Nyeri huntu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Huntu

Nyeri huntu nyaéta hiji kaayaan nyeri di jero atawa di sabudeureun huntu jeung gugusi. Tingkat parna karasana nyeri huntu téh rupa-rupa. Rasa nyeri huntu bisa karasa sapopoé jeput atawa nepi ka teu tangtu waktuna.[1] Nyeri huntu mimindengna karasa unggal geus barangdahar nu aramis.[1] Nyeri huntu dibalukarkeun ku rupa-rupa masalah nu aya dina huntu jeung gugusi, saperti karies huntu, gingivitis atawa panyakit gugusi, jsb.[1] Nyeri huntu gé mangrupa salah sahiji ciri panyakit jantung, saperti angina, ciri panyakit sinusitis. Nyeri huntu bisa ngabalukarkeun panyakit jantung, stroke, jangar (lieur sirah), jeung guling gasahan.[1]

Nu ngalantarankeun Nyeri Huntu[édit | édit sumber]

Rupa-rupa nu ngalantarankeun nyeri huntu téh di antarana:[1]

Radang Gugusi[édit | édit sumber]

Di jero huntu téh aya nu ngarana pulpa. Pulpa mangrupa lapisan pangjerona dina susunan huntu nu diwangun ku pembuluh darah jeung saraf sensitif. Nyeri huntu téh disababkeun ku radangna pulpa. Ieu radang dibalukarkeun ku mangrupa-rupa sabab ieu.[1]

  • Huntu nu ngaburukan (ieu kaayaan biasana dibalukarkeun ku huntu nu regas).
  • Numpukna nanah handapeun huntu nu disababkeun ku inpéksi bakteri (abses periapikal).
  • Ngariutna gugusi.
  • Huntu nu pungglakna teu beresih.
  • Tambalan huntu nu ruksak (dina huntu nu kungsi ditambal).

Akar huntu nu sénsitip[édit | édit sumber]

Nyeri huntu ogé dibalukarkeun ku akar huntu nu muka. Biasana akar huntuna leuwih handap tibatan akar huntu séjénna. Kayaan éta biasana disebut "resesi." Akar huntu nu muka biasana jadi leuwih sénsitip kanu kadaharan jeung inuman nu panas, tiis, jeung haseum lantaran akarna teu kahalangan ku gugusi jeung tulang nu séhat.[1]

Impaksi jeung érosi huntu[édit | édit sumber]

Nyeri huntu bisa ogé dibalukarkeun ku huntu anu jadi lain dina tempatna jeung handapeun gugusi. Kusabab éta, huntu nu aya disabudeureunna jadi radang jeung bareuh nu ngabalukarkeun rasa nyeri lamun nyapék. Pikeun ngubarana, biasana dibéré ubar antibiotik (pikeun inpéksi), jeung operasi pikeun ngangkat molar katilu (odontektomi).[1]

Teu saimbangna hormon[édit | édit sumber]

Teu saimbangna ormon téh biasana keuna ka wanoja. Teu saimbangna hormon ieu téh biasana kaalaman ku wanoja nepi ka 4 kali salila hirupna, nyaéta dina mangsa begér, menstruasi, menopause jeung lamun keur hamil.[2] Teu saimbangna hormon diwanoja ngakibatkeun rupa-rupa masalah kasehatan, diantarana saperti radang gugusi jeung jaringan periodontal. Jaringan gingival miboga loba reseptor estrogen nu bakal ngaréspon fluktuasi hormon. Hal ieu nu ngabalukarkeun wanoja leuwih mineng ngalaman nyeri huntu tibatan lalaki.[2]

Ubar Tradisional Nyeri Huntu[édit | édit sumber]

Aya mangrupa-rupa ubar tradisional keur nyeri huntu téh, diantarana saperti:[3]

Daun Inggu Garing[édit | édit sumber]

  • Bahan: Daun inggu garing (2-4 gram), cai (2 gelas).
  • Carana: Kulubkeun daun inggu garing dina 2 gelas cai nepi ka ngagolak. Saring caina mun geus tiis, tulus paké keur kukumur sababaraha kali.[3]

Minyak Batok Kalapa[édit | édit sumber]

  • Bahan: Batok kalapa nu geus dibeulah, Kapas sacukupna.
  • Cara ngubaranna: Duruk batok kalapa nepi ka kaluar minyakna, tuluy cocol minyak nu aya dina batokna make kapas, sanggeus éta cocolkeun ka huntu nu nyeri.[3]

Campuran Cai Panguluban Daun Seureuh jeung Cengkéh[édit | édit sumber]

  • Bahan: Daun seureuh jeung cengkéh.
  • cara ngubarana: Kulub daun seuruh jeung cengkéh, tuluy cai pangulubanana dipaké pikeun kukumur.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Aladokter. Pengertian Sakit Gigi Diaksés ping 27 Séptémber 2017.
  2. a b Perempuan Lebih Sering Sakit Gigi, Mitos atau Fakta?
  3. a b c d Sehat Natural. 30 Obat Sakit Gigi Tradisional Yang Paling Manjur gigi Diaksés ping 27 Séptémber 2017.
Nulis.jpg