu beueus, loba kapanggih hirup di sisi susukan, sisi rawa, sisi leuweung anu negrak tur beueus. [3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tutuwuhan nahun ajeg, ngarungkun, jangkung nepi ka 3 m; tangkal ± kandel, dahanna jarang, sakapeung katempo dahanna panjang. Daun pahareup-hareup, sakapeung sapasang heteromorfik, 15–30 x 7–15 cm. Buleud endog, sakapeung rubak pisan, aya ogé lonyod lanset; puncak acuminate sakapeung nepi ka buntutan; dasarna ngawangun hate, buleud atawa méncos; tungtung rérégéan 15–35 huntu tina sasisi; palebah luhur daun indumentum sarta mibanda buuk nu teu sarua panjangna, rada kaku, sakapeung botak, palebah daun handap indumentum tina bulu lemes leuwih papak panjangna. Cupat daun 2,5–15 cm. [3] inflorescence atawa kembang mibanda kelamin tunggal, bijil tina kélék daun pang luhurna, kembang jalu sessile, perianth nepika 2 mm. panjang, tetramerous, palebah tonggongna ngajendul. Kembang bikangna sessile, perianth nepika 3 mm. [3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. hlm. 79. Disungsi14 Januari 2022 Salah ngutip: Parameter dalam tag
<ref>tidak sah; - ↑ Royal Botanic, Garden (2011). Royal Botanic. Indonesia: KEW. hlm. -. ISBN -. Disungsi15 Januari 2022
- 1 2 3 4 5 flora, E (2011). flora. Indonesia: KEW. hlm. -. ISBN -. Archived 2023-06-14 di Wayback Machine Disungsi15 Januari 2022 Salah ngutip: Parameter dalam tag
<ref>tidak sah; Salah ngutip: Parameter dalam tag<ref>tidak sah; Salah ngutip: Tanda<ref>tidak sah; nama "”" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |