Noer Alie
Noer Alie | |
---|---|
Gumelar | Noer Alie 15 Juli 1914 Bekasi, Jawa Kulon, Hindia Walanda |
Tilar dunya | 29 Januari 1992 (yuswa 77) Bekasi, Jawa Kulon, Indonésia |
Kabangsaan | Indonésia |
Pagawéan | Ulama, Pulitikus |
Noer Alie (gumelar di Bekasi, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 15 Juli 1914 – tilar dunya di Bekasi, Jawa Kulon, Indonésia, 29 Januari 1992 dina umur 77 taun[1]) nyaéta salasaurang ulama anu dileler pahlawan nasional ku Keppres Nomor 085/TK/2006, Tanggal 3 Nopémber 2006.[rujukan?] Noer Alie masantrén di sabudeureun Bekasi jeung Kléndér, Jakarta Wétan.[1] Taun 1934, anjeunna indit munggah haji diteruskeun ku neuleuman élmu agama di Mekah salila 6 taun.[1] Nalika di Mekah, anjeunna ngadegkeun himpunan pelajar Batawi.[rujukan?] Mulang ti Mekah, Noer Alie ngadegkeun madrasah.[1] Nalika Rapat Ikada digelar 19 Séptémber 1945, Noer Alie ogé aya di tempat.[rujukan?] Nopémber 1945, Noer Alie ngawangun Laskar Rahayat pikeun berjuang mertahankeun kamerdékaan.[1]
Perjuangan
[édit | édit sumber]Laskar Rahayat anu geus diwangun ku anjeunna dilatih méntal jeung dasar-dasar kamiliteran ku Tentara Kaamanan Rahayat (TKR) Bekasi jeung Jatinegara.[1] Noer Alie dipundut pikeun ngalakonan lalawanan sacara ngagerilya.[1] Anjeunna diparéntahkeun pikeun ngagerilya di Jawa Kulon tanpa mamawa ngaran TNI .[1] Walanda nyangkana éta téh dilakukeun ku pasukan TNI komando Komandan Lukas Kustaryo anu émang ngagerilya di dinya.[2] di dinya K.H. Noer Ali meunang jujuluk "Singa Karawang-Bekasi".[2] Nalika lalawanan senjata eureun, dina taun 1949 K.H. Noer Alie milih bajuang di lapangan sipil.[1] Anjeunna dipundut mantuan Muhammad Natsir minangka anggota delegasi Républik Indonésia Sarikat di Indonésia dina konferensi Indonésia–Walanda.[1] Dina tanggal 17 Januari 1950 Panitia Amanat Rahayat ngahimpun kurang leuwih 25.000 rahayat Bekasi jeung Cikarang di Alun–Alun Bekasi.[2] K.H. Noer Alie bareng jeung Lukas Kustaryo nungtut pikeun ngarobah ngaran kabupatén Jatinegara jadi Kabupatén Bekasi.[2]
K.H. Noer Alie ogé jadi komandan batalyon Hisbullah Bekasi.[2] Ku wawanénna anu pohara, K.H. Noer Ali dipaparin jujuluk Si Belut Bodas jeung Singa Karawang-Bekasi katara dina Patempuran Sasak Kapuk.[rujukan?] Anjeunna ogé ngajalankeun perang psikologis ku masangkeun ratusan bandéra beureum bodas tina kertas di sapanjang Bekasi-Karawang.[2] Walanda tambah ambek ku sabab saméméhna geus mindeng meunang serangan ti pasukan TNI anu dipingpin Mayor Lukas Kastaryo.[2]
K.H. Noer Alie ogé ahli pulitisi anu hadé.[2] Anjeunna pernah kapilih jadi Puhu Komite Nasional Indonésia Daérah Cabang Babelan.[2] Dina tanggal 19 April 1950, anjeunna ngajabat Puhu Masyumi Cabang Jatinegara, ngaran Bekasi waktu harita. Anjeunna ogé kacatet minangka salaseurang panaratas bijilna Kabupatén Bekasi.[2] Dina widang sosial jeung atikan, K.H. Noer Alie ngawangun hiji organisasi ngaranna Pangwangunan Pangraksa jeung Pitulung Islam anu saterusna diganti jadi Yayasan Attaqwa.[2]
Karawang – Bekasi
[édit | édit sumber]Loba jalma nu mikawanoh puisi Karawang- Bekasi karyana Chairil Anwar.[rujukan?] Tapi lolobana mah teu apaleun kajadian anu ngalantarankeun Chairil Anwar nyipta éta puisi anu ngalégénda.[1] Margalantaran utama dijieunna puisi éta nyaéta kajadian patempuran dina tanggal 29 Nopémber 1945, antara pasukan K.H. Noer Alie jeung Sekutu (Inggris).[1] Nepi ka kiwari, ngaran K.H. Noer Alie émang can pati dipikawanoh ku sakumna masarakat Indonésia.[1]